Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 35
Bab nipkah nyukupan paké tedana rabi
Perkawis 351
[edit | edit source]Supami jalma boga rabi éta rabi geus kawawa nyangga sakarep salaki sarta bageur nurut ka salaki, éta salaki wajib ngaimahan sarta pakéna pangan kabéh. Ari rupaning imah sawatawis anu pantes dipaké saparhajatan rabi. Ari panganna di nu lalaki malarat sapoéna sakati saparapat béas nu mahi katilu tengah kati, jeung laukna watawis cukup didahar. Ari sandangna dina satahun kudu méré dua kali sapangadeg-adeg sanajan pakéna wareteh kénéh. Jeung wajib méré parabot dadaharan sarta parabot geusan pasaréan sarta saupamana, ngan teu dipastikeun unggal tahun kumaha rusakna baé. Lamun papakéanana leungit teu wajib salaki ngagantian. Ari sakabéh barang nu geus diserahkeun rabi éta kapiboga ku éwé kabéh ngan imah teu katut ka miboga.
Perkawis 352
[edit | edit source]Supami jalma gaduh rabi merdika éta wajib salaki nyawisan jalma hiji baris ngalalayanan. Nu kitu éta manawa saméméh ka pirabi geus tuman dilalayanan ku jalma. Ari pang kudu-kuduna ngalalayanan téh kagawékeun cara ngala cai, nyeseh samping, nyangu sarupana baé dadaharanana gareha.
Perkawis 353
[edit | edit source]Supami caro[g]é manggalehkeun sawarnana panganggo ka gareha sajaba ti nu kudu éta papakéan teu ka piboga ku gareha. Lamun jadi salaya cék gareha paméré cék salaki nginjemkeun baé hal éta kalereskeun pihatur carogé sarta kasumpah sapisan. Kitu deui kalereskeun ahli warisna salaki, yén salaya barang titinggalna, salaki téa, atawa salaya jeung ahli warisna gareha.
Perkawis 354
[edit | edit source]Supami rabi teu nurut ka salaki, hal nu kitu teu wajib dibéré saniskara kawajiban ka gareha sanajan migawéna ngan sakeudeung ka gugur panganna sapopoéna jeung sandangna satengah tahun.
Perkawis 355
[edit | edit source]Supami rabi medal ti imah nu teu jeung paidin salaki, tur keur kaluar salaki aya di imah tuluy salaki ninggalkeun imah, sapungkur salaki euweuh, éwéna mulang ka imah nnnnnnbaléna deui, hal éta salaki teu kawajiban méré sandang pangan ka éwé. Nu kitu sayogya nu nyekel hukum ngahaturanan sarat ka nu nyangking hukum dienggon lalaki téa, pertélakeun yén éwéna geus pulang ka imah baléna deui. Ari geus kabéjaan wajib deui méré dahar méré paké.