Wb/su/Mitra nu Tani (Jilid 1)/Hal Binih Jagong jeung Binih Bako
II
Supaya Hadé Pepelakan Kudu Maké Bibit anu Hadé
______
Kumaha nu tani henteu nyahoeun, yén kuda, sapi atawa munding anu gedé jeung alus ana anakan, anakna sok gedé jeung alus deui baé leuwih gedé atawa leuwih alus tibatan anakna sato nu leutik jeung nu goréng.
Kitu deui upama nanya ka urang lembur: “Mending mana baris bibit, kuda nu hadé potonganana nu seket atina, atawa ku goréng jeung kebluk, atawa goréng adat sapi sagedé uncal, atawa sapi nu gedé serta kandel dangdanannana?” Éta tangtu wangsulannana: “Mending sato nu alus, sabab mun kolotna pinter anakna sok pinter deui,” Cék paribasa gé „uyah tara miis ka luhur.”
Hadé milihna baris bibit tangtu hadé turunannana. Atawa kumaha pangirana ngan turunan jelema baé nu sok ngala ka kolot? Kumaha kudu diterangkeun pisan? Taksiran dina hal sato mah méh saréréa geus pada nyaho yén kitu petana tapi kumaha dina pepelakan, nya kitu deui atawa hanteu?
Rasa kula dina bab pepelakan langka baé aya nu boga pikir yén kudu hadé asal bibitna serta kudu asak naker, supaya bisa alus jadina sakurang-kurangna henteu géséh ti bibit, malah lamun tambah hadé pangoména meureun beuki lila beuki alus serta tambah beubeunangannana.
Bo, jauh tangéh nu tani baroga pikiran kitu téh!
Cék saurang: “Barudak! Isukan hayu urang jual jagong nu galedé téh, tangtu payu sahiji saduit di pasar, ari nu laleutik mah hadé keur bibit baé.”
Carék anu saurang deui: “Naha pangira silaing éta bako munggaran nu jangkung mulus serta rarubak daunna téh diingkin baé keur bibit? Olok temen lamun kitu mah, mangké sirungna baé diarah bibitna. Bo, nyaah temen lamun éta tangkal bako nu alus jeung rubak dauna dipaké bibit mah.”
Demi di Nagara Walanda mah nu tani hanteu kitu, upama aya nu melak kumeli nu dipelak tangtu pang alus-alusna, nu pang gedé-gedéna, hanteu cara didieu, ngan anu hanteu payu dijual baé nu sagedé buah kaliki dipaké bibit téh, hanteu pisan ngingetkeun yén tina sawab bibitna leutik batina gé leutik deui, tungtungna tina sabab sieun rugi saeutik datang ka jadi rugi gedé.
Cik kawula rék nanya, lain untung upama boga bubuwahan atawa tatangkalan nu galedé marontok dijuwalna ka pasar payu mahal, atawa leuwih untung kénéh nu keri baé nu taya pieunteungeunna? Mending mana, mending jagong nu beuki lila beuki leutik atawa nu unggal tahun beuki rata gedéna? Cik pikir!
Ari nu kalampah mah bibit anu geuring jeung nu kurang asak dina tangkalna dipaké, aya ogé bibit anu leuwih hadé ti nagara Walanda teulila sarua baé jeung bakuna di dieu, ari ékolna mah: Didieu hawana goréng atawa pepelakanana ngarumas.
Tapi éta henteu dipikir yén bongan juru tani nu matak beuki leutik, da sok diihtiyarkeun sagala sarat-sarat supaya pepelakana jadi goréng.
Upama di nagara Walanda sarua gagabahna kana bibit jeung di dieu tangtu meureun jagongna leutikna cara di dieu baé.
Tapi juru tani di Walanda pinter batan urang dieu, sarta enggeus diajar jeung mikir-mikir naon gunana ari bibit hadé, kitu deui moal daékeun pondok heureut cara urang dieu.
Pepelakan anu séjén jaba ti jagong jeung bako ogé di Jawa mah nyakitu kénéh baé, sumawona paré baris bibit, kalobaan anu dijieun bibit paré dibuatna gé kakara tengah-tengah asak. Cik kumaha pibisaeun hadé jadina?
Ari juru tani di Walanda mah nu boga tanah lega, ana maké bibit milihan ranggeuyan tarigu nu pangalusna, ari kajadianna nya teu wudu, dina lima taun ogé ranggeuyanana datang ka nikel gedéna serta nya bener nya pepel. Malah ti mana-mana jeung ti nu jarauh daratang mareuli bibit kadinya, dijualna ku juru tani mahal kacida, serta lain nguntungkeun ka nu ngajual baé da lah nu meuli gé untung kacida.
