Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 4

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 4

Bab mertelakeun jalma ngadakwa

Perkawis 73

[edit | edit source]

Supami aya jalma ngadakwa bab paéh atawa salianna, éta teu beunang tuluy ditampa haturanana, lamun tacan aya sarat genep prakawis.

  1. Nu mimiti pihatur kudu nétélakeun enyana maéhan atawa henteunna, sarta nétélakeu[n] nu maéhan téh saurang atawa duaan. Upama nu gaduh hatur tacan nyaoskeun partéla, anu cara éta sayogya nu nyepeng hukum mértélakeun.
  2. Kapindo, neja netepkeun kajadianana prakawis nu katerka téh, cara nu nerka téh dibéré-béré teu kénging teu kudu miraos kana paméré-paméré ulah ditampanan.
  3. Katilu, mértélakeun ka nu katerka nu mantak kitu. Sabab teu ka tampi panerkana jalma hiji nerka jalma réa nu tacan puguh.
  4. Kaopat, saratna kudu aya nu nerka téh jalma dua. Nu katerka sarua boga pikiran nu patut, nu geus sarua aya umur mah. Sabab ari murangkalih jeung nu édan mah teu kareungeu boga haturan panerka.
  5. Kalima, sarat aya duaan nu nerka ka nu katerka téh, nu sami narima yén katetepan hukum, hartosna nu tunggal agama sanaja[n] nu lian agama nu tarima kahukuman.
  6. Kagenep, sarat rék netepkeun jalma nu boga terka kana panerkana, hartosna cara supami jalma nu nerka maéhan anakna, pangmaéhannana dipaéhan ku manéh, mangka tuluy boga panerka kasalianna sarua ogé nu lian téa gé katerka éwang-éwangan, atawa dua nu geus katerka di payun, nu kitu éta teu beunang ditampa haturanana sawab katingal bohongna jalan ti panerkana nu tiheula.

Perkawis 74

[edit | edit source]

Supami aya jalma ngabogaan terka, ari nu katerkakeun prakawis paéh, nanging panerkana deukeut kana benerna cara kieu; nu paéh atawa potonganana nu paéh bangkéna—nu mantak kudu paéhna kapanggih dihiji panggonan nu misah ti dayeuh, tuluy katerkauen ka jalma nu araya dienggon éta, atawa pinanggih di lembur nu leutik—nanging sarat jalma di lembur éta ulah jadi satruna nu paéh téa jeung ulah aya nu mauran deui, atawa kapanggih katinggalkeun ku jalma réa—hartosna awitna jalma réa kumpulan ahir balubar papisah panggonannana, beunangna ku kumpulan dina bangké atawa aya jalma hiji lalaki nu carios yén uninga nu maéhan lain lalaki saurang atawa barudak réa atawa istri réa, nu kitu éta hukumna kalereskeun panerkana jalma éta nanging kudu sumpah ping 50 kali. Sageus ing ka sumpah, nu katerka kudu mayar dengda ngan lobana 100 onta atawa 1000 dinar. Nanging nu katerka meunang neda sumpah pabangsulna kaping 50 kali. Sageus ing su[m]pah nu katerka teu kadengda naon-naon. Nanging nu katerka nu deukeut kana kaleresannana cara nu geus kasebut tadi mungkir, pamungkirna teu ngaku sasarengan jeung jalma réa nu ninggalkeun nu paéh téa atawa gaduh omong waktu aya nu paéh manéhna keur leuleumpangan, éta hukumna nu mungkir kasumpah kapingsapisan, nu kajangjikeun temen-temen teu sasarengan atawa keur leuleumpangan téa cara pamungkirna téa. Nanging kateundeunan nerka maéhan masih baé katetepkeun, mangka masih baé mungkirna teu ngarasa maéhan, mangka kasumpah 50 kali. Nu nerka henteu sumpah deui sabab panerkana geus teu kanti jeung kaleureusannana.

Perkawis 75

[edit | edit source]

Supami aya jalma boga pangangken dina kasalahanana paréntah ratu, mangka éta jalma tuluy teu daék nurut ka paréntah ratuna, ku manéh geus dilampahan salawas-lawasna atawa teu narima kahukuma[n] nu geus ditetepkeun ku manéhna atawa manéhna boga paham atawa kapala nu sakalakuan, teu meunang hanteu kudu ratu nu merangan, nanging saratna ratu kudu ngadamel utusan heula, jalma nu binangkit ka élmu jeung digjaya dina peperangan, supaya utusan aya pituturna nu patut, nanyakeun utusan naon, prakawisna naon nu dipirempagkeun. Lamun supami jalma nu bangga éta ngangaranan yén ratu teu ngalungguhan paréntahna agamana, nanggung utusan leungitna nu ngaran-ngaran tadi yén masih nu bangga téh netepkeun kabanggaannana, kersa uninga utusan yén nu bangga téh badé diprangan yén supami neda innah nu bangga téh nya kudu diantos sawatawis sageus ing diprangan nu bangga téh lalumpatan teu ngalawan wekasan kacepeng teu beunang dipaéhan lamun ngalawan kénéh kudu dipaéhan, sarta kajarah saraja bandana. Lamun geus nurut ka paréntah ratu jeung geus euweuh pangira-ngira mo daék baha deui sadaya barang-barang saraja bandanna kudu kaparinkeun deui. Lamun upama lamun dina papaprangan aya nu paraéh sarta barangna nu rarusak hukumna teu meunang neda wawales, sarta pertempuh, tapi lamun aya jalma nu balilah ka ratu nu teu pisan-pisan ratu ngadamel kasalahan, kalako[n] nu balilah téh diprangan sarta aya nu paraéh sarta barang-barang rarusak, hukumna nu merangan teu meunang naon-naon. Lamu[n] nu merangan sami paraéh atawa rusak barangna éta nu balilah wajib sami katempuhkeun, atawa kabales kapaéhan nu sakitu éta mun puguh nu gaduh gawé.

