Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 8
Bab jalma katempuhan merga tina kahinaan
Perkawis 100
[edit | edit source]Supami jalma numpakan tutumpakan, atawa ngagiring, atawa nungtun, ari tutumpakan ngarusakeun barang milikna deungeun cara katincak, kasénggol, hukumna nu tumpak, nu ngagiring, nu nungtun, sami katempuhan. Ari réana mah kumaha legana nu rusak téa, sami baé panggawéna mangsa beurang atawa peuting.
Perkawis 101
[edit | edit source]Supami aya tutunggangan hiji ditumpakan ku duaan jeung ditungtun sarta aya nu ngagiringkeun, mangka barang tutunggangan téh ngarusakeun barang milik deungeun, hukumna katempuhan nu tumpak baé sawaréh séwang. Lamun jalma hiji baé mah nu tumpak nya ngan éta baé so[ra]ngan nu katempuhan. Nanging supami teu aya nu nunggangan ngan nu nungtun jeung nu ngagiring, éta katempuhan sawaréh séwang, bagi dua ragragna ka nu nungtun jeung ka nu ngagiring.
Perkawis 102
[edit | edit source]Supami aya murangkalih atawa nu édan, salah sahijina katumpakeun kana tutumpak nu lian teu kalawan panitah ahlina, mangka murangkalih atawa nu édan sami ngarusakkeun bobogaan deungeun, hukumna nu numpakkeun nu katempuhan.
Perkawis 103
[edit | edit source]Supami aya jalma ngaping tutunggangan deungeun teu karana dititah ku nu nunggang sa[h]éngga jadi karusakanana barang milik deungeun, hukumna nu katempuhan nu ngaping. Nu tumpak mah teu katempuhan.
Perkawis 104
[edit | edit source]Supami aya barang milik deungeun rusak, pangrusakna marga katembag ku tutunggangan, nanging panembagna tutungan téh sabab paéh, hukumna nu tumpak teu katempuhan. Kitu deui lamun nu tumpak paéh nindihan barang teu katempuhan.
Perkawis 105
[edit | edit source]Supami aya jalma ngangon sapi, atawa munding, dilepaskeun di tegal mangka datang angin gedé jeung poék, mangka sapi mundingna bubar sakarep-karepna, asup ka gaga deungeun atawa ka kebon, hukumna nu ngangon teu katempuhan. Nanging lamun pangbubarna nu ngangon nerka héésan, hukumna nu ngangon katempuhan.
Perkawis 106
[edit | edit source]Supami aya jalma nyekelan tambang sapi, atawa munding, mangka merod sapi atawa munding ngarusakeun barang deungeun, hukumna nu nyekelan tambang teu katempuhan.
Perkawis 107
[edit | edit source]Supami aya jalma miara sapi atawa munding, mangka saupamina kiih atawa ngising di jalan sahéngga ngarusakeun barang deungeun, hukumna nu boga sapi atawa munding teu katempuhan.
Perkawis 108
[edit | edit source]Supami aya ingon-ingon deungeun nyaba ku manéh asup ka pakebonan ngarukkeun pepelan, lamun supami beurang, hukumna nu boga ingon-ingon teu katempuhan sawab hinana nu boga kebon teu ngajaga pepelakanana di waktu beurang. Lamun peuting katempuhan nu boga ingon-ingon. Nangin lamun geus adat di nagara, éta ti beurang ingon-ingonna dikandangan anu boga kebon pangjagana ti peuting hukumna nu boga ingon-ingon katempuhan.
Perkawis 109
[edit | edit source]Supami aya jalma nyangcang ingon-ingonna ku manéh dina hiji enggon, upami aya nu séjén nyangcang ingon-ingonna deukeut kacacanga[n] nu tiheula, mangka ingon-ingonna nu pandeuri ngéléh ka nu ti heula, hukumna katempuhan nu nyangcang pandeuri. Lamun cangcangan ti heula nu ngégél éta teu katempuhan.
Perkawis 110
[edit | edit source]Supami aya jalma nanggung suluh atawa salinna nu cara éta, saupami nu ditanggung nénggor pageur deungeun, datang ka eunyeuh, hukumna nu nanggung katempuhan, sarua baé beurang atawa peuting.
Perkawis 111
[edit | edit source]Supami aya nu nanggung kai enggonna di pasar, supami kaina nenggar barang deungeun anu teu diteundeun di jalan atawa kana awak deungeun datang ka karesakan, sami baé nu katenggar nyanghareup atawa nukang, hukumna nu nanggung katempuhan. Nu kitu éta supama panggonnana heurin ku jalma, supami teu heurin ku jalma mah hukumna nu nanggung teu katempuhan. Anu kitu éta supami nu katenggar keur nyangarep ka jalma nu nanggung. Supami nu katenggar nukangkeun anu nanggung katempuhan. Nanging nu kitu éta supami nu nanggung teu ngingetkeun. Lamun geus ngingetkeun, nu nanggung teu katempuhan.
Perkawis 112
[edit | edit source]Supami jalma ngingu ucing lawen, mangka ucingna nyatu kadaharan deungeun, sarua baé beurang atawa peuting, hukumna katempuhan nu boga ucing. Nu kitu éta lamun ucingna teu dicangcang atawa teu pageuh nyangcangna tuluy lepas. Lamun éta ucing teu lawen mah hukumna teu katempuhan. Kitu deui sarua baé nu ngingu anjing galak sahéngga ngaresakkeun kasawiji-wiji.