Jump to content

Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 3)/Hal Suuk

From Wikimedia Incubator

Hal Suuk

Karangan Tuan Kéceun di Pakalongan.


Hal melak suuk eta di Pulo Jawa geus kalampahkeun melakna ti babaheula, sarta réa-réa tempat anu ngagedekeun melak, kauntunganana ka abdi-abdi gede kacida.

Ari kacang suuk kalampahna lilana 8 atawa 10 bulan tina mimiti dipelak neupi kana dikali, jadi eta ka asup kana pepelakan tataunan, tapi teu beunang di pake melak panyelang, tina lilana nepika beunang dikali.

Ari hadé jadina dina taneuh nu henteu kacida teuing likeutna, supaya buahna gampang ngagedéanana, dina taneuh lilin nu kacida liketna teu daékeun hadé[1], kusabab eta lumrahna di Jawa tara dipelak dina taneuh nu aré, karéaanana dina pagunungan jeung dina pasir-pasir nyaéta di huma-huma, aya ogé sawah hiji dua nu hadé dipelakan suuk saperti di Karesidénan Pakalongan, datang ka aya nu pot pisan kana paré, sawahna dipelakan suuk baé.

Pihaturan juru tani di Pakalongan kalampahna ngagarapna taneuh baris suuk saperti di handap ieu:

Mimitina taneuh téh diwuluku atawa dipacul dua atawa tilu kali, di bulan Séptémběr, Oktoběr atawa Nopémběr, dimana geus aya hujan dipelakan nyaéta diasek. Ari bibitna dina sabau 50 atawa 100 kati beunang milih nu hadé, sarta dilaanan heula cangkangna. Ari ngorédna ngan sakali pisan, jadi miarana henteu berat, henteu kudu dipiara sapopoé, kitu deui modalna bibit ngawulukuna jeung ngorédna henteu gedé, kumaha taneuhna jeung ngawulukuna baé. Lumrahna ongkos bibit ngawuluku jeung ngoréd ngan ƒ15,- atawa ƒ20,- dina sabau.

Ari waktuna mupu nyaéta musim katiga, mupuna cara kumeli baé dikali, taneuhna dikirabkeun suukna dipilihan ku barudak atawa ku awéwé dipisahkeun tina taneuh, buruhanana ngali jeung milihan 1/7, 1/6 atawa 1/5 tina beubeunanganana mupu, nurutkeun ka lampahna sateumpat-sateumpat baé.[2]

Beubeunanganana dina sabau lumrahna 15 atawa 20 pikul, diitung jeung cangkangna, tapi hal ieu teu beunang diitung ditangtukeun pisan, tina sabab kalampahna juru tani tara ngitung ku timbangan, sok ku taker baé nyaéta carangka, eusina henteu sarua aya nu 60 nepika 10 kati dina hiji taker.

Diséjén tempat saperti di Karawang jeung di Priangan ngitungna ku gantang, eusina dina hiji gantang 14 atawa 15 kati, ku perkara éta teu beunang diitung tangtu pisan kutimbangan.

Hargana kacang suuk béda-béda kumaha eusina minyak baé, nurutkeun asalna dipelak, kacang pagunungan henteu pati loba eusina minyak. Nu disebut pang hadéna beubeunangan ti sawah. Dimana waktu ngali sok dijual di kebon baé tina ƒ 2,50 nepi ka ƒ 4, — dina hiji pikul, tapi teu kungsi lila naék hargana, malah upama keur usum henteu ngali mah hargana datang ka nikěl.

Hasilna dina hiji bau beunang diitung rata ƒ50 —, atawa ƒ70 —, Éta téh sanggeus dicangkolong ongkos muruhan anu ngabantuan ngali, kitu deui taneuhna ku sabab waktu ngali kacida bulak balikna jadi riduh ogé, hadé pisanana dipelakan deui paré.[3]

Demi nu purah ngepak melian kacang suuk aya bakuna, nyaéta nu purah ngampa, aya Cina, aya urang Arab, aya urang pribumi baé. Kalampahna nu purah ngampa cicingna ngagunduk dina hiji lembur nu deket kana tempat kebon suuk, melina suuk dikebon baé, ngunjal ti kebon diongkosan ku nu meli.

Ngokolakeunana suuk lumrahna di tuhurkeun heula, geus kitu diteundeun dina sampak atawa dina kulit, tuluy di gebugan ku gegendir atawa ku iteuk, supaya bubuk cangkangna misah jeung sikina, tidinya sikina ditutupan sina jadi lembut pisan dina lulumpang, jeung tuluy diasupkeun kana karung, ti luhurna dibengkeut tuluy dikampa, minyakna nyakclakan ka handap, di handapna ditandéyan.

