Jump to content

Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 1)/Lampah Nyieun Séngkéd

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Mitra nu Tani (Jilid 1) > Lampah Nyieun Séngkéd

“Kumaha sangkana bisa lila pepelakan dina tanah lamping, supaya ulah datang ka keri taneuhna, atawa supaya ulah babarian pindah kana tanah séjén.”
______

Silokana: Ayakan tara meunang kancra.

Lamun aya budak nyoo-nyoo kejo serta ngawar-ngawar réméhna saeutik, éta ku indungna sok di genggerehkeun pokna: “ih! ulah kitu pamali.”

Kitu deui upama aya awéwé manggih hecak di jalan, sok gewat dicokot, tuluy diselapkeun kana buuk, pokna: “Watir diingkeun di jalan.”

Demi gusti Allah geus kersa ngajadikeun taneuh datang ka beunang dipelakan, ratusan rewuan tahun lilana, tapi ari ku jelema nu kurang ingétan ngan kapaké 1 atawa 3 tahun baé, tidinya béak taneuhna nu alus, tuluy baé ditinggalkeun pindah ka sejen lahan, sabab pepelakan henteu daékeun jadi dina lahan nu geus dadas.

Kumaha éta hanteu pamali? Rasa kula leuwih pamali batan budak nyoo-nyoo kéjo téa, sabab taneuh alus éta lain sakeudeung-keudeung baé jadina.

Ari asalna mah cadas, tidinya tina sabab nahun-nahun kapanasan ka ibunan kahujanan cadas éta rada uduh meueusan, jadina keusik lembut kakara lukut-lukut bisa jadi.

Geus kitu éta lukut jadi buruk pabaur jeung bubuk cadas téa, lila-lila aya jukutan, geus kitu nahun-nahun deui kapanasan kaibunan kahujanan éta batu jeung cadas beuki bubuk, kalakaya jukut campur jeung keusik deui, kakara jadi kakaian laleutik, tidinya nahun-nahun deui batu cadas beuki bubuk, daun kakaian téa marurag ngalakay pabaur deui jeung bubuk batu cadas téa, nahun-nahun deui kakara jadi leuweung geude. Dangdaunna unggal poé marurag, kai-kai réa nu rungkad jadi bobo tuluy jadi taneuh, kakara jadi taneuh hideung nu hasil dikebonan ku jelema.

Coba pikir, sabaraha lilana éta taneuh tina mimiti aya lukut nepika beunang dibuka dipelakan, lain hiji dua tahun baé, tapi ratusan malah rewuan tahun. montong jauh-jauh teuing néangan pikeun ngabandingkeun, geura éta baé Gunung Papandayan geus sabaraha tahun lilana bituna, ayeuna kakara aya jujukutan jojomplokan.

Éta ku jelema nu pondok ingétan teu pisan dipikir atawa dipaduli.

Dibéakeun saharita taneuh téh, pang lila-lilana ngan kapake 3 tahun, malah geus jadi paribasa dua tahun katilu cul, teu aya anu ngingetkeun nyieun aturan supaya kapake salalawasna, sakurang-kurangna 10 nepika 20 tahun.

Semuna kajeun teuing baé, asal manéhna babari baé, kajeun anak incuna mangké kakurangan lahun pelakaneun, kajeun anu panderi paceklik ogé tina geus teu aya pelakaneun, asal aing gampang baé meureun pipokeunana: “Keur nahaon maké ingetkeun kana ratusan rewuan tahun téa, keur naon gawéna ingetkeun ka anak incu.”

“Ah! Tapi rasa kula, moal enya ari heunteu merduli pangasihna gusti Allah maparin geusana urang hirup, moal enya teu ingeut ka anak incu mah, éta mah ngan tina sabab heunteu kapikir baé, nu matak sakitu gagabahna. Sageuy heunteu nyaaheun ka anak incuna jeung meureun isineun ku Allah taala ngamonyah-monyah ngagagabahkeun kana pasihanana. Nyaéta gusti Allah geus ngayakeun éta taneuh sakitu lilana nepika beunang dipelakan, supaya ku manusa diarah hasilna. Naha heunteu pamali, upama taneuh alus tina hayang gampang baé dijero ⅔ tahun disina keri jadi tegal eurih atawa jukut rakeut, teu aya araheunana? coba pikir, sabaraha piréaeuna naranggeyan pare nu kaluar tina éta taneuh, sabaraha réana jelema nu meunang beukeul tina éta taneuh, upama heunteu digagabahkeun.

Éta heunteu pisan dipikir, serta tina sabab heunteu dipikir beunang ogé dihampura, tatapi sabab ayeuna geus dituduhan diingeutan, saperti indung ngalarang ngawur-ngawur réméh ka anakna, jadi ayeuna mah pamali gedé lamun jalma nuluykeun migawé kebonna nurutkeun aturan heubeul serta heunteu nurut kana aturan anu leuwih hadé, supaya taneuh alus ulah palid kabawa ku cileungcang.

Ari aturanana supaya ulah palid taneuhna éta babari serta kukula rek dicaritakeun dihandap ieu:

Upama hayang ulah palid taneuhna nu alus jeung nu riduh dina lahan lamping, éta kudu nyieun séngkéd serta leuwih babari migawéna manan pangira nu loba.

