Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 9
Bab jalma jual beli
Perkawis 113
[edit | edit source]Supami aya jalma jual beli teu meunang hanteu nu jual beli éta kudu nu geus sampé umurna, sarta sami gaduh pipikiran nu saé. Supami nu jual meuli murangkalih atawa jalma édan, hukumna teu beunang dilastarikeun pangjual beulina.
Perkawis 114
[edit | edit source]Supami aya nu jual meuli nu geus eunggeus kajadikeun pangjual meulina, nu kitu éta kénging salah sahiji ngaburungkeun, sanajan teu jangji, atawa geus tampan tinampan barang nu kajual sarta duit nu kitu éta suga[n] nu ngajual jeung nu meuli, masih kumpulan sanajan geus antara poé ari masih kumpul supami geus sami misah teu beunang yén diburungkeun sanajan tacan antara poé nanging lamun sami sukana kénging babalén papulang pulang.
Perkawis 115
[edit | edit source]Supami aya jalma jual meuli, petana pangjual belina maké jangji, jadi teu jadina antawis tilu poé atawa kurang ti tilu poé, éta kaburungkeun sajangjina, saupami nu jual meuli ngajadikeun salebet ing perjangjian nya kaluluskeun kana teu jadina.
Perkawis 116
[edit | edit source]Supami aya nu meuli budak laskar maké perjangjian pangabisana nulis atawa salianna padamelan, atawa meuli sapi munding maké jangji reuneuh atawa jangji réa ci susuna, sanggeus kabeli sidang jeung perjangjian nu sakitu pangmeulina kénging diburungkeun. Nanging supami meuli laskar jangji bisa maling, sageus kabeuli sidang jeung jangji nu kitu, éta teu kénging ngaburungkeun.
Perkawis 117
[edit | edit source]Supami jalma mulas barang milikna nu badé kajual supaya manggih réa hargana cara ngahideung buuk laskar nu geus bodas, atawa teu daék meureut susu sapi munding pamrina témbong réa ci susuna kalampah anu meuli nu teu nyaho dina panggawé éta, nu kitu éta kénging nu meuli ngaburungkeun.
Perkawis 118
[edit | edit source]Supami jalma meuli barang milik sageus kabeuli katingal cacadna nu mantak suda lega sarta adat barang nu kabeuli éta euweuh celana, hukumna kénging mulangkeun ka nu ngajual. Nu kitu téh sugan nu meuli teu ngahaja. Lamun kasangaja, teu kénging diburungkeun deui. Nanging supami barang nu dibeuli sami lumrah yén boga cela cara nu melli laskar kolot mangka ompong jeung saliyanna, nu geus sami adat yén aya celana teu kénging mulangkeun.
Perkawis 119
[edit | edit source]Supami jalma meuli laskar, sageusna dibeuli sarta geus lawas aya didinya, manggih hukum diteukteuk leungeunna, sabab boga masalah neukteuk leungeun deungeun saméméhna kabeuli. Nu kitu kénging diburungkeun, kapulangkeun. Anu kitu éta sugan nu meuli teu uningaeun. Lamun uninga mah teu kénging dipulangkeun.
Perkawis 120
[edit | edit source]Supami nu meuli budak boga kanyeuri nu teu kanyaho waktu nu meuli, sageus kabeuli tuluy paéh marga tina kanyeurina ti saméméh dibeuli, nu kitu éta teu beunang diburungkeun ngan meunang suda rega baé, bédana rega nu cageur jeung rega nu geuring—hartosna rega budag teu geuring 100, dina nu geuring suda 10 atawa 20, éta nitik warnana panyakit sudana nurut cara éta.
Perkawis 121
[edit | edit source]Supami aya nu meuli budak tuluy diperdikakeun ku nu meuli. Sageus kaperdikakeun kauninga celana babawaan ti saméméh dibeuli kacelaannana remen maling, nu kitu meunang neda suda ning rega ka nu ngajual. Peta ning suda cara budak anu geuring téa.
Perkawis 122
[edit | edit source]Supami aya jalma meuli barang, mangka kajual deui, sageusing kajual deui, katingal celana, éta cela lain ti nu ngajual ti heula, hukumna teu meunang nu meuli ti heula neda suda regana ka nu ngajual mimiti sawab éta barang kénging dibangsulkeun ka nu ngajual kapindo. Nanging supami barang geus kabangsulkeun ka nu ngajual kapindo, kénging mulangkeun ka nu ngajual mimiti. Ari réa ning perkawis ngaraning nu jual meuli, sami kénging kawangsulkeun, kudu tumuli, teu kénging dimengkékeun—hartosna harita katangén celana tuluy pulangkeun, teu beunang dililakeun. Nanging teu jadi naon katunda ari kapendak celana keur mangsa dadaharan atawa peuting disarantoskeun nepi ka parantos dadaharan, atanapi ngantos beurang, éta teu jadi mantak naon-naon.
Perkawis 123
[edit | edit source]Supami aya nu méncog nu meuli jeung nu ngajuwal dina celana barang nu geus kabeuli, caracok nu ngajual cela cacadna éta barang sageus dibeuli. Catur nu meuli cacadna éta méméh katampa, terapna nu kitu kalereskeun nu ngajual, tapi kasumpah. Sageus sumpah tetep teu meunang mulangkeun.
Perkawis 124
[edit | edit source]Supami aya nu ngajual meuli barang tacan katampanan, patrap nu kitu éta tacan tetep pangjual meulina. Supami barangna leungit atawa dileungitkeun ku nu ngajual ku manéh éta katetepkeun yén teu kajadikeun jual meulina, nanging lamun pang leungitna ku panggawéna nu meuli tacan katampa katetepkeun jadinna jual meulina wajib nu meuli mayar saregana. Nanging lamun pangleungitna sawab kabeneranana nu meuli cara nu dibeli warni budak, mangka éta budak rék maéhhn ka nu meuli, anu meuli miheulaan, datang ka paéhna éta budak téh, éta teu jadi katetepkeun pangjual meulina.