Ari nu dijieun kampa kai baé buatan urang pribumi, ngan hanjakalna ngajepitna henteu sarua, ti luhur kendor batan ti handap, jadi karungna kudu dibalik-balik datang katilu kali, jeung suukna kudu ditutupan deui jeung diseupan deui, supaya minyakna bijil kabéh, coba lamun manéh panggilingan baris nutuna jalana ku cai baé[4], éta murah kacida, tangtu moal réa teuing ongkosna.

Beubeunangan minyak ku kampa nu disebut di luhur kira-kira aya 20 atawa 25 per sén tina suuk belegeran kénéh, nyaéta diitung jeung cangkangna, atawa 30 per sén tina sikina, beratna cangkang suuk tuhur ⅓ ari sikina ⅔.

Di séjén tempat di Jawa geus aya Cina jeung urang Arab nu baroga pabrik suuk, ngalaanana cangkang ku panggilingan saperti panggilingan kopi, jeung pangampaanana leuwih hadé batan pangampaan nu kalampah didieu, malah di tanah Ciasem jeung Pamanukan geus aya pabrik minyak suuk cara aturan di Éropa.

Hampasna suuk nu dikampa téa dingaranan bungkil, éta ogé di jero bungkil réa kénéh minyakna tina sabab kurang hadé kampana, jadi eusina minyak henteu kabijilkeun kabéh.

Gawéna bungkil babakuna sok dipaké gemuk di kebon tiwu, jeung hargana nurutkeun eusina minyak baé, lamun réa kénéh minyakna hargana ogé tambah mahal, aya nu ƒ2,50 nepi ka ƒ5,50 dina hiji pikul, di Pulo Jawa pasisir kalér réa pisan nu dagang bungkil dijieun baku usaha.

Jaba dipaké gemuk bungkil téh sok dijieun oncom, petana nyieun mimitina digaley heula datang ka lembut pisan, tuluy diseupan geus kitu didaraykeun baé, nepi ka bulukan bareureum atawa barodas. Éta oncom jadi kauntungan gedé pisan tina kacida payuna, sumawona oncom Sumedang di Priangan kasohor pisan ngeunahna, réa nu ngahaja meli keur deungeun sangu.

Kajaba ti baris diarah buahna réa ogé réa nu melak kacang suuk ngan diarah dauna baé keur parab sato jualeun. di deket Dayeuh Pakalongan éta geus kalampahkeun pisan, unggal poé réa pisan nu lalar liwat ngajual daun suuk, dipaké parab kuda jeung sapi hadé kacida. Malah diwétan pisan, di Basuki, Prabalingga arah diarah buahna ngan wungkul diarah dauna baé.

Kusabab nu geus dicaritakeun di luhur tadi beunang disebut yén suuk gedé untungkeunana ka urang Pulo Jawa sumawona ayeuna Tuan Holě kagungan bibit suuk anyar beunang ngajaja miwarang ngadatangkeun ti Inggris, serta di Priangan geus dicoba dipelak hadé pisan jadina, malah ka séjén karesidénan geus ngintunkeun bibit éta suuk keur nyoba-nyoba.

Ku urang Priangan éta suuk anyar dipikareuseup kacida jeung disebutkeun leuwih hadé tibatan suuk heubeul, ari sababna:

  1. sabab di jero opat atawa lima bulan geus buahan jeung geus meunang dikali.
  2. Sabab leuwih réa beubeunanganana.
  3. Babari ngalana henteu jero teuing cara suuk heubeul.

Babakuna pisan téréhna beunang dikali jadi kauntungan gedé, sabab beunang dipaké pepelakan panyeulang di sawah atawa di huma, kitu deui tangtu katambah réa nu marelak suuk, sabab tina kacang suuk heubeul lila pisan datang ka 9 atawa 10 bulan nepi ka beunang hasilna, jadi henteu réa nu melak, ari juru tani urang dieu kareuseupna téréh beunang hasilna pěpelakanana, ieu mah ngan opat bulan kali mana geus kaala hasilna.

Hal melak jeung dagang kacang suuk nepi ka ayeuna tacan aya urang Éropa mecak-mecak, ngan urang pribumi Cina jeung urang Arab baé, sabab ku urang Éropa tacan katitén.

Kitu deui ngokolakeunana tacan aya nu ngagedékeun, ayeuna mah ku urang pribumi baé, parabotna ogé éstuning lulumayanan, mana beubeunanganana minyak kotor kacida.