Omongna anu tarani: “Hese ngamimitianana, tapi ceuk kula heunteu, sabab ges kacoba, lamun nyieun kebon sabau maké aturan heubeul dipigawéna 37 poé, lamun diséngkéd 44 poé, tah! ngan tujuh poé leuwihna.”

Coba pikiran masing jauh, upama nyieun kebon cara aturan heubeul dijero 2 panglila-lilana pisan 3 tahun taneuh na nu alus geus palid, jadi kudu pindah ngabedah deui. Séjén pisan rejeung kebon anu diséngkéd, sanajan hasilna tahun mimiti nu diséngkéd kurang sarua baé jeung beubeunanganana sawah bebedahan, éta teu matak jadi cacad kana séngkéd, karana dina nu diséngkéd, teneuhna unggal tahun tambah alus, sabab taneuhna nu hideung nu hadé téa henteu palid kabawa ku cileungcang, malah baur galo jeung taneuh teurasna nu beureum, sumawonna mun bakal gemuk henteu dipiceunan nyaéta runtah digundukeun atawa diruwang.

Jadi taneuh beuki hadé jeung beuki riduh mun dina keusik beuki lengket, serta beubeunanganana gedé manan tina kebon anu digagabahkeun. Cindekna pisan: Séngkéd téh babari serta kurang panggawena batan aturan anu lumrah, sabab teu kaur balas pindahhan serta unggal ngamimitian ngebon kudu baé make deui pager jeung balungbang, éta ogé nambah-nambah pagawéan.

Di tahun 1871 aya hiji tuan amtenar jeuneunganana Tuan pan Hal (van Hall) jeung wadana Aji Barang Banyumas, geus dipiwarang ku Kangjeng Guberunemén Kalimbangan, baris mariksa kebon anu diséngkéd, nu dipelakan paré jagong bako kacang jeung jaba ti éta.

Harita kauninga pisan yén méh kabéh baé anu boga kebon lamping pada diséngkéd kebona, serta tuluy dipariksa: “Kumaha karasana aturan séngkéd téh!” Kabeh pada ngawangsul: “Untung pisa.” Sabab ayeuna maranéhna geus ngaharti yén kurang pagawéanana tapi hasilna tambah.

Malah harita tuluy mariksa hiji nini-nini urang Panembong:

“Kumaha nini lain mending ngebon make aturan heubeul baé?”
Nini téh ngawangsul: “Maap baé juragan, ieu mah aturan téh karasana tambah babari.”
Dipariksa deui: “Babari kumaha?”
Carék nini-nini: “Teneuhna jadi riduh serta pepelakanana beuki lila beuki hadé.”
“Kunaon nu matak kitu?”
“Sabab taneuhna heunteu palid cara bareto, ayeuna mah bisa macul jero.”
“Kumaha ari pepelakanana?”
“Geura mangga tingali ku anjeun baé itu bako kuring, bareto mah kuring teu acan gaduh bako sakitu saena, aya ogé anu sae kitu di leubak baé nu kasaeurran ti tonggoh, ditonggoh mah keri pisan, ari ayeuna sadayana rata marontok pisan. Sareung ayeuna mah babari leumpang, lain cara kapungkur hésé nincak anu lamping sumawona barang bawa. Jeung éta ayeuna mah aya ciri matuh tanda ku kuring geus kapimilik, ayeuna mah moal aya nu ngareubut.”
“Jadi teu tetep milik nini?”
“Leureus sadawuhan juragan, asa mowal liwat ti kitu baé.”

Jaba ti éta Tuan van Hall geus ngareungeup nyaritana hiji jalma urang Wanakerta, yén manéhna geus nyoba-nyoba dua kali melak pare dina kebon teu diséngkéd, dina tahunan mimiti meunang 10 pikul, tahunan kadua ngan meunang 3 pikul.

Aya deui hiji jalma ngaran bapa rai urang Desa Ciela jeung alitruna urang desa Nangoh, ti bareto manéhna dina 3 tahun ngan bisa sakali dibuatna, taneuh éta kénéh, ana geus di ganti aturanana, nyaéta diséngkéd téa, jadi réa tambahna beubeunangannana.

Carék bapa rai meunangna hasil kebona saperti di handap ieu:

Di tahun 1865 Paréna meunang 100 Gedeng Bakona 80 Lémpéng
" 1866 " 104 " " 90 "
" 1867 " 105 " " 98 "
" 1868 " 108 " " 104 "
" 1869 " 114 " " 108 "
" 1870 " 111 " " 110 "
" 187 " 113 " " 111 "

Ari bapa rai lain juru tani anu kasebut pinteur téa, sabab lamun taneuhna leuwih jero dipaculna jeung tuluy digemuk, tangtu meureun hasilna nikel, geura timbang komo teuing lamun ku nu pinteur mah.

