Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 3)/Reuseup Teuing ka Pasar, atawa Murah tapi Mahal
Reuseup Teuing ka Pasar, atawa Murah tapi Mahal
“Nyi Piyut, Nyi Asminah, hayu urang ka Pasar Cibodas.”
“Hayu! Tapi kula henteu pisan boga keur jualkeun, cumah baé ka pasar ogé.”
“Ih, éta mah gampang, ngala daun cau atawa daun paru, lumayan jualeun, meunang sasén-séneun keur meuli uyah jeung tarasi.”
“Aéh, enya baé! Naha kula poho teuing.”
Éta Piyut jeung Asminah anu ngomong kitu pagawéanana jadi tukang metik téh di kontrakan téh waspada, jauhna ti pasar Cibodas kurang leuwih 6 pal. Ari anu ngajakan ka pasar téa ngarana Ambu Dekot pagawéanana nya tukang metik téh kénéh baé. Éta tiluanana kauntunganana meunang 20 atawa 30 sén dina sapoé tina buruhan metik téh, malah sakapeng mah sok rajeun leuwih ti sakitu, jeung deui dina deket pabrik pisan aya warung pěpěk pisan daganganana, sakabutuh manéhna mah cukup baé, saperti: tarasi, uyah, cabé, lauk, endog, sereh, gambir, apu, bako, deungeun ngopi, oncom jeung sajaba tidinya. Tapi maranéhna keukeuh hayang ka pasar baé, sabab di pasar mah meunang leuwih murah.
Piyut jeung Asminah sanggesna ngala daun cau jeung daun paru, tuluy nyisiran di minyak barina ngaganti papakéanana ku papakéan nu panghadéna.
Geus kitu tuluy arindit ka pasar téa, turun gunung unggah gunung nyorang lebak nyukang pasir, di jalan areureun heula, datangna ka pasar késangan luut léét, tina capé jeung tina panas.
Éta daun paru jeung daun cau téa gancang payuna, tapi henteu dijual saharga mistina ngan supaya geura kajual baé, tina geus berat mawa-mawa.
Tidinya manéhna tuluy ideur-ideuran di pasar, seselendep pagaliwut jeung jelema réa, payung Ambu Dekot mah datang ka sowéh kudapak ku nu nanggung awi, tina heurin taya keur nyingkah. Piyut jeung Asminah barang beli uyah tarasi jeung deungeun kéjo, Ambu Dekot tuluy ngajakan areureun sakedeng meli céndol tamba hanaang, tidinya tuluy baralik baé.
Di jalan keur balik manéhna areureun deui di warung, bari meli cikopi dilalawuhan ku ketan jeung goréngan. Geus ngaso taruluy indit deui, datang ka imahna geus sarepna serta carapéeun pisan.
Isukna éta tilu awéwé papanggih jeung nu ngarang ieu carita di kebon téh keur metik, ditanya kamana sapoé kamari nyanyaba, peta euweuh datang metik, wangsulna barang beli jeung jujualan ka pasar-pasar, sakumaha nu geus dicaritakeun di luhur.
Kula jeung éta tilu awéwé papanjangan ngomong, nepi kana nyaritakeun untung rugina ka pasar, ku kula tuluy diitung, saperti di handap ieu:
| Rugina: | |
| 1 poé henteu metik, sakurang-kurangna meunang 20 sén, jadi tiluan | ƒ 0.60 |
| Di pasar měli céndol | ƒ 0.06 |
| meuli cikopi jeung deungeuna basa eureun di warung téa | ƒ 0.04 |
| Dua welas pal leumpang jeung potong hiji payung kadupak awi téa, éta mah henteu diitung, jadi jumlah rugina | ƒ 0.70 |
| Untungna: | |
| Sabalikna aya ogé untungna, sabab uyah tarasi jeung lauk dibelina leuwih murah tibatan harga di warung deket pabrik téa, katincak kabéh leuwihna murah ngan kacék | ƒ 0.08 |
| Jadi tungtungna mah peta katincak rugi gedé pisan, sabab miceun pikauntunganeun nu ƒ 0,70 téa, jadi katincak rugina | ƒ 0.62 |
atawa kurang leuwih 20 sén dina hiji jelema.
Sanggeus dipangitungkeun kitu ku kula, maranéhna sareseurian baé, rumasa yén saenya-enyana mah leuwih murah barang beli di warung nu deket baé.
