Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 7

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 7

Bab barang hiji diaku ku duaan

Perkawis 92

[edit | edit source]

Supami barang hiji diaku ku duaan, sami gaduh saksi duanana, éta barang panyekelna bareng cara imah dienggonan ku duaan, sami ngoméan, éta katetepkeun kapiboga kuduaan. Kitu ogé hukumna saupami teu kacepeng dileungeuna salah sahijina.

Perkawis 93

[edit | edit source]

Supami barang hiji diangkeun ku dua anu sami gaduh saksi, nanging barang kacepeng ku salah sawijina, hukumna éta barang kapiboga ku nu ngahayekan, teu kudu sumpah.

Perkawis 94

[edit | edit source]

Supami jalma éwé salaki paangkennangkeun barang eusi ning imah nu teu gaduh saksi duanana, sarta barang teu tangtu salah sawijina warna ning barang nu patut dipaké ku lalaki ku awéwé cara simbut, atawa nu teu patut dipaké ku lalaki ku awéwé, atawa surat-surat nu teu bisa ngunikeun, hukumna sami kasumpah barang kapiboga ku duaan. Nanging supami barang patut panganggo istri baé cara kincir jeung pakara tinun, atawa salianna nu nyaruwaan, hukumna kapiboga ku istri, nanging kudu sumpah sapisan. Lamun barang patut panganggo lalaki tumbak, kris, jeung saliya-liyanna, éta kapiboga ku lalaki tapi nya kudu sumpah sapisan.

Perkawis 95

[edit | edit source]

Supami barang hiji ka aku ku duaan tanpa saksi duanana, éta barang kacekel ku salah sawijina jalma dua, hukumna barang kapiboga ku nu nyekel sarta kasumpah sapisan. Lamun teu wani sumpah nu teu nyekel barang kudu sumpah sapisan. Sanggeus sumpah barang kabikeun ka nu sumpah. Supami teu nyekel barang teu daék sumpah, éta prakawis dilubarkeun barang tetep dinu nyekelan.

Perkawis 96

[edit | edit source]

Supami aya jalma meuli hiji barang sarta geus ditampa barangna, kari-kari aya jalma séjén nu ngaku éta barang sarta jeung saksi, hukumna barang téh kaserahkeun ka nu ngaku téa jeung teu maké sumpah. Nanging nu meuli meunang ménta deui duitna ka nu ngajual. Nanging yén nu meuli tanpa saksi, nu meuli teu purun sumpah sarta neda sumpahna nu ngajual atawa nu ngangkeun ku manéh yé[n] nu meuli yén éta barang bogana nu ngaku téa, éta teu meunang ménta deui harta ka nu ngajual, sabab hinana teu daék kasumpah atawa geus nyahona éta barangna nu ngaku téa.

Perkawis 97

[edit | edit source]

Supami barang hiji kaaku ku jalma dua teu baroga saksi, barang aya dileungeun nu séjén, éta lamun nu nyekel barang ngangkeun bogana salah sawijina jalma dua, hukumna kaserahkeun ka nu ngahayeuk kana barang téa. Nanging kénging jalma nu teu kaangkenna neda sumpahna jalma nu tampa barang, yén nu kaenggonan teu kaangkenkeun ka salah sahijina, hukumna kénging jalma nu dua neda sumpahna nu nyekelan barang. Sageus kasumpah barang katetepkeun di nu nyekel barang téa.

Perkawis 98

[edit | edit source]

Supami aya jalma boga pannerka, nu katerkakeun barang mas, atawa salaka, nu kitu kudu nyebut opat prakawis, awit jinisna, pingkalih terkana, ping tiga réa saeutikna beuratna, kaopat rupana.

Perkawis 99

[edit | edit source]

Supami aya jalma katerka hutang sarta aya nu nyaksian, hukumna teu kénging mawi neda sumpahna, nu nerka kénging neda sumpahna. Lamun nu katerka geus boga omong yén geus mayar atawa kabikeun, anu kitu éta suga[n] nu nerka taca[n] mawa saksi, kapayunna nu nyangking hukum nu tacan kaparantosan yén pangakuna enggeus kadatangan saksi kapayunan hukum serta geus ka prantasan teu beunang dianggap aturan nu kitu éta.