Tapi sakitu deui katara kénéh baé, yén éta aturan hadé, sabab ayeuna geus tujuh tahun unggal musim éta kebon dipelakanana, serta anu boga tacan aya ingetan pindah ngebon deui. Jeung deui upama tambah hadé miarana, jukut-jukutna runtah-runtahna teu dipiceunan, tapi dikumpulkeun, sanggeus buruk diruwang, maculna dijeroan, kira-kira 1 kaki jerona serta digemuk, tangtu 100 tahun deui mah beunang kénéh dipelakan, heunteu kudu néangan kebon anyar.

Éta kumaha lain untung gedé?

Demi bapa rai sabot ngadagoan dibuat teu eureun ngoméan pager dipelakan tatangkallan bubuahhan, di sisi pager sabelah ti jerona di pelakan kopi, nyieun saung leutik sarta beres, parantina eureun digawé, malah mun keur mejehna loba gawé sok dipaké mondok. cindekna bapa rai boga kebon alus, serta éta kebon gedé pisan wawalesna ku pangasilanana.

Geura lamun juru tani kabéh di Pulo Jawa cara kitu migawé kebona, sakumaha meureun pialuseunana!

Kebon hadé pangolahna, pagerna bérés jeung santosa, maké jalan huni, nyieun saung nu alus nu bérés, sakurilingna dipelakan tatangkalan nu ngeunah buahna, kayaning nangka, manggah, kadu, jeruk, sawo, manila, dukuh, manggu jeung jaba tidinya, serta dipelakan waluh atawa kukuk ngarambat kana saung téa ngiyuhan kana tepasna.

Kumaha upama nu kitu pétana, lain resep batan kebon anu kotor, satengah leuweung jeung anu remen ditinggalkeunana? Saperkara matak bétah, kaduana aya hasilna, sabab bubuahanana payu di pasar, lumayan keur meuli uyah tarasi.

Demi jelema an teu tanjreg, ngan pipindahan baé, éta di Tanah Sunda di ngaranan jelema manuk atawa jelema héjo tihang, hartina meureun geus pada ngaharti, nu matak disebut héjo tihang sabab henteu datang ka buruk geus pindah deui, kitu deui manuk tara matuh, gawéna ngan pipindahan baé.

Éta jelema nu boga yuni kitu matak nyusahkeun pisan ka lurahna, sabab poé ieu manéhna aya didieu, poé isuk geus pindah kaditu, salawasna teu beunang dijugjug, papakéanana ogé runtang ranting pisan beunang disebut satengah jelema leuweung, taya deui nu dipikir ngan nyatu baé, jaba ti nyatu mah teu pisan perduli, hal adat-adat nu hadé teu nyahoeun pisan sabab kurang campurna jeung jelema.

Di Tanah Sunda jelema nu kitu teu nyaho di adat tata krama, disebut jelema jauh ka bedug, hartina jelema jauh ti dayeuh ti enggon adat.

Éta kabéh beunang pisan diubahan, supaya juru tani daékeun tambah hadé migawé humana serta kapala-kapala ngajaga supaya juru tani migawé humana ulah sina sakama-kama, tapi kudu di sina matuh ngebona. Serta kudu loba nyieun jalan, supaya nu baroga kebon babari wara-wiri jeung ku kapala babari di rondana.

Lamun kitu matak nyénangkeun serta kapala désa (lurah) jeung kapala-kapala saluhureunana babari menerkeunana juru tani, upama salah migawéna. Jeung anu sok mareulian bako, suuk, kacang, tangtu réa nu daratang, jadi ki juru tani henteu susah ngajualna.

Kumaha éta lain hadé batan anu ka lampahkeun ayeuna!.

Demi ayeuna jalma kurang kanyahona sok rajen disebut urang gunung, coba urang gunung tambah rajinna, tangtu ngaran gunung téh teu jadi pamoyokan.


Ayeuna tunda heula carita séngkéd, urang nyaritakeun hal ngaganti pepelakan.

Juru tani didieu kakara miang-miang rék ngaharti, ari di Éropa mah geus heubeul kapanggihna, yén henteu hadé pepelakan sarupa baé sapanjangna henteu di heuleut-heuleut. Upama aya jelema melak bako kadua kalina, ari baturna deui sanggeus diala bakona melak kacang, geus kitu paré, tidinya bako deui, éta anu melak henteu pisan diheuleut-heuleut bako baé, kadua kaliannana teu aya pisan beubeunangannana, lain cara baturna nu melakan diganti-ganti téa, bakona untung serta jaba ti éta loba deui kauntunganana tina kacang jeung tina paré.

Kumaha éta sababna nu matak kitu?

Ari hayang nyaho terangna kudu nanya ka élmu tani, nyaéta nu bisa nerangkeun sababna.

Demi rasiahna kieu:

Sagala pepelakan henteu sarua pambrihna kasegeran atawa kahakanan tina taneuh, lamun pepelakanana gedé béda bangsana, éta hakanna taneuh ogé sok gedé deui géséhna. Aya pepelakan anu beuki kana taneuh ieu tapi henteu beuki kana taneuh itu, aya nu resep kana taneuh loba keusikna, aya nu resep kana taneuh loba apuna atawa gampingna, aya nu teu ngeunaheun kana ku réa apuna. Upamana aya taneuh dipelakan hiji rupa pepelakan, tapi taneuhna lain baris hakaneun pepelakan éta tangtu taneuhna kudu dihadéan heula, supaya beunang dihakan ku pepelakan éta, sabab pepelakkan ogé saperti jelema baé, béasna kudu dikéjo heula, laukna kudu digoréng atawa dipanggang heula, kitu deui taneuh kudu aya nu ngokolakeun heula, supaya acina beunang dihakan kupepelakan rupa-rupa.

