Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 32

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 32

Bab kuluk pameuli talak

Perkawis 338

[edit | edit source]

Supami jalma megat rabina, pang megatna jalan tina pang lakiannana diupahan, hal éta rabi teu beunang diwisésa katikah deui teu jeung manasukana éta rabi.

Perkawis 339

[edit | edit source]

Supami lalaki megat éwéna, sarta pangangkenna pamegatna téh diupahan rabina teu ngaku yén upahan tanpa saksi, hal éta kabenerkeun pihatur éwéna tapi meunang sumpah sapisan sageusna rabina teu katetepan mayar upah jeung salakina teu meunang nikah deui sarat tina sukana si rabi.

Perkawis 340

[edit | edit source]

Lamum rabi boga panerka ka salakina datangka pepegat tapi tina diupahan salakina mungkir tanpa saksi, nu kitu éta salakina nu dilereskaun pihaturna, nanging jeung kasumpahan, sageus sumpah éta istri tetep jadi éwéna deui.

Perkawis 341

[edit | edit source]

Supami jalma megatkeun éwéna, pang pegatna kawisésa hal éta teu jadi pang megatna, sawab pokna pangmegatna teu terus kana haténa, sarta teu kahaja.

Perkawis 342

[edit | edit source]

Supami aya jalma lalaki nundung éwéna, pang nundungna jeung seja megat éta jadi pang megatna, nanging supami salah teu neja pegat dingaranan seja pegat tanpa saksi kalereskeun pihatur salakina, sarta kasumpah, sageus sumpah tetep jadi éwéna deui baé.

Perkawis 343

[edit | edit source]

Supami jalma ngomongkeun ka walina éwéna omongna nitah malikeun ka éwéna téa éta omong mantak jadi megatkeun ka [sa]laki éwéannana, sarta kongang éwéna lakian deui ka nu lian.