Jump to content

Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 3)/Parabot Ngiangkeun Barang

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Mitra nu Tani (Jilid 3) > Parabot Ngiangkeun Barang

Parabot Ngiangkeun Barang-Barang

Geus terang sadayana ogé yén lamun ongkosna ngiangkeun beubeunangan pakaya ka pasar atawa ka tempat pangjualan mahal kacida, éta tangtu nu boga moal sakumaha gedé batina, sabab kacéot ku ongkos miangkeun téa, malah sawaréh mah aya anu henteu kuat ngongkosanana, beubeunanganana pakaya teu kungsi bisa kajual sahargana nu patut.

Aya kénéh tempat nu murah harga paréna, beunang 5 atawa 6 rupia dina sacaéng, jeung aya nu boga paré leuwih ti cukup baris teudaeun pribadi hayang ngabancang, tapi susah kacida ngabancangna.

Ku naon nu matak susah? Teu aya deui sababna ngan sabab aya ogé tempat mahal paréna datang ka nikel 4,5 tina harga didinya, tapi mutuh ku goréng jalana taya petana beunang dijalanan ku roda atawa padati, ari ku kuli baé teu kira-kira mahal kulianana, bolo ampar aya batina anggur nyosot jero jadi rugi gedé, ti nimbang jeung dikulikeun mah anggur leuwih untung paréna dipiceun baé.

Kusabab éta geus terang yén nu sasawah nu loba paréna ku marga teu bisa ngiangkeun paréna ti tempat nu mahal jadi miceun pirang-pirang pikauntungeun, sabab supama teu kacida mahalna ku liyan mawana mah meureun pirang-pirang batina, manéhna bisa cukup dahar paké tina batina, malah bisa ogé meuli barang-barang kareuseup atawa perhiasan jeung jaba ti éta.

Éta nu kitu téh lain paré baé, najan pangasilan tanah jaba ti éta ogé nya kitu deui saperti suuk, bako, jagong jeung jaba ti éta, serta barang-barang nu kudu didatangkeun ti séjén tempat saperti barang-barang baris papakéan, bsi, tambaga, timah, uyah jeung saliyana, sabab mungguh nu ngajual éta barang-barang meureun ngitungna téh: sakieu modalna, sakieu ongkosna mawa, jadi kudu sakieu dijualna kakara aya batian, jadi lamun ongkosna mawa murah, meureun ngajualna ogé bisa murahan, samangsa ongkosna mawa gedé tangtu ngajualna kudu mahal, ngitung supaya gedé batina.

Jeung deui dina tempat nu teu aya jalan atawa aya ogé henteu hadé, sok taya geusan sili belian, jadi sagala perkara teu daékeun maju.

Geura lamun aya jalan hadé mah, lembur anu kaliwatan tangtu bisa sili belian sili tulungan jeung séjén kampung atawa jeung dayeuh, tangtu nu tani tambah untung, tina sabab réa nu meuli hasil pakayana, manéhna kapaksa kudu ngalegaan kebona, kitu deui nu dagang meureun bisa ngageuwatkeun ngajual barang heubeul, meuli deui nu anyar, tangtu nguntungkeun kaduanana nu dagang jeung nu tani, jadi beunang di silokakeun kujang dua pangadékna.

Ku perkara éta perlu kacida aya jalan hadé, sarua baé perluna jeung néangan akal baris parabot mawana barang, supaya ulah sagala-gala téh ngan digotongan dipanggulan ku jelema baé, kudu pisan néangan parabot supaya ngénténgkeun babawaan atawa supaya tanaga hiji jelema lamun ditanggul atawa dipanggul jadi tanaga opat lima jelema lamun ku parabot, hartina tanaga hiji jelema ku parabot lamun ditanggul meureun jadi tanaga opat atawa lima jelemaeun, supama aya nu bisa atawa ka pamaké sato momot atawa sato nu dipaké narik, éta leuwih hadé sumawona mun maké sato nu dipaké narik, sabab lamun jalana dijieuna rejeung ingetan jeung akal serta hadé piaraanana, tangtu sato nu dipaké narik tikel sababaraha kali babawaanana ti sato momot.

Kumaha jalan-jalan kampung pangréa-réana beunang disebut rejeung ingetan jeung akal dijieun? Jauh pisan kana beunang disebutkeun kitu téh, euweuh pisan diakalkeunana, lamun nyorang tanjakan atawa pudunan nu neteuk benerna mah dipalingpingkeun supaya ulah kacida teuing nanjakna atawa muduna, ieu mah lain kitu, ngan supaya leumpeung baé jeung supaya deket kajeun nanjak atawa mudun neteuk disorangkeun baé.

Pangrasana leuwih deket, tapi ana ditéang-téang mah sarua baé, ngan ari ieu malingping atawa malapah gedang nu matak siga jauh téh. Pirang-pirang miceunan tanaga supama jalan neteuk, lain cara jalan rada rata enya rada jauh gé, tapi ana disorang mah bareng baé datangna ka nu dijugjug malah rajeun heula nu jalan ka nu jauh tapi rata téa, tina sabab bisa gancang, kitu deui di jalan nu henteu pati nanjak turun bisa mawaan barang nu rada berat jeung bisa ngajalankeun roda atawa padati. Ari tungtungna mah kabuktian yén jalan nu disebutkeun pangjauhna jadi jalan pangdeketna.