Supaya taneuh hadé kana pepelakan anu rék dipelakkeun téa, perlu aya cai jeung hawa, éta hawa jeung cai téa, asup kana jero taneuh, lamuna geus diriduhkeun taneuhna.

Éta sababna nu matak perlu kacida diwuluku jeung dipacul, lain supaya akar bisa tungteng dijero taneuh baé, tapi supaya pepelakan bisa nyesep acina taneuh hadé.

Geuning upama taneuh hadé dipigawéna ku juru tani sok disebut asak, sarua jeung nyebut kahakanan anu geus beunang didahar.

Ari paré henteu sarua hakanna jeung bako, rupana béda, watekna béda, serta waktu dipelakan paré éta meureun taneuh baris hakanneun bako teu kahakan ku paré, éta mangké jadi bekel baris hakaneun bako, kitu deui lamun dipelakan bako heula, éta aci taneuh baris paré henteu kahakan.

Coba pikir, lamun henteu maké séngkéd dimana pinyangsangeunana taneuh baris bako atawa baris paré téh?

Tangtu éta taneuh ku cilengcang kabawa ka lebak, sarua baé jeung ngampihan duit dina pésak anu kohok, lésot kaputna, atawa saperti Si Sakadang Kunyuk neundeunan cau dina koja, ari kojana ku Si Sakadang Kuya geus dikohokan. Meureun saréréa terang di éta dongéng.

Upama aya nu ngawangsul: “Éta mah da monyét bangsa sato meureun baé bodo-bodo kitu ogé." Meureun diwangsul deui: “Kumaha ari juru tani urang dieu pinter batan éta monyét, da sok miceunan taneuh alus tina kebona?”

Aya hiji carita lumayan picontoeun.

Jaman baheula aya hiji jelema boga anak tilu, teuing ku ngedul, henteu daékeun hadé migawé kebona. Éta bapana susaheun kacida, tidinya, manggih akal.

Dina mangsana rék nepi ka ajal, tuluy wasiat ka anak-anakna, yén dina kebonna aya pependeman karuwang.

Sanggeus bapana dikubur, tuluy baé éta anakna tiluanana maculan kebonna, dibulak balik, tapi weléh saluarna kebon henteu manggih naon-naon, éta maranéhna panasaraneun pisan. Tapi tina sabab geus weléh maculan teu kapanggih baé, tuluy pangangguran dipelakan pepelakan anu aya gawéna, teu kungsi lila jaradi alus pisan, beubeunanganana untung kacida, tiluanana karagéteun pisan.

Tidinya maranéhna kakara ngaharti rupana pependeman anu dituduhkeun ku bapana, nyaéta beubeunanganana éta kebon.

Malah geus jadi omongan ki juru tani, suuk matak alus kana paré, karana ari melak paré dina urut suuk sok hadé. Tatapi salah pisan terkana ki juru tani, karana suuk kacida méakeunana aci taneuh, alus sotéh paréna, ku tina geus riduh baé taneuhna, coba mun dina teu rassan sarua hadé maculna dipelakan paré tangtu leuwih alus paréna batan dina urut suuk téa.

Tapi kumaha pibisaeunana macul jero dina lahan anu lamping lamun henteu diséngkéd?

Kusabab éta perlu nurut kana ieu aturan:

Supaya hadé pepelakan, taneuhna kudu masing jero jeung galo dipigawéna. Supaya taneuh alus henteu palid dina tanah lamping, éta kudu diséngkéd heula.

Kumaha aya anu henteu cocog kana éta aturan? Nya aya ogé, cék anu saurang: “Kula teu cocog, sabab lamun nyieun séngkéd ditugaran dasarna taneuh, éta ti tonggohna sok datang katémbong taneuh nu beureum, didinya pepelakanana sok goréng".

Éta bener kitu, saperkara lamun nyéngkédna kalegaan teuing dina tanah nu kacida lampingna, jeung kadua perkara lamun sanggeus anggeus nyéngkéd henteu dipacul digalokeun deui.

Kusabab legana éta séngkéd téya kudu ditimbang kana lampingna lahan, mun lahan kacida lampingna, éta séngkédna kudu kacida deui singgeutna.

Upama lahan pang lampingna nu aya kénéh taksiran beunang dipelakan, diséngkéd legana 2 kaki, éta dasarna taneuh ngan saeutik pisan anu bijil kaluar, sumawonna mun tuluy dipacul deui jerona 1 kaki atawa sakurang-kurangna tilu prapat kaki, jadi taneuh nu hadé pacampur galo jeung tatanah nu kurang hadé, geus tangtu tataneuh jadi leuwih hadé batan taneuh anu henteu diatur kitu.

