Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 33

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 33

Bab malikan ka éwé nu teu karana nikah

Perkawis 344

[edit | edit source]

Supami jalma pepegatan jeung éwéna lalaki hiji atawa dua, sarta pang megatna teu jeung diupah-upahan éta salaki meunang malikan éwé teu karana nikah deui sanajan éwé teu daékeun. Anu kitu téh pang malikannana saméméh béak iddahna. Ari nu geus lepas iddah teu meunang malikan tapi sarat kudu nikah deui sarta wasu kana si rabi.

Perkawis 345

[edit | edit source]

Supama jalma dipegat ku salakina pang megatna ku talak hiji atawa dua nu teu jeung kaupaan mangka sanggeus lepas iddahna salakina datang geus aya lalaki séjén, hal éta supami salaki ngangken satacan lepas iddah geus malikkan awéwé teu ngaku, tampa saksi, hal éta kalereskeun pihatur awéwéna sarta sumpah sageusna kate[te]pkeun jadi éwé nu lian téa.