Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 1)/Hal Mantéga
III
HAL MANTÉGA
Di tanah jawa réa pisan nu boga munding jeung sapi pirang-pirang, tapi tacan ngadéngngé aya nu méré ci susuna serta tuluy dijieun mantéga.
Kunaon sababna nu matak henteu, naha urang Jawa henteu beukieun mantéga. Ih lain pisan kitu, maranéhna bareukieun kabina-bina, geuning dina bulan puasa atawa dina waktu pépéstaan sisidekahan pirang-pirang kati mantéga nu dibareulian mahal pisan.
Kunaon atuh ari beuki, mana teu nyoba-nyoba nyieun sorangan, ngan sabab teu acan kapikir baé, teu acan aya nu nyontoan, sabab ari molahkeunana mah, henteu hésé, nyaéta babari pisan.
Urang Palémbang geus pék ngalampahkeun, pirang-pirang munding nu diperes serta ci susuna dijieun mantéga, malah datang kajadi paribasa:
"Minyak lembu namanya, tapi minyak kerbau mémangnya"
Kumaha urang pulo Jawa moal baé rék nyoba nyoba? Upama kapala-kapala daék nyontoan, di dieu henteu kurang urang Éropa nu keur na alah nuduhan hal aturan mopolahkeunana.
Nu tani nu loba satona tangtu bisa loba nyiar duit ku nyieun mantéga serta dijual di pasar.
Ari ayeuna kalampahna nu boga sato-sato diabur diarah rekahna baé.
Hiji sapi atawa leuwih munding peres tangtu tambah kauntunganana serta henteu matak ngerenkeun anakannana.