Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 6

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 6

Bab panulak panganiaya ning jalma

Perkawis 85

[edit | edit source]

Supami aya jalma rék dikaniaya ku sasama ning manusa cara nu rék dibedil atawa salian ning pakarang watawis pakarang nu mantak maéhkeun atawa heunteu, mangka nu rék dikaniaya miheulaan, ku pakarang nu ngaupamaan datang ka nu rék nganiaya paéh, hukumna nu maéhan teu kénging naon-naon karana lamun teu miheulaan tangtu jadi kacilakaan pribadinna. Nangin lamun nu rék dipaké nganiaya téh parna gegebug mangka dipiheulaan maké pakarang bedil, tumbak, hukumna nu miheulaan dipaéhan. Nu kitu téh sugan nu rék dikaniaya bisa néangan pakarang nu sarua jeung nu rék dipaké nganiaya, hartosna rék diteunggeul ku paneunggeul ngalawan ku paneunggeul mangka nulak ku pakarang bedil éta nu dipaéhan. Nangin lamun teu bisa néangan pakarang séjén sarta kaponggok hukumna teu manggih naon-naon.

Perkawis 86

[edit | edit source]

Supami aya jalma imahna kaasupan maling, éta maling geus nyokot barangna nu boga imah, mangka katangén ku nu boga imah, maling lumpat diborowan barangna digémbol baé, atawa lamun maling teu daékeun ninggalkeun, éta kénging nu boga barang ninggangkeun pakarang ka nu maling supaya ninggalkeun barang éta, sanajan datang kapaéh teu jadi naon-naon. Tapi lamun barangna ditinggalkeun teu beunang ditinggang ku pakarang. Supami kalakon maling geus ninggalkeun barang mangka ditumbak atawa salianna datang ka nepi ka paéh, hukumna nu migawé éta dipaéhan.

Perkawis 87

[edit | edit source]

Supami aya jalma asup ka imah deungeun pangasupna tuluy nyokotan pakarang sarta rék nganiaya, nu boga imah miheulaan maké pakarang nu nyaruaan, sahéngga motongkeun lawanna nu nganiaya téa, hukumna teu manggih naon-naon, tapi kakinteun lamun beunang dicaram ku omong atawa ku pakarang nu lembut kudu-kudu ogé potong nu motong hukumna nya dipotong, sawab teu meunang miheulaan ku pakarang nu gedé ninggalkeun pakarang leutik supami jadi salayan nu motong jeung nu dipotong.

Pangangkeunna nu dipotong kénging lamun ditulak ku pakarang nu leutik, wangsulannana nu motong teu beunang mangka sepi tina saksi, mangka kalereskeun aturanana nu motong sarta kanti sumpah pingsapisan. Tapi lamun ngangkeun nu dipotong teu pisan-pisan seja nganiaya, éta teu beunang dilereseun pihatur nu motong supami euweuh saksi euweuh tandanna jalma nu dipotong. Nanging supami aya pratandana cara asupna ngabar-ngabar keris atawa saupamana yén kitu petana kabenerkeun haturna nu motong hartosna nu boga imah.

Perkawis 88

[edit | edit source]

supami aya jalma katerka mungkir sami ogé nu katerkakeun prakawis papatén, atawa liya-liyanna, sarta teu ngabogaan saksi, hukumna nu katerka ka sumpah kaping 50 kali lamun supami nu katerkakeun prakawis papatén. Lamun lian papatén ngan kasumpah pingsapisan.

Perkawis 89

[edit | edit source]

supami jalma ngaku atawa mungkir tapi pamungkirna aya nu nyaksian, hukumna katetepkeun kana pangakuna cara nu geus kaaku atawa nu kasaksian. Ari warnana jalma nu kapaké jadi saksi awit jalma lalaki merdika nu geus sampé umur, nu geus boga pikiran saé, nu teu tinggal paréntah gusti Allah, sarta teu ngalampahkeun nu kacegah, nu boga ka éra, nu sepi tina pangangkah, nu pipameunangennana ku manéh, nu bisa ngomong, nu élingan. Nanging lamun nu disaksian prakawis panggawé cara nyokot bogana jalma atawa ngaraheutan, saratna nu nyaksian rék uninga, yén nu disaksian omong-omongan, cara kitu utawi jual meuli saratna nu nyaksian ningali sarta ngareungeu, teu meunang nyeukeul hukum nyieun katetepan prakawis kasaksian ku jalma lalaki hiji, nanging ka anggap saksi jalma lalaki hiji yén nyaksian tanggal bulan ramelan supaya sakéhing manusa énggal-énggal ngalampahkeun paréntah ing gusti Allah jeung teu menang deui nu nyepeng hukum netepkeun pahukumannana jalma jinah. Lamun supami teu ngahuku[m] manéh atawa kasaksian ku lalaki opat nu nyeueung asupna dakar lalaki kana parji awéwé nanging kénging saksi dua lalaki kana pangakuna baé teu jadi nyaksian kana jinahna. Yén upami nu ka saksian barang milik atawa jangji per jangjina cara nyaksian nu jual meuli hutang-pihutang jeung injeum-injeuman jeung gadé-ginadé, nanggung sarta sasamina, éta nu kudu ka saksian ku dua jalma lalaki atawa hiji lalaki jeung dua awéwé atawa jalma lalaki digantian ku sumpah. Yén prakawis éta geus mukakat dikanyahokeun ku jalma lalaki, cara nikah megat megatkeun éwéna, atawa malikan jeung ngaku maéhan jadi wakil wasiat, hartosna tas temén babaton nitah ngadagangkeun, nu kitu éta kudu jalma lalaki dua nu kudu jadi saksi. Yén upami prakawis éta teu mukakat yén dikanya[h]okeun ku lalaki yén tetepna istri cawéné boga anak bolonan, anu susah jalma nyusuan celana awéwé nu katuruban samping nu kitu éta beunang kasaksian ku lalaki dua atawa lalaki hiji awéwé dua atawa awéwé baé opat.

Perkawis 90

[edit | edit source]

supami aya jalma katerka, mungkir prakawis barang milik atawa lain barang milik, warnana barang milik téh cara injem-injeman hutang-piutang, jeung saupamanna nu ngaran barang milik warnana barang milik téh cara nu kasejakeun cara maéhan jalma petana kalepatan, hartosna teu dihaja, éta upama nu katerka boga saksi hiji sarta purun sumpah, hukumna nu katerka katetepan kumaha anu diterkakeun. Tapi sumpahna sarat nyebut sabener-benerna saksi. Nanging kénging éta nu nerka teu purun sumpah. Neda sumpahna nu katerka baé. Supami nu katerka geus sumpah prakawisna kalubarkeun. Nanging lamun nu katerka teu daék sumpah, kénging kawangsulkeun sumpahna ka nu nerka. Lamun nu nerka teu purun sumpah nya kalebarkeun téa éta prakawis.

Perkawis 91

[edit | edit source]

Supami aya barang hiji diangkeun ku jalma dua nanging barangna aya dileungeun nu séjén, éta nu nyekel barang teu mértélakeun yén éta barang bogana nu ngararangkeun salah sawijina, atawa jalma dua téh sami gaduh saksi, hukumna jalma dua nu ngangkeun barang ka sumpah. Sageus ing ka sumpah barang diparo atawa kapiboga ku nu duaan téa. Éta supami salah sawiji baé nu purun sumpah, éta barang kapiboga ku nu sumpah téa kabéh. Lamun nu kaenggonan barang mertélakeun yén éta barang tangtu bogana, salah sawijinna barang kapiboga ku nu mértélakeun sarta teu maké sumpah.