Ku sabab éta juru tani di Walanda euweuh deui cecekelana kajaba: Supaya hadé jadina pepelakan kudu milih baris bibit anu panghadéna sarta anu ges asak dina tangkalna jeung sampurna kolotna.Demi metakeunana hal ieu kana jagong jeung kana bako mangké diterangkeun di handap ieu.
Hal Jagong
[edit | edit source]Kudu milih tangkal anu pang alusna baris bibit. Upama buuk jagong geus pérang (nyaéta geus tungkul) jadi tanda yén jagong enggeus nyiram serta harita dina kembang lalakina (nyaéta nu nyucung kaluhur) geus euweuh kekebulna, kudu dipangkas ku péso seukeut tangkalna kira-kira 2 dim luhureun enggon jantung, ari daunna nu kapangkas éta beunang dipaké baris parab sato.
Metakeunana sarupa ngabiri baé.
Ari kekebulna éta minangka jadi bibit, kudu baé ragrag kana buuk téya, geus kitu matihna mapay kana buuk tepi kana pisikieunana. Buktina gé kapanggih,mun jagongna katarajang angin gedé atawa kagedagkeun ku nu ngaliwat éta kekebul paburantak, serta dina leubah buukna nu teu kena ku kekebul tangtu hapa taya sikina. Jadi tanda nyiram nyaéta pérang buukna.
Sok aya ogé jelema nu geus miceun kembang sanggeus buwahan, serta kagéteun barang nénjo jagongna sok hapa atawa hapa sawaréh. Ana nyalahkeun weut kana sabab di potong, tapi teu dipikir yén sabab kurang aturan, nyaéta dipangkas saméméh jagong nyiram, meureun baé teu daékeun bener.
Ari gunana dipotong téya saperti di handap ieu:
- Nguatkeun kana tangkal, aci nu aya di jero tangkal ana teu dikitu sok naék ka luhur, ana kapegat éta jadi gedé pisan gawéna kana buwah, cara bako anu dikabiri tangtu daunna gedé manan daun bako dipelénkeun.
- Cahyana jeung panasna panon poé keunana kana buah jadi tambah alus jeung leuwih téréh asak.
- Tangkalna henteu kacida teuing katebakna ku angin henteu kacida teuing kagedag-gedang jeung teu pati réa anu hapa.
Jeung deui jagong baris hakaneun beunang ogé diala keur rada ngora atawa uduh kénéh, ari nu baris bibit kudu di sina teuas heula sing datang kakolotna pisan serta hadé cabut jeung tangkalna baé, éta tuhurkeun di para, lamun geus kanyabowan tétéla yén siki2na geus asak pisan.
Baris bibit ulah maké siki jagong nu pang luhurna, nyaéta unggal jagong kudu piceun genep jajar nu pang luhurna, kitu deui kudu dipiceun sagala siki jagong nu bantut.
Ti dinya kudu diampihan dina enggon nu tuhur, hadéna diununkeun dina para seuneu, supaya kapuput ku haseup serta henteu dihakannan toko jeung ku nu sarupa kitu.
Demi éta baris bibit ulah lila teuing diampihannana, éta mah kabéh geus pada nyaho, jeung deui upama hayang alus buwahna kudu ulah kerep teuing melakna jeung ulah loba teuing sikina dina hiji logak.
Aturan meulak jagong nu pang untungna nyaéta dina hiji logak 2 siki jagongna, carangna 1½ atawa 2 kaki, ari jajaran pada jajaran sela-selana kudu 3 atawa 4 kaki, nurutkeun rupana jagong, jagong bangsa leutik atawa bangsa gedé.
Lamun kitu unggal tangkal pada boga enggon lega serta bisa nyenghap, babari ngagedéyannana, tangkalna tambah kuwat jeungbuwahna tambah gedé. Kitu deui pang hadé-hadéna nya meulak kudu diturih wajitkeun atawa dihuntukalakeun.
Upama jagong kira2 geus aya 2 kaki jangkungna serta geus diberesihan jeung geus disaeuran, hadé dipelakkan tengah2na jajaran ku pepelakkan anu handap saperti: kacang gameut, bonténg térong jeung nu sarupa kitu, serta leuwih gancang beunang dipelakkan éta lamun jagong sanggeus aya buwahna di potong téa, cara nu dicaritakeun di luhur.
Upama melak jagong dibarengan ku pepelakan séjén, éta lain matak ruksak kana jagong baé, tapi jagongna keri serta pepelakkan panambahna jadi ruksak.
Coba awaskeun baé paré nu dibarengan ku jagong bareng meulakna serta kerep teuing.