Di sabelah kidul tanah Éropa geus réa nu melak suuk rejeung aturan, sarta ngokolakeunana ku parabot nu leuwih hadé, ti séjén-séjén nagara geus réa nu mawaan suuk ka Éropa dijual didinya, malah ka nagri Walanda nepi, didinya geus loba nu jual meli suuk.

Babakuna bangsana suuk nu sok ka tanah Éropa aya dua rupa: Suuk Indi jeung Suuk Aprika, katara dina rupana, daun jeung dina buahna. Suuk Indi sikina sahiji atawa dua, Suuk Aprika sikina datangka tilu opat, jeung leuwih berat serta leuwih gedé batan Suuk Indi. Dauna Suuk Indi héjo semu konéng ari Suuk Aprika héjo kolot.

Suuk Aprika lila pisan nepi ka buahanana leuwih lila batan Suuk Indi. Suuk Indi mah lamun dipelak dina taun baru, dina bula Oktoběr ogé geus kaala.

Ari suuk heubeul nu geus lumrah di Pulo Jawa éta kaasup kana bangsa Suuk Indi.

Kira-kira geus 100 taun aya nu mawa suuk ka Sěpanyol jeung kaparasman, éta ayeuna didinya geus réa pisan serta geus kaasup pepelakan pribumi, nyaliyara kamana mendi, tapi anu panghadéna didinya bangsa Suuk Indi tina téréh beunang dikali.

Di kidul wétan tanah Parasman minyak suuk geus kalampah pisan dipaké olah-olah serta remen dipaké nyampur minyak nu leuwih alus, kitu deui ku nu ahli élmu aci-aci urang Éropa geus dipariksa yén minyak suuk sarua jeung minyak amandel baé, serta hadé pisan dipaké sabun, dipaké sesengitan jeung dipaké minyak buuk. Éta mungguh urang dieu tangtu héran réhna didieu mah kotor jeung hideung rupana, kitu deui upama dipaké nyenget damar ambena bau pisan, éta enya bénér kitu, tapi di Éropa mah ngokolakeunana séjén deui leuwih hadé batan didieu.

Di Jawa mah saméméhna dikampa digalěy diseupan heula, keur panas kénéh tuluy dikampa, ari di Éropa ngampana diheulakeun keur atah kénéh, tidinya kakara diseupan, nepika dua kali geus kitu dikampa deui, éta minyakna ngeunah ngampa mimiti keur atah kénéh rupana hérang rada semu héjo serta bauna minyak cara bau suuk atah baé.

Beunang ngampa kadua kali sanggeus diseupan téa minyakna semu konéng jeung bau, minyak anu panghadéna serta nu beunang dipaké sabun panghadéna serta nu beunang dipaké sabun sesengitan jeung jaba ti éta nyaéta minyak beunang ngampa mimiti téa nu keur atah kénéh.[5]

Sanggeus ditanah Éropa aya pabrik suuk jeung minyak suuk geus payu, ti séjén-séjéna pulo babakuna ti bagian Aprika pada daratang marawa dagangan suuk ka Éropa, serta anyar-anyar ieu kacida pisan tambahna, di taun 1840 jumlahna kacang suuk nu datang ka Éropa ngan 1.210 kilo ari ayeuna geus leuwih 10.000 ton dina hiji taun.

Di tanah Parasman baé geus aya suuk nu datang di jero taun 1868 datang ka 75.411 ton, itung 1.000 kilogram dina 1 ton.

Di Roteurdam (Nagara Walanda) di jero taun 1870 geus aya suuk nu datang 1.800 ton éta kaluaran Aprika baé, di taun 1869 jumlahna harga suuk nu dijuwal diWalanda ƒ594,523.

Demi peta ngirimkeunana suuk ka nagara séjén kieu: Dina tempatna meli éta suuk dilaanan cangkangna heula, geus kitu tuluy dikarungan ku karung goni atawa ku samak, dina hiji karung eusina 50 kilogram, tidinya tuluy dimuatkeun ka kapal.

Ngalaan cangkangna maké panggilingan, aturanana cara panggilingan paranti ngokolakeun kopi turut aturan India Kulon, contona aya Di tanah Ciasem jeung Pamanukan.

Tah éta kitu kauntungan kacang suuk di séjén-séjén pulo, mungguh juru tani di Pulo Jawa panteus nurutan supaya suukna tambah hadé tambah gedé kauntunganana, nyaéta kudu ihtiyar néangan bibit nu leuwih hadé bangsana, ngadatangkeun ti séjén nagara, éta baé bibit suuk anyar kagungan Tuan Hole téa geus terang pisan yén hadé batan suuk heubeul.

