Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 36
Appearance
Bab meunang istri ngalepaskeun awakna sawab salaki teu cukup méré sandang pangan
Perkawis 356
[edit | edit source]Supami lalaki teu bisa cukup méré pangan jeung paké ka éwé, jalan tina teu boga, hal éta meunang éwéna haturan ka nu nyepeng hukum supaya neda lepasna awakna ti salakina. Paterap anu kitu éta kudu nu nyangking hukum ngantarakeun tilu poé, lamun geus tilu poé teu bisa ngadatangkeun, kaopat poéna kénging dilepaskeun ti salakina.
Perkawis 357
[edit | edit source]Supami rabi katilar ku salakina ka énggon anu teu puguh, teu ninggalan pikeun pangan-pakéna, hal éta meunang haturan ka hukum neda lepas ti salakina.