Leureus kitu na mah, pokna Ambu Dekot, tapi naha atuh tukang warung téh mana mahal-mahal teuing ngajualna? wangsulan kula: éÉta mah meureun baé mahal saeutik mah, sabab coba pikir, manéh tadi geus miceun 62 sén ku bawaning hayang boga untung 8 sén, ari nu dagang nya meureun kitu deui baé nyiar kauntungan, tapi ari nu dagang mah teu cara manéh gedéna keur ongkosna, ieu mah ongkosna ngadatangkeun ti pasar katincak henteu sakumaha gedéna, sabab tina réa bebelianana jadi ongkosna silisimbutan. Tapi sakitu deui ngajualna tukang warung tangtu tambah ti harga di pasar, sabab ongkos-ongkosna kudu kagantian deui jeung lamun geus liput ongkos-ongkosna manéhna kudu meunang bati, da euweuh deui kahirupanana ngan tina ngumpulkeun jeung nungguan unggal-unggal poé éta barang daganganana, jadi kusabab éta pan teu kacida manéh na boga untung saeutik-eutikeun keur hakaneunana.
Sumuhun pisan, wangsulna Asminah, tapi kumaha lamun gedé teuing pangméntana tukang warung? Ari kamahalan jeung kagedéan teuing mah pangméntana, nya bener pisan manéh ka pasar baé, tapi sakitu deui leuwih hadé manéh montong babarengan saréréa leumpang ka pasar, hadé salasaurang baé, anggur pada mihapé kadinya baé lamun rék barang beli, heug pada méré pibekelenana, éta tangtu leuwih murah batan manéh kabéh Ambu Dekot, Asminah, jeung Piyut laleumpang ka pasar, saperkara bekelna tangtu kurang, kaduna henteu kudu kabéh ninggalkeun pagawéanana nu jadi kauntungan manéh.
Aya nini-nini anu ngadéngékeun ieu omong kula, manéhna tuluy ngomong: “Wo..leureus pisan, salahir gamparan,” ngomong deui hiji lanjang anu rada gindi: “Tapi kuring téh ulah ka pasar? Ku reuseup pisan ari kapasar téh”.
Wangsullan kula: “Hadé pisan ari ka pasar téa mah, ngan ulah remen teuing baé, ulah kapasar teu puguh nu dimaksud ngan hayang némbongkeun papakéan jeung kagelisan baé, éta lamun kitu tangtu euweuh hasilna, anggur matak jadi gogoda jeung jadi karugian.
Upama manéh rék meli papakéan atawa séjén barang nu perlu dibeli ku manéh, ninggalkeun pagawéan ogé henteu matak jadi karugian ka manéh, éta mah séjén perkara, hadé pisan manéh ka pasar, ngan ulah cara nu loba baé bawaning geus jadi kangeunahan nyata ka pasar geus teu aya poé pasar nu kaliwat datang ka saminggu dua tilu kali ulin ka pasar, bari jujualan, harga sasén dua sén kauntunganana sén-sénan baé, ari karugianana puluh-puluh sén, sabab ninggalkeun pagawéan di lembur atawa di kebon, éta lamun kitu rasa urang mah murah jadi mahal.
Éta nu disebut di luhur bieu keun ogé ka urang kampung jeung ka juru tani.
Masing kapikir yén jelema henteu bisa nyabak dua tilu pagawéan, nya jadi padagang nya jadi juru tani, panday, baskai, tukang cét, tukang ngabatik, tukang ninun, tukang genténg, éta henteu meunang dicabak ku hiji jelema baé.
Nu matak gancang payuna ogé, ku sabab hiji-hiji pagawéan aya bakuna, henteu bisa saréréa, tina sabab digawé éta baé tangtu leuwih hadé leuwih paham tibatan anu lulumayanan baé. Lamun dicabak kabéh ku hiji jelema tangtu moal aya nu cucud salah sahiji.
Ka lampahna nu padagang henteu bisa tatanén, nu tani henteu bisa jadi padagang, babari pisan kabelejog tina henteu nyaho dina aturanana.
Ku perkara éta ulah hawek, batur ogé kudu boga kahirupan jeung kauntungan sakadarna. Upama kauntunganana kagedéan teuing tangtu réa nu nurutan, jadi réa musuhna, hargana barang atawa pagawéan ogé meureun jadi murah jadi deui saharga meujeuhna.
Jadi ana kitu ulah aya pasar? Ih teu umum ari nyarék ulah aya pasar mah, ngan ulah remen teuing poé pasar baé dina saminggu, éta ngan matak jadi gogoda ka urang kampung baé, heug baé remen teuing ninggalkeun pagawéan nu leuwih gedé mangpaatna, tina sabab reuseup ka pasar reuseup ulin jujualan teu puguh, jeung tina bawaning mumul barang gawé leuwih gedé gawéna, reuseup ramé-ramé baé ka pasar.
Kabéh ogé aya waktuna jeung ukuranana, kitu deui ramé-ramé jeung sukan-sukan, unggal jelema ogé hadé pisan supaya ngagerahkeun atina, tapi ulah unggal poé teuing jeung kudu aya waktuna jeung ukuranana.
Tah kitu maksud kula, meureun kaharti ku nu panjang pikir mah.