Upama ngadatangkeun bibit ti séjén nagara nu jauh kudu jeung cangkangna baé ulah di pesék heula, sabab lamun geus dipesék tina lilana di jalan sok tara daékeun jadi. Kitu deui baris ngampana hadé nurutan aturan di Éropa, enya rada gedé ongkosna jeung bungkilna tangtu kurang hargana tina saeutik eusina minyak, tapi éta katimbang kulobana minyak beunang ngampa.

Muga-muga juru tani di Jawa tambah tambah rajin ngurus pakayana.

Sambungan, Lahiran Tuan Hole hal suuk waspada

[edit | edit source]

Baréto kula geus ngadatangkeun kacang suuk ti Inggris baris bibit di Pulo Jawa, kula kurang terangna asalna éta suuk ti Indi atawa di Aprika.

Ari bédana jeung suuk heubeul:

  1. Leuwih gancang beunangna dikali.
    Di jero 4,5 bulan geus kaala hasilna, ari suuk heubeul mah nepi ka 8,9 bulan kakara acan.
  2. Rada béda eusina, suuk heubeul eusina 3,4 siki, ari suuk waspada (éta kitu disebutna ku urang dieu) eusina ngan 2 siki.
  3. Babari pisan ngalana buahna, henteu jero cara suuk heubeul. Baris ngali suuk heubeul kalampahna buruhanana ¼ ka anu ngabantuan ngali, ari suuk waspada mah ngan ⅕ atawa ⅙ tina beubeunanganana.
  4. Leuwih réa beubeunanganana, datang ka leuwih 50 pěrsén tina suuk heubeul.
  5. Leuwih réa eusina minyak.

Didieu mah datang ka aya nu meunang 30 persén leuwih minyakna, malah kamari ieu aya juru tani nyarita ka kaula yén aya tukang ngampa geus nawar ka manéhna ƒ 4,– dina 1 gantang baseuh suuk waspada, ari suuk heubeul ngan aya nu nawar ƒ 3,– sagantangna, hiji gantang itung 100 pon.

Éta juru tani ngarangkep jeung jadi tukang ngampa, geus nyarita kakaula hal ongkosna dina 1 bau 500 tumbak pasagi saperti di handap ieu:


Suuk heubeul:

Ongkosna ngarap jeung miara f20,
Hasilna 35 gantang baseuh payu ƒ 3, – dina 1 gantang, jadi ƒ 105,–
Ongkosna ngali f26,25
Jumlah ongkos f46,25
|
Jumlah hasilna f105,
|
Jadi batina kira-kira f58,75
Ari dijieuna minyak dina 1 gantang jadi 8 botol, sabotolna payu 40 sén, jadi:
28gantang×8botol=208×0,40=f83,20 f83,20
Ongkosna ngokolakeun ƒ 0,25 dina hiji gantang jadi jumlah ƒ 6,50
Hiji gantang bungkilna 25 gebleg, harga 3 sén dina 1 gebleg f0,75×26= f19,50
Jumlah ongkosna ƒ 6,50, hasilna f102,70
|
Jadi sésa batina f96,20

Tangtu aya nu nyeubutkeun: Naha atu juru tani henteu ngokolakeun ku manéh baé, montong dijual ka batur suukna, hadé mangké baé ana geus jadi minyak, ari sakitu gedé kauntunganana mah.

Éta enya kitu, kaula ogé boga pikiran kitu, serta tuluy ditanyakeun kahiji juru tani kunaon sababna nu matak teu dikampa ku manéh baé? Ari walona: “Perkara ngampa hésé kacida, henteu sagala jelema bisa, sanajan diajar ogé.”

Lamun henteu bisa ngampana, éta baris kauntunganana nu ƒ58,– dina sabau téa, sok rajeun jadi karugian, ku sabab éta juru tani tara aya nu ngampa pribadi, sok dijarualan suukna baé.

Mungguh tuan-tuan nu kagungan kebon tiwu perlu pisan ngagugulukeun supaya tambah maju nu marelak suuk, tina sabab réa pisan gawéna, saperti bungkilna dipaké gemuk, dauna dipaké parab sato. Jadi lain baris kaungtungan abdi-abdi baé najan tuan-tuan ogé kabawa untung.

Sumawona kudu ngagedékeun melak kacang suuk anu téréh kaala hasilna, supaya beunang dipaké pamelak panyelang di sawah, jadi tambah-tambah untung. Lamun aya nu butuh ku binih kacang suuk waspada, kula sanggup nulungan asal digantian ongkosna baé.

