Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 5
Appearance
Bab tadjir
Perkawis 83
[edit | edit source]Supami aya jalma nu purun nyieun kaluluputan sami baé ka gusti Allah atawa ka manusa serta kalepatan téa, teu aya hukuman nu teu beunang dipastikeun, hartosna pang migawéna kalepatan euweuh hukuman. Salah sawiji nu beunang dieunteupkeun, ngan katadjir baé, sina bohong jeung maén atawa saupamina. Ari kalepatan ka manusa nyarékan jalma, ngéra-ngéra jalma, atawa saupamana.
Perkawis 84
[edit | edit source]Supami jalma nginum arak atawa sawarnana inuman nu mantak teu resa najan panginumna teu kungsi weureu, hukumna dipeupeuh ku cambeti atawa ku leungeun ping sapuluh kali.