Tapi kumaha pibisaeunnana galo éta taneuh mun henteu maké séngkéd?

Saméméh nyaritakeun péta-pétana nyéngkéd, urang nataan heula kauntunganana tanah lamping maké séngkéd nyaéta:

  • Saperkara, matak jadi nambahan kakuatan kana milik, sabab séngkéd mah sarua jeung kotakan dina sawah, jadi ciri awét, tanda yén éta geus aya nu boga milik.
  • Kadua perkara: Henteu kudu pipindahan ngebon di jero 2 atawa 3 tahun, tapi ieu mah beunang dipelakan pirang-pirang tahun taya heuleutna, teu kudu pipindahan jeung teu pati kudu dijamikeun, sumawona mun daék maké gemuk.
  • Katilu perkara: Sanajan pagawéan ngamimitianana rada beurat batan aturan anu lumrah, tangtu salajuna kurang pagawéanana, sabab jukut-jukut nu goréng cara eurih teki leungit kaganti ku jukut nu hadé cara sentrung jalantir babadotan, éta mun di sing na buruk didinya, taneuh na beuki lila beuki riduh. Kitu deui teu kudu mindeng nyieun pager anyar jeung nyieun balungbang.
  • Kaopat perkara, taneuhna lain jadi riduh baé, tatapi lamun runtah-runtah jeung jaramina henteu dipiceunan, nyaéta diruwang baé, taneuhna beuki lila beuki alus, komo lamun daék ngagemuk. Tatapi kumaha ngagemukna lamun henteu maké séngkéd, meureun sakali hujan gé geus palid.
  • Kalima perkara, tina sabab taneuhna riduh jadi loba pisan nyesepna ci hujan nu ma(ta)k teu pati aya cilengcangna, malah cilengcangna tina sabab unggal séngkéd tanggeng ngocorna, jadi teu pati deres serta teu mawa palid taneuh.
  • Jeung ka genep perkara, lamun kebon lamping saluarna geus maké séngkéd cilengcang tanggeng palidna, malah sawaréh henteu tuluy palid ka lebak kapegatan ku séngkéd téa tuluy nyerep didinya, ari sawaréh deui lalaunan baé ngocorna, éta tangtu upama aya caah moal kacida teuing ruksakna, serta walungan-walungan nu laleutik mayeung ngocorna tina sabab réa ci hujan kaisep ku taneuh, tidinya laun-laun miis ka lebak maraban walungan téa, ari dina taneuh nu lamping nu teu diséngkéd harita baé gancang moro walungan, gedé caahna jeung réa-réa anu ruksak.

Éta di Distrik Panémbong geus nyata pisan, situ-situ didinya ayeuna teu pati kasaeur, ari baheula mah méméh diséngkéd, unggal tahun baé kudu dikedukan.

Pétana nyieun séngkéd

[edit | edit source]

Tina sabab pang réa-réana anu sok dipaké kebon nyaéta tanah lamping serta carang pisan anu muka leuweung gedé dijieun kebon, jadi anu rék dicaritakeun ayeuna bakuna hal péta-péta nyieun séngkéd dina tegalan kaso eurih jeung kakaian laleutik baé.

  1. Demi barang prak pisan ngamimitian digawé nyaéta nyacar kaso eurih atawa kakaiyan laleutik ku parang serta nyacarna sabeunang-beunang sing dempes pisan, nyakitu deui jukut-jukutna dicacar.
    Kai beunang nyacar téya kumpulkeun, hadé keur suluh, sawaréh hadé dijieun talutug baris pager nu ngurilingan kebon téya.

  2. Upama loba kacida runtah jujukutanana éta sawaréh hadé didurukan, sanggeusna kitu sawaréh deui dikumpulkeun dijieun galengan lebak nu dék diséngkéd.
    Nyieun éta galengan atawa palintang kudu: a. masing cara nyieun solokkan, ulah nyanglandeh ulah nanjak, dimana mana aya nu legok atawa wahangan éta kudu sina nyiku, saperti kieu:
Dimana aya penclut atawa pasir, éta kudu di sina ngais saperti ieu:
Sarupa pisan jeung solokan, tapi ulah cara jalan nanjak mudun, mun kitu mah sasat lamping kénéh baé.
  1. Carangna galengan kudu nurutkeun lampingna lahan, sabeunang-beunang kudu dijaga supaya tampinganana sabelah ti luhur ulah leuwih ti sakaki jerona.
    Upama aya lahan henteu sarua lampingna, saluwuk teu pati kacida saluwuk deui kacida lampingna éta legana séngkéd kudu diowahan, dina lampingna pisan disinggetan di nu rada datar dilegaan, sabab lamun henteu kitu tangtu lempeung séngkédna:
    a. Anu kacida lampingna, b. Lahan anu teu pati kacida lebakna.
  1. Saupama geus anggeus nyieuna galengan ku jukut atawa runtah, tidinya kakara mimiti dipaculan, ari ngamimitian tilandehna kira-kira 1 kaki antara ti tonggoh tina galengan éta, serta taneuhna kudu balikeun supaya nindihan kana runtah anu dijieun galengan téa, supaya pageuh kana galengan.