Dina surat kabar geus dicaritakeun hak minyak suuk dijualna di Nagri Walanda di jero taun 1873, 1874, jeung 1875 saperti di handap ieu:

réana suuk nu datang ka nagri Walanda:

Di jero taun 1872 Aya 1870 Ton Suuk beunang mesék
1873 1284
1874 2830
30 Suuk tacan dipesék
1875 950 Suuk beunang mesék

Nu matak di jero taun 1875 saeutik pisan suuk nu datang ka Walanda, sabab saperkara taun éta harga minyak jeung gemuk di Éropa turun kacida, kaduana dienggona suuk nyaéta tanah Aprika katara jeung pagebug jeung cacaahan.

Pangréa-réana nu datang ti Nagara Kongo, tapi geus dua taun ieu réa ogé nu mawa ti tanah Aprika pasisir wétan ka tanah Éropa, éta jadi tanda pisan yén cari untung suuk ka Éropa gedé untungna, buktina sakitu jauhna ti Aprika ka Éropa sabraha ongkosna mawa, lamun teu aya untungna mah moal aya nu daékeun.

Disebutna dina surat kabar harga suuk beunang mesék:

Di taun 1873 Hargana ƒ 20,– Atawa ƒ 21 Dina 100 Kilo
" 1874 " ƒ 17,– " ƒ 21 ⅛ " 100 "
" 1875 " ƒ 16 ¾ " ƒ 18 ⅝ " 100 "

Ari di taun 1875 suuk anu tacan dipesék payu ƒ 12,– atawa ƒ 12 ¼ dina 100 kilo.


Hargana minyakna:

Di taun 1873 Hargana ƒ 39,– Atawa ƒ 46,– Dina 100 Kilo
" 1874 " ƒ 40,– " ƒ 42,– " 100 "
" 1875 " ƒ 41,– " ƒ 44,– " 100 "

Kumaha hadéna minyak baé.

Éta minyak kabéh dikampana di Walanda baé, aya ogé nu beunang ngapa di Aprika pisan, tapi éta mah ngan payu ƒ 32,– dina sapikul, tayoh sabab goréng ngampana, lain cara beunang di Walanda.

Supaya bisa nimbang hargana minyak suuk di Walanda ditandingkeun jeung minyak-minyak séjén, ieu di handap kula nyateutkeun surat kabar di taun 1875 saperti:

Minyak wijén ƒ 28,50 Dina 100 Kilo
Minyak siki lobak ƒ 32,– " 100 "
Minyak cangkangna buah palem ƒ 38,50 " 100 "
Minyak sikina palem éta ƒ 41,– " 100 "
Minyak suuk ƒ 42,– " 100 "
Minyak kalapa ti sélong ƒ 47,– " 100 "
Minyak kalapa kohin ƒ 51,– " 100 "

Éta geus nyata pisan yén jaba ti minyak kalapa euweuh nu ngungkulan ka minyak suuk mahalna di Éropa, ari di Jawa mah sok disebutkeun minyak kotor jeung goréng pisan, éta lain naon-naon sababna ngan sabab kurang hadé ngokolakeunana baé, henteu cara di Éropa.

Kanjeung tuan diréktur paparéntahan nagara geus ngadawuhkeun ka residén-residén di tanah Jawa jeung Madura supaya pada nyaroba melak suuk waspada, tina geus kadangu kauntunganana. Ieu di handap catetan panglaporna hiji-hiji residén ka tuan diréktur hal cobaan suuk waspada.

Ti Tuan Residén Batawi:

[edit | edit source]

Di Kota Batawi pisan di tempat karesidénan mecak melak suuk waspada leuleutikan baé, beubeunanganana di ampihan keur bibit pikahareupeun.

Di apdeling Tanggerang ngan sawaréh nu jadi lilana ti mimiti diasek nepika dikali 150 poé, beubeunanganana 300 siki, kaitung nikel 35 tina bibitna.

Diméstér ogé nyoba melak lilana 120 atawa 150 poé, beubeunanganana tikel 50 atawa 80 kali tina bibitna, serta sikina gedé pisan.

Ari di Bogor tanah Ciomas tacan dikali, réana nu dipelakeun 30 siki, rupana dauna sagalana henteu jauh ti kacang suuk heubeul, méh pahili baé. Di tanah Ciluar teu pisan jadi.

Ti Tuan Residén Karawang:

[edit | edit source]

Di Sindang Kasih nu dicoba dipelakeun 540 siki jadina 316 tangkal beubeunangana 22 ½ kati jeung cangkangna, ari dipelakna di tanggal 22 Désémber 1875, dikalina éta tanggal 1 jeung tanggal 20 Méi 1876, jadi lilana dipelak 130 atawa 150 poé. Ari beubeunanganana diampihkeun baé keur bibit.

