Jump to content

Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 3)/Hal Pacul nu Kaitna Méncos dina Kebon Tatangkalan Leutik

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Mitra nu Tani (Jilid 3) > Hal Pacul nu Kaitna Méncos dina Kebon Tatangkalan Leutik

Hal Pacul nu Kaitna Méncos dina Kebon Tatangkalan Leutik

Kunaon sababna nu matak kebon kopi di tegal sok téréh rontog?

Pangréa-réana meureun nyababkeun kana taneuh baé, tina teu sarua hadéna taneuh di leuweung jeung taneuh tegalan, tapi yén aya sababna séjén nu jadi babaku, tacan aya nu mariksa, tapi éta lamun dinyatakeun tangtu kapanggih pisan.

Ari nu jadi sabab gedé nyaéta hama pacul.

Dina taneuh tegal réa jujukutan nu ngagaksak matak teu hadé pepelakan batan dina taneuh leuweung. Ari ayeuna ka lampahna urang dieu maculna henteu jero ngan supaya lénang saharita baé henteu dipikir yén supama dipacul jero laun-laun jujukutan nu goréng ka ganti ku jujukutan nu hadé. Ieu mah maculna ngan darapon baé, jajauheun kana jero téh, malah ngan dikosbréng baé bari diteueulkeun paculna, lain-lain acan diulangkeun pacul téh supaya jero abusna kana taneuh. Jadi nu kapotong éta jujukutan ngan saeutik baé, henteu kabawa akarna, rasana asa dipangkas baé, babari jeung morontod pisan jadina deui.

Éta lain sakitueun baé hamana téh.

Tina sabab manéhna henteu nurut kana piwuruk ulah macul deket teuing kana tangkal kopi sakurang-kurangna 1 ½ atawa 2 kaki anggangna tina tangkal kopi, maculna ngarah babari baé jukut anu adeuk kana tangkal ogé dipaculan baé, lain dirabutan, jadi akar-akar jangkar kopi kapaculan ngan tinggal pancerna baé.

Ari anu nyeuseup hakana tangkal tina taneuh nyaéta akar jangkar-jangkar jeung akar mayang, jadi lamun éta kapotong, tangkalna tangtu paéh atawa sakurang-kurangna henteu daékeun montok, sabab euweuh nu maraban.

Ku sabab éta gedé kacida karugianana lamun digarawé maké pacul nu kait teuing: maculna henteu bisa jero, sabab ku pacul nu kitu kula geus nitah nyoba weléh teu daékeun jero tapakna, babari jadi deui jukut di kebon, tangkalna kapotong paranti barang hakana, saperti jelema dipengpetan sungutna.

Éta karugian anu sakitu gedéna ngan sabab bawaning hayang babari baé!

Ku tina sakitu perlu pisan, lamun digawé dina kebon tatangkalan atawa pepelakan nu awét kayaning kopi, téh jeung nu sarua kitu, maké pacul nu panah. Ulah maké kait nu méncos cara ieu:

Saperti nu kalampahkeun ayeuna, tapi kaitna kudu cara kieu:

Upama kitu rasa kula moal aya akar pepelakan nu kapotong di jero taneuh.

Ieu perkara ku nu saliwat mah dikira perkara leutik pisan, tapi saenyana perkara gedé kacida, serta tangtu saréréa meureun kagét lamun bisa mariksa réana tangkal kopi nu rontog ku hama pacul baé, jeung sababaraha pikul kopi nu dipiceunan teu puguh.

Nu matak di kebon téh dijaga enya-enya supaya unggal bujang anyar dipapatahan ngalengitkeun éta adat, tapi éta rada hésé, ku sabab karepna mah nyarék kitu deui baé sabiasa ka tukang baé éta anu diperlukeun ngan ngalénangan kebon baé, kajeun teuing ruksak tatangkalanana.