    Kieu rupana anu macul ti lebak ka tonggoh, taina pacul rada dikembing dialungkeung ka tukang. Éta kitu baé maculna tepi kana galengan kadua.

    Tidinya ngamimitian deui nyieun séngkéd sakaki tonggoheun galengan kadua serta aturanana salajuna kitu baé nepika angeusna.

    Kajajadianana séngkéd cara kieu:

    a. Galengan runtah, b. Tai pacul, c. Teuras.
  1. Tidinya maculan kapalayuna, sumawona taneuh nu teuas disabelah ti tonggoh kudu tuluy dikeprék jeung dilémparkeun taneuh nu lamping kénéh. ari jukut mah teu matak pusing sabab pang réa-réana geus paraéh basa mitembeyan ngabuka. Jadi rupana séngkéd téh cara kieu:
    a. Taneuh riduh nu beunang dipelakan, b. Taneuh goréng terasna, c. Gugusi.
  1. Sabot digawé jujukutan dina galengan meureun jaradi deui, sumawona mun tadina aya eurih kaso jeung nu sarupa kitu, kusabab éta galenganana kudu ditampingan serta kudu di sina mayat saetik ulah sina nutug teuing. Tah ayeuna mah geus anggeus kari melakkan.

  2. Jeung deui kudu inget yén séngkéd teu beunang di-penggel cara sawah, maké galengan anu luhur, sabab lamun maké galengan tangtu matak nambahan kana palidna taneuh, sabab asa pisan, jaba ti kitu matak jadi goréng kana pepelakan sabab cai meuting mawa urug kana taneuh.
    Matak ruksak kana pepelakan: Lamun pepelakanana lain bangsa pepelakan ranca saperti paré, sabab taneuhna baseuh teuing.

  3. Kusabab éta deui mun macul taneuhna ulah waka dikoér-koér ka sisi séngkéd, krana mun diluhurran sisina, tangtu séngkéd luhur sabelah, jadi solokkan atawa pindah lampingna.
  1. Kitu deui kudu inget salalawasna, sisi séngkéd sabelah ti luar ulah dipaculan diweuteuhkeun baé kira-kira satampah, minangka jadi gugusina, jeung supaya babari migawéna, nu macul kudu nyanghareup ka lebak serta paculna rada dicondongkeun kumaha ieu contona:
    a. Ulah dipacul ieu mah
    Jadi aya sisi anu teuas minangka gugusina téya.


  1. Waktuna ngaberesihan kebon runtah-runtahna kudu dikirab-kirab jeung tuluy ditendena dina gugusi, éta gedé pisan hasilna sawab cilengcang (henteu) kapegat.
    Upama éta runtah mangkéna jadi deui, kudu disasab baé, serta jukut-jukut sanggeus dikirab ditenden deui tungtung séngkéd.

  2. Dimana taneuhna nu teuas atawa liket datang ka cilencang teu bisaeun nyerep jadi téréh ngemplang serta babari palid taneuhna, didinya kudu nyieun solokan atawa balungbang heuleut 20 atawa 30 séngkéd, jerona serta legana 1 kaki atawa 1½ kaki, timbang-timbang kana padetna taneuh jeung kana réana hujan nu lumrah didinya.
    Éta solokanana ulah monténg teuing,tatapi kudu tanggeng baé nurunkeun mayatna séngkéd.
    Taneuh beunang ngaliyan tina solokan téa, kudu digundukeun disabelah ti lebak, nyaéta baris ngaluhuran séngkéd.
    a. Solokkan atawa balungbang, b. Taneub beunang ngagundukkeun téya nu dipa- ké ngaluhurran séngkéd.

Ayeuna mah asa henteu risi, hésé kana palidna taneuh téh.

Upama solokanana tina kalilaan teuing jadi saeur, éta kudu dikeduk, taneuhna paké ngaluhuran séngkéd sabelah ti lebak. Dimana nu aya pepelakan awét saperti kopi éta ulah ditamping sarta kudu gewat baé nyieun séngkéd nu cukup legana. Ari di mana nu aya pepelakan tatahunan baé kayaning: Paré, bako jeung nu sarupa kitu, séngkédna hadé unggal ngaganti pepelakan dilegaan watara ¼ kaki.

Éta tai tamping jadi deui taneuh anyar sarta alus, jeung séngkédna laun-laun jadi lega kacida, tur tapa gawéanana teu berat sama sakali jeung teu pati matak ngabijilkeun taneuh teuras.

Pang rasakula ayeuna geus putus nerangkeun hal séngkéd, kari nyaritakeun:

a. Hal pacul
b. Hal parabot ngabantar pas anu murah
c. Pager nu babari tapi gedé gawéna.

Saméméh nyaritakeun hal anu tilu perkara di luhur, urang nyaritakeun heula hal séngkéd deui saeutik.

Diapdéling Limbangan geus pirang-pirang tahun ngalampahkeunana aturan séngkéd dina sagala rupa kebon, lain dina kebon kopi anyar baé, nu heubeul ogé nu tadina teu diséngkéd ayeuna mah tungtut diséngkéd, kitu deui kebon palawija jeung huma réwuan bao, serta dipigawéna rejeung ati-ati jeung pikiran, éta kabéh untung kajajadianana.

