Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 31

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 31

Bab nganyatakeun mas kawin

Perkawis 332

[edit | edit source]

Supami jalma nikahkeun anak awéwé atawa saupamana hal éta sayogya kalana nikah yén nyebut mas kawin tapi éta mas kawin teu jadi sarat nikah yén supami kalana nikah nyebut neda kencéng mas kawinna. Éta kénging yén teu daek diajak héés saméméh dibayar mas kawin.

Perkawis 333

[edit | edit source]

Supami nu laki rabi keur nikah maké nyabut mayar mas kawin kencéng mangka salakina teu daék nyerahkeun mas kawin nunggu éwéna nyerahkeun dirina, si éwé teu daékeun nyerahkeun dirina, saméméh dibayar mas kawinna éta paterapna nu sakitu sayogya nu nyekel hukum anu nyekel mas kawin, tuluy nu nyangking hukum ngawisésa supaya éta awéwé daékeun nyerahkeun dirina sanggeus kaserahkeun éta mas kawin ku nu nyangking hukum, tuluy serahkeun ka éta awéwé.

Perkawis 334

[edit | edit source]

Supami lalaki nyandung sarta geus maranti pangembulanana jeung salah sahijina awéwé éta, hal éta wajib ngagilirna ka éwéna nu hiji deui, nu kitu éta supami nurut kumaha saparéntahna salalaki sarta wajib deui lalaki téh yén ngaimahan éwang-éwangan.

Perkawis 335

[edit | edit source]

Supami jalma awéwé nyentak merengutan ka salakina, hal éta salakina kudu magahan pamrih kana kahadéanana éta rabi sarta sina nyaho yén rabi wani ka salaki, nu kitu saruana mo meunang pangajeng mo meunang giliran, yén supami teu ngagugu pitutur masih daék ngalampahan cara éta, kongang salakina ngagebugan sawatarana.

Perkawis 336

[edit | edit source]

Supami lalaki nyandung mangka teu daék mikiran ka éwéna, teu méré balanja, éta nu nyepeng hukum nu ngawisésa ka éta lalaki sina ngagilir jeung sina méré balanja ka éwéna. Lamun salaki nyieun kanyeri haté rabi cara nyarékan tanpa sawab jeung salian-lianna éta nu nyepeng hukum kudu maréntah ngeureunan panggawéna, kitu teu kénging ditadjir mah tapi mun geus diparéntah hanteu nurut beunang ditadjir.

Perkawis 337

[edit | edit source]

Supami jalma laki rabi sami aturan ka nu nyangking hukum si salaki mihatur kagoréngan éwé siémi hatur goréng salaki, hal éta yén nu nyepeng hukum geus uninga kasalahana nu salah sahijina mangka éta kudu caram éta nu salah ulah migawé kitu. Lamun geus dipagahan masih baé karepna parebut omong datangka sili carékan dipayunan hukum hal éta ahli hukum kudu nyerahkeun ka ahli warisna si awéwé, nu lalaki serahkeun ka ahli lalaki, supaya éta ahli duanana parempugan mamrih kana kasaéannana mangka mamrih ahli lalaki ragrag talakna ari ahli awéwéna mamrih miyoskeun pameuli talak, supama teu daraékeun ngalampahan nu cara kitu sayogya nu nyepeng hukum nerapkeun ka salah saurang atawa ka duanana nu sarua teu bener panggawéna.