Di Wanayasa melakna ditanggal 18 Désémber 75, ngalina tanggal 17 Méi 76, jadi jumlah 150 poé lilana. Bibitna 120 siki, anu jadi 64 siki, jadi tikel 25 kali.

Ti Tuan Residén Priangan:

[edit | edit source]

Di Bandung Kulon melakna di tanggal 27 Désémber 75, dialana ditanggal 23 April 76 jadi kurang leuwih 130 poé lilana dipelak, beubeunanganana 35 kati beunang mesék.

Didieu mah hadé kacida, sikina gararedé, ngalana henteu dikali tina déétna ngan dirabutan baé, ngabolonyon kabawa jeung buah-buahna, taya nu tinggaleun. Taneuhna henteu digemuk ngan jero maculna baé. Urang dieu geus apaleun pisan kana éta suuk, malah sok disebut suuk hola, sawaréh mah suuk kolah, meunangna bibit ti Garut.

Di distrik Cilokotot baé geus aya 154 bau nu dipelakan éta kacang suuk. Urang dieu kacida rareuseupeunana kana éta suuk.

Ti Tuan Residén Cirebon:

[edit | edit source]

Di kuningan jeung di Majalengka geus nyoba melak, hasilna nya untung ogé, kacida bédana ti suuk heubeul, tuan residén nyuhunkeun deui dikintunan bibit keur nambah cobaan.

Ti Tuan Residén Tegal:

[edit | edit source]

Di Tegal distrik Pangka jadi 11 tangkal buahna 1500 siki, jadi tikel 140 tina bibitna. di Brěběs jadina 16 tangkal, buahna 400 siki, jadi tikěl 25 tina bibitna.

Ari buahna leuwih batan suuk heubeul, eusina di jero 2 siki, réa ogé anu ngan hiji baé, tapi eusina minyak réa alah batan suuk heubeul, nyuhunkeun deui dikintunan bibit.

Ti Tuan Residén Pakalongan:

[edit | edit source]

Di Pakalongan melakna di tanggal 23 Désémber 1875 ngalana tanggal 29 Juni 76 jadi 184 poé lilana dipelakna, nu dipelakeun 5 siki nu jadi 4 tangkal, beunangna buah 229 jadi nikel 55.

Di distrik Bandar melakna tanggal 22 Désémber 75, mangsa harita tacan dikali.

Di Batang jeung di Kabumén lilana dipelak 150 poé nepi kabeunang diala. Di Batang mah hadé pisan jadina, betina henteu sakumaha jerona kana taneuh, lain cara suuk heubeul jeung eusina minyak leuwih loba. Kitu deui di Kabumén hadé jadina, eusina tara leuwih ti 2 siki, jeung sěmuna eusina minyak loba alah batan suuk heubeul, sikina leutik batan suuk heubeul. Leuwih 5 atawa 4 bulan gancangna suuk waspada beunangna dikali batan suuk heubeul, éta nu abdi-abdi dididnya disebut kauntungan gedé pisan, sabab beunang dipaké pamelak panyelang di sawah.

Ti Tuan Residén Samarang:

[edit | edit source]

Tina sabab kakara jeung cacaahan cobaan diieu karesidénan teu aya nu jadi.

Ti Tuan Residén Japara:

[edit | edit source]

Goréng jadina jeung kakara jangecrek teuing aya nu ngan 4 atawa 5 bulan ti mimiti diaseukeun nepi kana dikali, jadi beunang dipaké pamelak panyelang di sawah atawa di huma, nyuhunkeun deui binih keur nuluykeun cobaan.

Ti Tuan Residén Rembang:

[edit | edit source]

Di Blora lilana dipelak 150 atawa 180 poé, nu jadi 8 tangkal beunangna 2 kati, buahna napel kana akar ti gigir éta ari kacang suuk heubeul mah henteu kitu. Babari dikalina, malah di taneuh nu béar mah dirabutan baé. Dina taneuh keusik nu beureum buahna leuwih hadé tibatan dina tanah likeut. nyuhunkeun deui binih.

Ti Tuan Residén Kedu:

[edit | edit source]

Didieu mah henteu jadi.

Ti Tuan Residén Bagelén:

[edit | edit source]

Di Karanganyar nu dipelakeun 500 siki, beunangna kira kira 30 kati.

Di Distrik Karang Bolong jeung Cangkreb nu dipelakeun 144 siki, beunangna kira kira 2 kati.

Tina sabab hadé alah batan kacang heubeul, urang karesidénan Bagelén tangtu leuwih reuseup batan kana kacang suuk heubeul, bibitna ayeuna bakal dibagikeun ka abdi-abdi, supaya pada nyaroba. Cobaan di Kabumén, di Ledok jeung di Kutaarja gagal.