Kusabab éta montong mangmang deui, néangan jalan anu séjén, leuwih hadé anggur coba-coba baé, sabab geus teurang pisan hadéna ieu aturan.

Sok aya ogé anu nyoba-nyoba gagal, éta ulah disalahkeun kana aturan, ngan nyoba-nyobana baé henteu jeung pikiran jeung henteu nyaho disatemena ieu aturan.

Jeung deui pantes kacida dibélaan ku hésé capé ogé, supaya jadi sagala perkara sagala aturan anu matak untung serta nu tungtungna ngamakmurkeun Pulo Jawa, malah pantes dibélaan ku karugian ku teu untung sakali dua kali mah, sabab sagala perkara ngamimitianana sok hésé jeung kudu aya karurugianana baé.

Ari kalampahna nu enggeus-enggeus, taneuh dipacul dikeprék heula, jukutna disina leungit, diduruk, dipiceunan, di mana geus riduh pisan taneuh téh kakara mimiti nyieun séngkéd, éta pagawéan anu kitu geus tangtu pigagaleun, da tangtu pisan taneuhna palid,

Tidinya gancang baé anu salah migawéna nyalahkeun aturan pokna: “Tah geuning henteu hadé, séngkéd luntur baé.”

Tapi henteu dipikir yén pang gagalna sabab bonganna baé, sarua baé hal sebar, pada nurutkeun sebar ku bangsal tetebar ranggeyan, tapi ngawurkeunana kerep teuing, tidinya gancang deui nyebutna teu hadé: “Tah geuning gagal! Bibitna leles kacida, sok potong ana dibabutan.”

Tapi henteu dipikir, yén pang gagalna sabab henteu migawé samistina jeung teu dipikir kunaon sababna nu matak kudu ku bangsal, nyaéta supaya carang.

Kula pribadi geus manggih hiji paninggaran diajar kénéh jadi teu acan pati bisa ngabedil, tapi ana ngabedil teu kena, sok ambek-ambekan, ngabongankeun kana bedil pokna: “Naha aya bedil burung teuing, béngsal! Tur ta éta bedil ari dipaké ku paninggaran anu bisa mah bangén pisan.”

Anu salah nyieun séngkéd meureun nyakitu kénéh baé, ari nyalahkeunana kana séngkéd tur bongan sorangan baé.

Hal pacul

[edit | edit source]

Supaya bisa hadé jeung babari digawé kudu boga parabot hadé. Ari pacul anu dipaké di Tanah Jawa éta kumaha kaasup kana parabot hadé jeung matak babari digawé.

Tina sabab aya tilu rupa pacul, jadi kudu disebut pacul-pacul, nyaéta:

Pacul Walanda atawa pacul kampak (kénca)
Pacul Jawa (tengah)
Pacul Sunda (katuhu)

Anu pang goréngna pacul Jawa, tidinya pacul Sunda, ari anu pang hadéna pisan pacul Walanda, lain sabab pédah bijillan nagri Walanda, tapi sabab gagangna ngeunah dipétakeunana, bisa bedas ngulangkeunana kana taneuh, ari pacul Sunda rada hésé sabab bawakna kait teuing, jadi anu macul kudu kacida pisan dongkona supaya bisa macul jero jeung hadé, ari pacul Jawa ngulangkenana supaya bisa jero lain dikieuna héséna. saperkara pondok teuing gagangna jeung kadua perkara paculna kait manan pacul Sunda.

Kusabab éta anu maké pacul Jawa lamun hayang jero maculna kudu dongko kacida, jadi téréh pisan capé, jeung deui pacul Jawa kacida pisan beratna, éta ogé matak nambahan kana beratna pagawéan. Saenya-enyana mah éta téh lain pacul, beunang ogé disebut muwulukuan, sabab upama urang Jawa keur macul katénjona lain keur macul, siga anu keur neelkeun jeung ngagusur wuluku kana jero taneuh, tapi upama prak diteelkeun sarta dikenyang tangtu hésé serta berat batan diulangkeun téya.

Jeung pacul Walanda mah méh waja kabéh jeung ipis, hampang serta leuwih babari batan pacul satengah besi satengah deui kai, nu beuki ka luhur beuki kandel.

Dina lambaran 43 aya contona pétana jalma nu macul jero, maké pacul anu tilu rupa téya:

Pacul Walanda atawa (luhur), Pacul Sunda (tengah), Pacul Jawa (handap)

Kumaha éta gambar téh teu teurang yén pacul Walanda pang hadéna?

Bujang diwaspada digawéna maké pacul walanda, nya loba pisan beubeunanganana batan bujang Jawa maké paculna sorangan.

Enya diwaspada taneuhna uduh, tapi bujang anu macul jerona 1 kaki ti pukul satengah tujuh isuk-isuk nepika pukul dua tengah poé meunang 40 tumbak ☐, atawa lamun déét maculna 3 dim jerona meunang 55 atawa 60 tumbak ☐, jeung tuluy ngirab-ngirab jukutna serta digundukeun kana séngkéd.