Éta geus terang jeung geus tangtu pisan duanana goréng, paréna goréng jagongna goréng, malah loba nu di rabuttan deui baé jagong na saméméh aya buwahna, tapi paréna tonggoy baé goréng goréngna serta carang nu daékeun lilir deui.
Jeung deui ulah meulak jagong2 rupa dicampurkeun, sabab jadina sok jadi rupa paranakan.
Taksiran geus aya nu nangngénnan, lamun meulak jagong bodas jeung jagong goréng dicampurkeun pada kembangan siki jagongna sok campur bodas jeung goréng.
Éta melak dicampur hadé ogé mun maké aturan, tapi gagal upama teu diurus ku nu ahli, dipilih-pilih saenyana rupana jagong nu rék dicampurkeun, supaya hadé paranakanana.
Ari ayeuna rék nyaritakeun hiji akal nu dipaké ku urang Amérika baris ngakalan gagak.
Kabéh geus pada terang yén gagak kacida ngagaksakna kana jagong, pinter pisan katambah loyor matak keuheul anu boga kebon. éta ngakalannana urang Amérika dipeunggeuskeun ati- ati lalaunnan tangkal jagongna handapeun buwahna, nyaéta upama buwahna geus rék asak, ari minggeuskeunana ka handap saperti conto ieu:

Tah! ayeuna mah upama kitu gagak téh héséeun enteupna, serta jagongna bisaeun asak teu aya halanganana
Tapi ieu aturan teu beunang di terapkeun kana jagong baris bibit.
Hal Bako
[edit | edit source]Tangkal anu pang alusna ingkeun baris bibit ulah dikabiri, serta sirungna piceunan masing leukeun.
Upama geus bijil kembangna, éta kudu dijaga supaya ulah tambah kembang deui, nyaéta upama bijil deui kudu gewat petik baé piceun. Lamun aya buwah anu keur dina bako baris bibit éta kudu dipiceun baé, tanggalkeun anu pang alusna baé, sawab dina buwah anu keri tangtu sikina leutik serta ana jadi tangkal nya kitu kénéh.
Tah kitu aturannana lamun hayang boga bibit hadé, leuwih hadé batan bibit anu teu diatur kieu.
Demi éta bibit sabeunang beunang kudu sing asak dina tangkalna serta buwahna nu geus asak kudu dipetik ati2 pisan. Lamun buwahna bareng asakna hadé tangkalna dikadék sahibas taneuh pisan, serta tendeunan di para sina kaangin2 supaya tambah asak. Tidinya bibit téh kudu ditenden di enggon anu tuhur saperti nu geus kasebut di luhur tadi dina perkara jagong.
Tangkal bako nu asalna bibit sarupa tadi leuwih kuwat jeung leuwih gedé, serta leuwih tahan dina katiga batan tangkal anu asalna bibit anu goréng nu keri jeung nu satengah asak.
Ari kalampahna ku ngubur bako sok kerep teuing, cara nu sebar paré, dimana2 sok kakerepan teuing, éta téh sabab pang gedéna nu matak jadi kurang hadé jadina.
Geura, upama embé loba baé nu calageur taya kasakitna ditenden dina kandang leutik, tangtu mangkéna gancang gareuring serta tungtungna tumpur, paéh kabéh.
Kitu deui pepelakan kudu aya lahan baris ngambekkan, tapi méh euweuh hiji jelema nu mikir kitu, méh dimana2 baé manggihan hama kerep.
Tatangkalan bubuwahan nu kerep teuing dipelakna ana jadi jeceng baé ka luhur ngareuy taya pisan ngabeukahannana serta teu daékeun buwahan, tangkal kopi kitu kénéh, paré nyakitu deui, serta meulakna sok dicampurkeun teuing, datang ka euwueh seselana, tungtungna bebenangannana taya pisan.
Tah kitu tungtungna ari jelema sok loba teuing pangarahna, tungtungna teu makul ti dieu tiditu.
Tinggal nyaritakeun rupana bako:
Kabéh gé meureun geus pada terang, yén hiji rupa paré aya bédana jeung hiji rupa deui, jagong nya kitu deui, aya nu hadé aya nu goréng, kitu deui bako, ari miyarana mah saruwa baé,ngan bebenangannana gedé pisan géséhna.
Ku sabab éta henteu sampurna milih baris bibit anu hadé jeung nu asak baé,nyaéta kudu ogé milih jinis anu hadé anu gampang dipiyarana serta nu gedé piuntungeunnana.
Tah upama kitu, mangké juru tani urang Jawa gampang nambahan kauntunganana jenteu jeung nambah gawéna.
Kumaha ieu naséhat bakal cara cai ninggang daun bolang baé, mowal aya pisan tapakna atawa piayaeun?