Perkawis 125
[edit | edit source]Supami jalma jual meuli, barangna nu dijual tacan katampa ku nu meuli, mangka barang dileungitkeun ku nu salianna nu jual meuli éta, nu meuli kénging ngalastarikeun atawa mulangkeun pameulina, atawa malikeun. Yén supami ngalastarikeun pameulina ka nu ngajual, mangka neda pertempuh ka nu ngaleungitkeun éta, sarta nyerakeun pameulina ka nu ngajual, neda tempuh ku manéh ka nu ngaleungitkeun téa.
Perkawis 126
[edit | edit source]Supami jalma meuli barang [n]anging barangna tacan katampa ku nu meuli, nu kitu éta teu meunang nu meuli tuluy ngajual, atawa nu ngagadékeun jeung mikeun sawab barang tacan kabogaan ku manéh. Lamun geus katampa mah kumaha karepna baé. Nanging kénging barang nu geus kabeli tacan katampa yén kamerdikakeun supami budak nu dibeuli atawa kapamiyatkeun, tur kawakapkeun atawa katikahkeun.
Perkawis 127
[edit | edit source]Supami jalma boga barang milik aya dileungeun nu lian merga kapihapékeun utawi ka gadékeun tapi geus mayar panebus, nu kitu éta kénging nu gaduh nyieun sakarepna kana sakasukaanana éta barang.
Perkawis 128
[edit | edit source]Supami jalma ngajual pakarangan, pangjualna teu maké perjangjian, yén imah gedong jeung pepelakan anu aya di pakarangan sarta teu disebut, éta hukumna katut sawab dua perkawis éta. Lamun teu katut jadi leungit mapaatna pakarangan éta deui yén pakarangan kabikeun imahna gedong pepelakan nya katut ogé. Nanging yén kagadé baé éta imah sarta waka pisan éta teu katut.
Perkawis 129
[edit | edit source]Supami jalma ngajual lembur teu kajangjikeun pepelakan serta imahna yén katut kajual atawa henteu, éta hukumna nya katut ogé sarta saruana sakur nu geus aya katetepkeun kabéh cara lawang nu geus dipasang, tarajé nu geus kapaku, sarta salianna nu ngaran geus dipasang éta sami katetepkeun. Nanging teu kaasup lawang nu diteundeun di taneuh, hartosna tacan dipasang jeung salia-liannna sugri nu nyaruwaan anu teu ditangtukeun, cara timbarang jang méja kursi jeung salianna.
Perkawis 130
[edit | edit source]Supami jalma ngajual tutunggangan kuda jeung salianna éta, lamun éta kudu talapokna maké lapis nya kalebet ogé tapi lamun lapisna eumas, hukumna teu katut, jeung éta deui abah-abah kuda teu katut. Nu kitu éta saupami teu maké perjangjian. Lamun maké jangji nyakaluluskeun perjangjiannana.
Perkawis 131
[edit | edit source]Supami aya jalma ngajual pepelakan tatangkalan nu hirup kénnéh, éta katut daunna sarta dahanna nu masih bararaseuh. Tapi teu kajual taneuh nu katancebna tatangkalan téa. Nanging saumur pepelakan anu meuli bogana mapaat tina taneuh nu katatancebna pepelakkan téa. Lamun pepelakan téh paéh, nu meuli wajib nuwar.
Perkawis 132
[edit | edit source]Supami jalma ngajual tatangkalan nu bararuwahan, supami maké perjangjian buwahna kapiboga ku salasawijina nu sami jual meuli, sareng buwahna kakatutkeun dina jangjina, supami teu mawi jangji mangka nu ngajual nyaruaan cara tatangkalan kurma, mangka mayangna geus megar kapiboga ku nu ngajual. Mayang nu tacan megar kapiboga ku nu meuli. Upami wit-witan nyaruaan tangkal anggur, buwah nu geus katingal warnana, nu boga nu ngajuwal. warnana nu tacan katingal, buwahna éta kapiboga ku nu meuli.
Perkawis 133
[edit | edit source]Supami aya nu jual meuli, mangka sidang réa saeutikna nu meuli atawa réa keudikna dinna rega cara cék nu ngajual rega 10, cék nu meuli rega 9. Serta sami sidem teu boga saksi, nu kitu éta kasumpah duanana. Ari sumpahna nu ngajual “teu temen-temen kaula teu ngajual 9, temen-temen kaula ngajual rega 10.” Sumpahna nu meuli “temen-temen kaula teu meuli rega 10, temen-temen kaula meuli rega 9”. Sageusing sami sumpah, supami salasawiyos purun ngéléhan dina rega, teu beunang nu diéléhkeun diburungkeun. Kudu ogé ngalastarikeun pangjual meulina. Supama euweuh nu daék éléh dina rega, sayogya nu nyepeng hukum anu ngaburungkeun pangjual meulina. Sageusing teu dijadikeun éta barang nu kabeuli kabangsulkeun ka nu ngajual, pameuli mulang ka nu meuli.
Perkawis 134
[edit | edit source]Supami aya jalma dua nu hiji ngangken nu ngajual, nu saurang ngaku dibéré, sami pidem saksi, nu kitu éta kasumpah duanana. Nu ngajual sumpahna temen temen kaula ngajual kain méré, nu meuli sumpah temen temen kaula lain méré dibéré baé. Sanggeus sumpah barang kudu kapulangkeun ka nu boga.