Ti Tuan Residén Banyumas:

[edit | edit source]

Di Banyumas melakna tanggal 20 Désémber 1875 dialana tanggal 1 Juni 1876 jadi 157 poé lilana dipelak. Nu dipelakeun 120 siki jadina 67 tangkal, beunangna 11 kati, lahana tilu kali dipaculna jerona sakati, ari carangna ngasekna 2 kati.

Di Banjarnagara melakna tanggal 7 Désémběr 1875, nepi ka beunang dikali 150 poé lilana, binihna 122 jadi 83 tangkal, beunangna 6 ½ pon Amsterdam, carangna ngasekna 3 kati. Piunjukna nu tani didinya cangkagna suuk waspada leuwih lemes batan suuk heubeul, serta geus katara yén éta suuk bakal réa nu reuseup tina réa-réa kauntunganana.

Di Purwakarta cobaanana teu jadi, sabab binihna dililakeun teuing diteundeuna.

Ti Tuan Residén Surakarta:

[edit | edit source]

Cobaan didieu geus renung jaradi, tapi teu lila tuluy paraéh deui.

Ti Tuan Residén Yogyakarta:

[edit | edit source]

Aya nu jadi hadé pisan, aya nu gagal ku sabab hama jeung katiga, ayeuna eukeur nyieun deui cobaan.

Ti Tuan Residén Kediri:

[edit | edit source]

Mimitina melak di Kediri tanggal 10 Désémběr 1876, dialana tanggal 14 Méi 1875, kaitung 155 poé lila nepi ka beunang dikali.

Binihna 17 siki jadina 17 tangkal, beunangna buah 1228, jadi nikel 88 tina binihna.

Dipelakna dina taneuh lilin, aturanana melak sakumaha melak kacang suuk heubeul baé.

Aya deui cobaan dina taneuh keusik, melakna tanggal 15 Désémběr 1875, dialana tanggal 18 Méi 1876 jadi 154 poé lilana, binihna 14 siki jadi 14 tangkal, beunangna buah 1492, jadi nikel 106 kali.

Di Blitar melakna tanggal 5 Désémběr 1875, beunangna dikali tanggal 30 Méi 1876 jadi 108 poé lilana. Anu dipelak 71 siki, beubeunanganana kaitung nikel 47 kali tina binihna.

Taneuhna nu dipaké cobaan taneuh lilin hideung campur keusik saeutik.

Melakna dibarengkeun jeung melak kacang suuk heubeul, waktu ngali kacang suuk waspada, éta kacang suuk heubeul ngora kénéh, jauh kénéh kana beunang dikali, diitung nepi ka beunang hasilna kacang suuk heubeul 238 poé.

Éta geus nyata pisan kauntunganana, malah réa juru tani nu pada datang nyaruhunkeun deui binih, ku perkara éta tuan residén nyuhunkeun deui binih wateus sapikul keur maparin abdi-abdi nu pada nyaruhunkeun.

Di Brebek mimitina melak tanggal 8 Désémběr 1875 dikalina tanggal 11 Méi, jadi umurna 153 poé, beubeunangana buah 2060, tuluy baé dibagikeun deui ka abdi-abdi, dipaké deui cobaan.

Di Tulungagung lilana nepi ka beunang dikali 180 poé, dipelakna dina taneuh keusik, ari kacang suuk heubeul didinya lilana nepika 8 atawa 9 bulan datang ka beunang diala. Dimana nu di réaan binihna beubeunanganana kacang suuk waspada leuwih réa, sikina kurang tapi leuwih gedé batan suuk heubeul, kitu deui eusina minyak réa suuk waspada. Jerona buahna kacang suuk waspada sarua baé jeung suuk heubeul.

Di Distrik Trenggalék gancang suuk heubeul beunang dikali, aya deui di Trenggalék kénéh nu bareng baé dikalina, didinya beubeunanganana kurang, tapi jerona buahna henteu jero teuing.

Ti Tuan Residén Madiun:

[edit | edit source]

Di Apdéling Pacitan henteu jadi, di Apdéling Madiun, Magetan, Ponorogo hadé-hadé pisan jadina, nyuhunkeun deui bibit.

Ti Tuan Residén Surabaya:

[edit | edit source]

Nurutkeun panglaporna ti apdéling-apdéling éta karesidénan cobaan didinya kabeneran pisan hadé jadina. Lilana nepi ka beunang dikali 4, 5 bun, dauna leuwih rubak jeung warnana alus batan suuk heubeul, réana buah méh sarua jeung suuk heubeul baé, tapi cangkangna lemes serta sikina gedé batan suuk heubeul.

