Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 37

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 37

Bab pipindahan anu geus kapatutan ku anak masih murangkalih

Perkawis 358

[edit | edit source]

Supami aya nu pepegatan–boga anak–éta anak tacan boga pamilih, hal éta anak anu kudu ngingu biangna tapi bapa nu kudu méré parabna éta anak heubeulna nepika éta anak boga pamilih. Nu kitu éta si awéwé tacan lakian deui. Lamun geus lakian éta anak kudu pindahkeun ka ninina ti indung, nepika luhurna. Lamun euweuh atawa paéh kapindahkeun ka nini ti bapa ka luhurna. Supama euweuh nu sakitu nini jeung nini buyut kapindahkeun ka dulurna istri éta anak. Lamun euweuh pindahkeun ka bibi ti biang. Lamun euweuh kénéh pindahkeun ka kaponakan ti sadérék awéwé.

Perkawis 359

[edit | edit source]

Lamun aya jalma pipisahan boga anak geus gedé geus boga pamilihan, éta mana nu dipilih ku anak téa nyéta nu kudu ngingu. Tapi éta supami anak awéwé milih bapa éta bapa kudu nyaram ka anak ulah sok néang indungna. Lamun anak lalaki milih bapa teu meunang panyaram sarta indung teu meuanng deui néang ka enggon bapana. Yén biang nu dipilih ku anak lalaki ari peuting di indung ti beurang di imah bapa supaya bapa ngawarah kana pagawéan lalaki. Yén awéwé milih indung, éta anak kudu di indung salawas-lawasna tapi bapa meunang néang mah.