Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 34
Bab iddah atawa bilangan mangsa kénging lakian ka nu lian
Perkawis 346
[edit | edit source]supami jalma awéwé dipegat mangsana dipegat dimeneran keur teu bolon, éta lepasna iddah kudu geus tilu kali bolon, éta supami pegatna istri geur teu bolon, lepasna iddah kudu geus bolon opat kali, nu kitu éta lamun awéwé nu kerep pang bolonannana ari henteu mah lepasna iddah téh tilu bulan. Ti waktu dipegat keur reuneuh, lepasna iddab ari geus ngajuru.
Perkawis 347
[edit | edit source]Supami jalma ditinggalkeun paéh ku salaki, éta lepasna iddah opat bulan sapuluh poé, lamun waktu salaki paéh manéh keur reuneuh, iddahna sanggeus ngajuru. Ari iddah budak laskar saparo ning iddah nu merdika. Lamun dina keur reuneuh mah sarua baé jeung istri merdika.
Perkawis 348
[edit | edit source]Supami jalma kapegat mangsa kapegat tacan ngarasa dijima ka nu salaki éta meunang lakian teu kudu maké iddah.
Perkawis 349
[edit | edit source]Supami jalma lalaki boga budak awéwé anyar, éta teu beunang tuluy digundik. Sarat nunggu bolon sakali. Lamun éta budak adatna tara bolon kudu tunggu sabulan. Lamun dina keur reuneuh tunggukeun kana ngajuru.
Perkawis 350
[edit | edit source]Supami jalma kapegat talak tilu éta salakina teu meunang malikan deui nikah. Sarat kudu laki lian heula ka nu séjén sarta kudu geus kajimak. Lamun geus pepegatan deui beunang dibalikan ku salaki heubeul katikah deui.