Perkawis 76

[edit | edit source]

Supama aya nu ngabégal atawa ngampak datang ka nyokot barang pangaji tilu tali pangnyokotna éta barang dienggonna palagi neundeun, hukumna kudu diteukteuk leungeuna katuhu dina lebah ugel-ugel pigelangna, sukuna kénca serta kudu mulangkeun barang nu dicokot ka nu boga. Supami geus kateukteuk daék migawé deui cara éta, hukumna deui diteukteuk leungeuna kénca, sukuna katuhu. Supami geus meunang hukuman sakitu dua kali daék kénéh ngalampahkeun, hukumna teu kénging dipaéhan, ngan katadjir baé. Lamun pangmigawéna sarta maéhan, hukumna nya dipaéhan deui serta dipanjeur lawasna, 3 poé, sanajan ahli warisna nu dipaéhan ngahampura teu kénging éta kudu baé dipaéhan éta. Nanging lamun teu kungsi nyokot barang tina pasimpenan atawa barang nu dicokot kirang ti tilu tali, hukumna katadjir baé sarta mulangkeun barang nu dipaling.

Perkawis 77

[edit | edit source]

Supami aya jalma maling milik pangaos kirang ti tilu tali pangnyokotna tina pasimpenan, hukumna dipotong leungeunna katuhu serta mulangkeun barang nu dipaling. Supama daék maling deui beunangna ngan sarua jeung nu tadi, hukumna dipotong sukuna kénca. Supama purun maling deui, hukumna dipotong sukuna ti katuhu. Upama geus kapotong 4 kali daék kénéh maling, hukumna teu kénging dipaéhan, ngan katadjir baé.

Perkawis 78

[edit | edit source]

Supami aya jalma purun ngarebut boga deungeun pangrebutna jeung pada hareupeun hukumna teu kénging diteukteuk ngan katadjir serta mulangkeun barang.

Perkawis 79

[edit | edit source]

Supami aya jalma maling lawang masigit nu dicokot pangaji tilu kali, hukumna dipotong leungeuna katuhu. Nangin lamu[n] nu kacokot ngan samakna atawa padamaranana sugri nu remen dipakéna, salianna nu dipaké papaés masigit, hukumna teu kénging dipotong leungeun ngan katadjir, sarta mulangkeun barang. Nu kitu éta sugan nu nyokot anu ngalungguhan agama. Supami nu teu ngalungguhan agama mah nya dipotong téa leungeunna.

Perkawis 80

[edit | edit source]

Supami aya jalma nyokot bungkus nu paéh nu geus kawenangkeun ku agama cara nu bungkusna lima atawa sakirangna, hukumna diteukteuk leungeunna ti katuhu. Nu kitu éta sugan kuburna deukeut ka imah. Lamun jauh hukumna katadjir baé serta mulangkeun barang.

Perkawis 81

[edit | edit source]

Supami nu nyokot barang beunang maling—nu kasimpen kénéh ku nu maling, hukumna nu nyokot téh teu dipotong leungeun ngan katadjir baé. Ari barang nu dicokot upami aya nu ngaku éta kudu dibangsulkeun. Lamu[n] nu boga geus paéh kapaparinkeun ka ahli warisna. Lamun sepi salah sahijina, kahaturkeun ka nu nyepeung hukum.

Perkawis 82

[edit | edit source]

Supami jalma mungkir marga katerka maling nanging kasaksian ku jalma dua lalaki, hukumna dipotong leungeunna katuhu sarta meunang pertempuh barang. Lamun kasaksian ku hiji lalaki dua awéwé hukumna ngan ngaluarkeun barang atawa pertempuh teu kénging dipotong leungeunna. Nu kitu ogé lamun kasaksian ku hiji lalaki serta nu nerka purun sumpah nya katempuh barang. Lamun euweuh pisan nu nyaksian, hukumna ngan kasumpah sakali. Nanging lamun nu katerka teu daék sumpah kabangsulkeun ka nu nerka. Sageusing sumpah kudu meunang tetempuh barang ti nu diterkakeun. Lamun nu nerka teu purun sumpah hukumna dilapurkeun panerkana, nu katerka teu meunang naon-naon, serta teu meunang malik ka nerka deui.