Katambah-tambah sok réa jalan kampung atawa désa nu jeblog kabina-bina ari waktu ngijih, datang ka méh teu beunang diliwatan, ana kitu réa kampung atawa désa anu henteu miroséa kana kauntungan pribadi jeung réa nu ngabobodo manéh, sabab nu matak embung kaluar balanja atawa ongkos nyieun jalan hadé atawa ngahadéan jalan goréng ku bawaning embung rugi, tapi sateumena bawaning embung rugi saeutik jadi rugi gedé, sabab tina hasil pakayana henteu bisa kajual ka tempat séjén éta rugina tikel sapuluh, malah aya nu tikel saratus tina rugi ongkos nyieun jalan hadé.

Lumbrahna saruana baé, réa désa embung rugi nyieun jalan hadé atawa ngahadéan jalan goréng sabab kurang ragemna atawa sabab paréntah désa kajeunan teuing kana kauntungan saréréa, nyakitu deui mungguh jelema-jelema kurang pisan akalna néangan baris parabot mawa nu énténg saperti dosa, gilinding jeung nu sarua éta. Lain pisan éta roda téh kudu alus jeung kudu mahal, sabab di mana-mana nu euweuh atawa nu teu boga sato keur narikna nyieun baé roda leutik nu beunang ditarik ku jelema saurang baé, atawa nyieun kikiping jeung injek baé, éta tangtu ngaleungitkeun pirang-pirang kasusahan jeung karugian, supama ngunjal paré, kopi, suluh awi jeung jaba ti éta ku parabot bieu téa ditimbang jeung ditanggungan ku jelema baé.

Di apdéling Limbangan baé baréto lamun ngunjal suluh jeung awi nya cara dimana-mana, didegér ku jelema ti distrik-distrik ka pasar dayeuh, atuh sabaraha tanagana hiji jelema, nya babawaanana saeutik pisan.

Geus kitu abdi-abdi baroga ingetan nyarieunan padati jeung roda laleutik lain alus-alus rupana mah alabrag pisan ngan gedé kacida gawéna, ayeuna mah bawana jelema duaan sarua jeung bawana jelema sapuluh.

Kitu deui kopi ayeuna mah kalampahna di apdéling Limbangan ngunjalan ka gudang ku roda atawa ku padati leutik, malah sakapeng mah maké raraméan sajalan-jalan kawas nu kariyaan baé iring-iringan, tina reuseup, maké tatabehan jeung umbul-umbul, ramé kacida. Éta ogé kahareup mah tangtu tambah baé, sabab ayeuna jalan-jalan kampung geus haradé pisan serta geus dikeusik, laun-laun mah meureun aya roda nu ditarik ku kuda ngaliwat ka jero kampung, tangtu tambah énténg baé.

Urang dieu hadé pisan lamun nurutan gilinding di nagri Walanda, di Walanda mah saha-saha nu henteu boga sato keur narik roda, nyieun baé gilinding leutik ditarik atawa digusur ku jelema, hampang pisan, bawana hiji jelema gedé kacida, kamana-mendi téh ku gilinding baé.

Ieu di handap gambar contona éta gilinding:

Ieu di handap aya deui opat conto gilinding:

Éta gilinding babari diturutanana, moal ari lemes buatanana cara buatan pentah mah, tapi kajeun da henteu perlu alus supaya hasil baé, malah supama hésé nyieun roda maké anak-anak, ku kikiping ogé teu jadi naon-naon, sanajan goréng rupana geus tangtu pisan gedé-gadéna.

Coba tingalan lamun abdi-abdi pagawé nagara keur kacorok nyieun jalan, ngali pisolokaneun atawa nyieun tambakan situ, geuning aya sakitu matak keuheulna ngangkutanana batu atawa ngunjal taneuh, hiji jelema téh bawana ngan taneuh sakepel atawa batu sahiji atawa padi panggulan dina carangka leutik, coba lamun maké roda, gilinding atawa padati leutik mah sakumaha pitéréheunana anggeus pagawéan, kitu deui ari ngeusik jalan sabaraha balikan atawa sabaraha jalan anu kapiceun lamun maké roda atawa gilinding? Éta pirang-pirang ngénténgkeunana jeung ngaleungitkeun ongkos serta pagawéan.

Saréhna ayeuna keur ngomongkeun hal ngaleungitkeun ongkos jeung kasusahan sakalian urang ngomongkeun deui hal nyieun jalan, lamun heug dimana tempat nu teuas tina sabab taneuh cadas atawa taneuh réa batuna maké linggis jeung pacul linggis, sakumaha baé meureun pitéréheunana anggeus jeung piénténgeunana pagawéan.

Ieu contona:

Pirang-pirang kula nénjoan jalan nu goréng dijieuna sabab taneuhna teuas atawa taneuh cadas, kupacul urang dieu henteu teurak tina saeutik pisan besina gedéna mah bapakna kai baé, kitu deui nu bogana éta pacul kudu ati-ati pisan supaya paculna ulah rompang atawa potong.

Hal ieu ogé panteus kacida diingetkeun serta dipalikiran supaya tambah énténg, keur rasa kula lamun kapala-kapala nyuhunkeun pitulung amteunar-amteunar Éropa baris ngayakeun atawa ngadatangkeun dimana nu perlu jeung naon nu kurang parabot nu matak ngénténgkeun pagawéan, tangtu moal burung ditulungan, sabab lamun hadé parabotna tangtu tambah réa beubeunanganana pagawéan, jeung moal aya gawé teu kapaké atawa pagawéan kumapalang teu nepi ka anggeusna.

Ari ngayakeun parabot hadé téh saperti migawé pagawéan saparona.