Jump to content

Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 3)/Paranti Nyingsieunan Manuk

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Mitra nu Tani (Jilid 3) > Paranti Nyingsieunan Manuk

Paranti Nyingsieunan Manuk

Dina surat kabar basa Walanda hal tatanen bulan Juli taun 1875 kula manggihan conto kolécér buatan urang Amrika paranti nyingsieunan gagak dina kebon jagong, éta tangtu hadé pisan lamun dipaké di sawah atawa di huma.

Éta conto kolécér Amrika ku kula disurup surup kana kolécér didieu supaya babari diturutan ku juru tani urang dieu jeung ongkosna henteu gedé.

Ieu di handap gambarna conto kolécér beunang kula ngopahan téa:

Ti gigir
Hareupna

Ari nu dijieun éta kolécér kai nu hampang jeung awi, ngan kudu aya kaléng saeutik, ngan éta pisan pitambahenana ongkos téh.

Lumbrahna kolécér urang palintangna ngan 1 jadi 2 dauna, ari ieu palintangna 2 jadi 4 dauna, jeung deui dauna rada rubak katungtung.

Tina daun kana daun deui mentangkeun tali atawa kawat besi saperti dina gambarna, geus kitu nyokot kaléng laleutik nu weteuh kénéh jeung nu hérang, rubakna satampah atawa kurang digantél-gantélkeun kana éta tali.

Tidinya maké deui dua rok-rok kai diabuskeun kana ruwasna nu milu muntir téa, éta madukkan kana 2 kaléng nu aya di luhureunana.

Lamun aya angin kolécérna geus ngagoweng, rupana alus pisan, éta kaléng katojo ku panon poé gugurilapan buburinyayan jadi hiji baé, malah lamun keur teurang poéna kira kira dua pal ogé geus katémbong.

Éta ku manuk henteu kaharti naon gara-garana sakitu gugurilapanana, jadi kabéh pada sieuneun teu aya nu kadugaeun ngadeketan.

Éta rok-rok kai lamun henteu disina madukkan kana kaléng téa. hadé ogé sina kena kana genta kolotok atawa kana awi luhureunana supaya arina paadu harus sorana.

Upama dauna kolécér téa dicétak ku cét nu cékas saperti jingga, biru, bodas jeung konéng. Éta tangtu saperkara matak jadi hadé rupana, kaduana tangtu beki tambah matak hébat manuk baé meureun, jadi tambah sieuneun, beuki teu aya nu kadugaeun nyampěrkeun.

Kitu deui hadé pisan lamun aya nu nyieun kolécér leutik ku kaléng wungkul, tangtu mowal kurang kurang ngabaranyayna.

Kamari ieu kula ngarenge piwurukna hiji tuan hal ubarna supaya bubuwahan ulah dipalangan kalong, geuning ayeuna mah teu kari jambu, rambutan atawa manggah buwahan, ari tambana anéh pisan serta gampang.

Mimitina nyieun kurang rada gedé, tuluy eusian sowang sahiji ogé cukup, tidinya tuluy nyieun érétan kana tangkal bubuwahan téa saperti pangelatan titiran, ari soré kurung téh ditarik ka luhur.

Tina sabab sowang babari pisan héés jeung babari pisan hudang lamun ngadéngé kurusak kérésék, jadi kalong saméméhna enteup teu nyahoeun yén aya sowang, lamun na geus enteup, gorowok sowang téh disada ngadéngé kalong enteup, éta kalong kagéteun tuluy hiber deui, teu nyahoeun yén éta sora binatang, tina henteu tutur rerejeungan ti peuting dina tatangkalan rejeung sato kitu sorana.

Éta lain sakali ayeuna baé sowang ngemitan kana raja kaya jelema, sabab jaman baheula geus aya sowang anu nulungan bénténg, nu rék diteumpuh ku musuh ti peuting, ari soldaduna keur ngajaga kahéésan, musuh geus deukeut pisan kana bénténg, kadéngé ngaguruhna ku sowang, tuluy disada. Soldadu nu keur ngajaga téa harudang ngadéngngé sora sowang, ana hudang geus nyampak musuk rék méh kana bénténg, geuwat manéhna ngahudangkeun batur-baturna, musuh tacan kaburu naék geus kaboro ku soldadu soldadu dilawan tina bénténg, tuluy musuh mundur deui, nempuhna teu bisa laju.

Di nagara éta sowang kacida dipusti-pustina, tina sabab geus ngalepas nagara tina bilahi sakitu gedéna.

Henteu kacaritakeun cirigih heunteuna éta sowang, pédah geus nulungan ka nagara.