Kasabab éta kahayang téh urang Jawa anu sok maké kénéh paculna cara nu aya dina gambar katilu, ngaganti paculna ku pacul anu leuwih hadé. Saupama manéhna embungeun maké pacul Walanda sanajan hargana murah pisan sabab méh waja kabéh, nyaéta dikumahakeun, ngan sabutuhna kudu baé nurutan conto pacul sunda mah, éta leuwih hampang jeung leuwih babari ngagawékeunana batan pacul wuwulukuan téa.

Keur naon hésé capé dodongkowan pepelengkungan ari henteu perlu mah.

Parabot Bantar Pas

[edit | edit source]

Meureun réa anu ngarasa hésé menerkeun galengan ku runtah téa, supaya mayat lempengna, éta aya parabotna gampang pisan, saha-saha ogé bisaeun nyieun, serta onkosna ngan sén-sénnan baé.

Ari anu dijieun: Hijj iteuk, panjangna kudu sasemet panon jelema anu molahkeun éta parabot. Di luhurna éta itek ditendenan paku kai cara dina e., tuluy diterapan papan leutik digantungkeun sina guwang-gawing kana éta paku kai b, tidinya maké deui papan leutik e., tenden dina papan bieu, sina leumpeng pisan supaya cara pasékon, tidinya maké buku awi leutik ipis atawa kaso liyangan ku nyéré d. supaya bisa djpaké ngécéng, talikeun ku tali howé kana éta papan nu lempang téya:

Kai baris b kudu rada berat batan kai baris c

Demi parabot hiji deui nya itek kénéh baé panjangna sarua jeung anu tadi, tuluy ditendenan papan leutik dibodasan ku apu, panjangna 4 legana 2 dim, éta papan diluhur éta itek cicingna, supaya kaso atawa awi beunang ngaliyangan téa nu aya dina parabot tadi meneran kana tengah-tengahna éta papan.


Métakeunnana ngabantar pas saperti di handap ieu:

Hiji jelema nyekel éta iteuk rejeung papanna dicekel masing leumpeung kana taneuh, éta iteuk montong diceblokkeun kana taneuh, cekellan ku éta jelema baé, cara a. dina lambaran 49.

Hiji jelema sauranv deui nyekel parabot anu kasebut pang heulana, nu dingarannan kékér, tuluy éta kékér babawa mundur ka tukang 15 atawa 20 léngkah, tidinya kécéng éta awi atawa kaso beunang ngaliyangan téa kana papan bodas téa, kékérna katonggohkeun atawa kalandehkeun masing meneran tengah-tengahna éta papan. Geus kitu pék tendenan ajir, jelema anu nyekel papan bodas pindah kana éta ajir, ari anu mawa kékér mundur deui 15 atawa 20 léngkah ka tukang, kitu baé salajuna.

Éta parabot téh lain ngan nuduhan pétana séngkéd baé, tapi upama lahan henteu pati papak lampingna, nuduhan ogé legana éta séngkéd.

Dina lambaran 49 aya conto pétana parabit bantar pas téya.

Henteu perlu ungggal séngkéd di bantar pas-an, supaya awas baé serta supaya lahan papak lampingna, meureu cukup heuleut 5 atawa 10 séngkédeun di bantar pas-an,

Didieu di Garut, nu tani geus biasa kacida nyieuna séngkéd, nyoba séngkéd lempeng baé, nurutkeun lahan, henteu kudu maké parabot anu kasebut bieu, tina sabab kabiasaannana, langka anu salah séngkéd, tatapi baris anu kakara pék éta parabot meureun gedé pisan tulungna.

Hal Pager

[edit | edit source]

Baris pager ngurilingan kebon lumrahna didieu maraké waru, dijajarkeun carangna kira-kira 2 atawa 3 kaki, serta dina seselana dipelakan tangkal jarak atawa bebesaran, diceumpéd pageuh ku awi.

Waruna unggal ditutuhan rangrangna baris suluh, daunna ekeur bubungkusan, demi mangké geus gedé pisan, kain alus baris paparabotan, ekeur roda karét keur sahang jeung sajaba ti éta.

Lamun réa kebon anu tepung wates, éta hadé pisan badami anu baroga miarana, nyaéta saratna supaya hadé kebon, montong unggal kebon dipager sakurilingna ku pager santosa.

Leuwih hadé pager nu baris ngajaga sato kuda sapi munding hadé rerempugkan baé pada ngabijilan ongkosna, sasaéngan baé, kauntunganana karugianana tina éta pager masing ata pada boga bagian, demi pager ekeur jadi tanda millik hiji-hiji jelma éta hadé ku pepelakan laleutik baé, pang hadéna pisan ku nu aya hasilna cara cangkudu atawa kopi carangna 4 kaki jeung sajaba ti dinya, tangtu aya ogé hasil sautak-saeutik.

Kumaha ieu pangajaran pang rasana ki juru tani hadé atawa goréng?

Muga-muga nu ngarang masing ulah hésé capé teu kapaké, ulah mangarangkeun silah anu pécak torék baé.