Ti Tuan Residén Pasuruan:

[edit | edit source]

Di Malang jeung Di Tengger gagal henteu jadi, aya ogé sirungna tapi buahna henteu daékeun asup ka jero taneuh, jadi méh henteu buahan baé.

Ti Tuan Residén Basuki:

[edit | edit source]

Di Apdéling Basuki di Distrik Mlandingan nu jadi tujuh tangkal, beunangna sakali.

Di Distrik Bungahan aya nu jadi 15 tangkal, betina réa pisan, aya deui cobaan tapi beubeunanganana henteu pati hadé.

Di Situbondo lilana nepi ka beunang dikali 135 poé beunangna 8 kati, ngalina leuwih gampang batan suuk heubeul, sikina rada leutik jeung dauna kurang baé jadi ogé kasusahan, sabab didieu mah nu melak suuk bakuna ngan diarah dauna baé.

Di Bondowoso binihna 32 siki, jadina 32 tangkal lilana dipelak 120 poé. Buahna hadé pisan geus tuluy dipelakeun deui baé.

Ti Tuan Residén Probolinggo:

[edit | edit source]

Didieu gagal, taksiran sabab goréng musimna nyaéta katarajang katiga.

Ti Tuan Residén Banyawangi:

[edit | edit source]

Di Distrik Banyuwangi mimitna melak tanggal 3 Januari 1876 dialana tanggal 12 Juni 1876, jadi lilana 159 poé. dina taneuh beureum likeut gedé buahna, ari dinu hideung nu kacida gemukna rada kurang.

Di Distrik Rogojampi melakna tanggal 28 Novémber 1875, dialana tanggal 9 April jumlah 131 poé lilana, teu pudu hadé.

Cobaan tuan residén ku anjeun leuwih hadé jadina, umurna nepi ka dikali 6 bulan 20 poé meunang 278 pon Néderlan, jadi dina sabauna meunang 16 pikul henteu jeung cangkangna, beunang mesék.


Tah kitu panglaporna residén-residén ti sakuriling tanah Jawa hal cobaan suuk. Jadina henteu sarua, jeung henteu daékeun cocog, sabab aya nu lila teuing neundeuna binih atawa henteu milih taneuh nu hadé baris suuk atawa carang teuing ngasekeunana saperti di Banyumas, aya ogé sabab katiga.

Sanajan réa nu bersalahan tapi geus nyata pisan yén suuk waspada téréh batan suuk heubeul beunangna hasilna, babari ngalina malah aya nu dirabut baé jeung réa buahna, ku sabab éta aya taksiran dimana-mana meureun réa nu reuseup, sumawona dipaké pamelak panyelang di sawah-sawah, ari ku kacang suuk heubeul mah nu babakuna 8 atawa 9 bulan umurna, teu aya petana.

Nya aya ogé nu leuwih ti 4,5 bulan umurna kacang suuk waspada, éta taksiran sabab kakatigaan.

Supama tacan pati réa baris binih, muga ulah réa teuing dibagikeunana, anggur nyieun cobaan saluwuk masing réa ngageblég, supaya puguh katingal hadé goréngna.

Kitu deui melakna hadé dikareupan dina jajaranana tibatan suuk heubeul, sabab suuk waspada teu pati réa sirunganana, enya meureun olok binihna, tapi éta tangtu kabuwal ku buahna, tangtu tambah loba, malah nikel beubeunanganana.

Di Apdéling Bandung Kulon, Bandung Kalér hal suuk waspada gé henteu kudu digugulukeun ku paréntah nagara, geus maju sorangan baé, abdi-abdi téh geus cul kana suuk heubeul, tina karasa kauntunganana.

Éta dimana-mana ogé nya meureun kitu deui baé, asal abdi-abdi geus ngarasa kauntunganana, tangtu maju sorangan.


  1. Tapi dina taneuh likeut hadé ogé jadina.
  2. Di taneuh rata di Kedu jeung di Jawa ka wétankeun réa ogé nu melak di sawah.
  3. Laina alus sabab dipelakan suuk, tapi sabab katambah taneuh weteh ti handap pacampur jeung kulit taneuh.
  4. atawa panukuan cai.
  5. di Garut gěs kacoba dikampa atah. ari běběnangnganana minyak hérang tě aya pisan bau pahang cara minyak suuk baku, sumawonna lamun dialaan ku lumudna hěla méméh dikampa, minyakna tě éléh ku minyak saladah, nyaéta minyak saitun téya jěng bukilna běrěsih pisan