Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 30
Bab Nganyatakeun guguring nikah teu jeung katalak
Perkawis 324
[edit | edit source]Supami [aya] nu boga salaki édan atawa budug atawa belang kacida mantak nyebelkeun, hal éta istri meunang ngalepaskeun tina jadi éwé lalaki éta, tapi teu beunang lamun geus karandegkeun. Kitu deui kénging istri ngalepas jadi éwéna supami éta lalaki potong dakarna. Kitu deui meunang istri ngalepas lamun salakina boga panyakit peluh, nu kitu éta manawi tacan ka ajak jima.
Perkawis 325
[edit | edit source]Supami bapa sarta saupamina, éta bapa nikahkeun anakna istri, mangka nu jadi minantu salaki anak téa boga panyakit édan atawa budug atawa belang kacida, hal éta kénging bapa ngaragragkeun panikahna anak. Anu kitu éta lamun panyakit bawana ti saméméh nikah sanajan jadi sukana éta anak. Nanging saupama panyakitna datangna sanggeus nikah, éta bapa teu kongang ngarusak. Ari anak mah meunang ngalepaskeun dirina ti salaki sawab ku kasakit téa.
Perkawis 326
[edit | edit source]Supami awéwé geus jadi éwé deungeun, mangka awéwé aya celana cara édan budug belang kacida atawa parjina katuruban ku daging, meunang lalaki ngalepas teu jeung talak.
Perkawis 327
[edit | edit source]Supami aya nu laki rabi salah sawijina sami ngana ragragkeun tikah marga tina aya cela, hal éta supami istri tacan kaduhul teu wajib salaki mayar mas kawin. Lamun geus kaduhul mah wajib mayar mas kawin.
Perkawis 328
[edit | edit source]Supami istri nerka salaki boga panyakit peluh, mangka salakina mungkir tanpa saksi, hal éta kalereskeun pihatur salakina sarta kasumpah sapisan. Lamun salakina teu daék sumpah, éwéna sina sumpah, sanggeus sumpah katetepkeun sapanerkana si awéwé téa. Nanging wajib nu nyangking hukum ngeureunkeun satahun supaya si lalaki nyiar dina tamba, sanggeus satahun kitu kénéh beunang dilepaskeu[n] jadi éwé éta lalaki.
Perkawis 329
[edit | edit source]Supama jalma nipuh ngéwéanan budakna awéwé diawalkeun jalma merdika hal éta supama kungsi anakan hukumna éta anak merdika. Nanging nu miéwé wajib mayar rega anak, hartana kaserahkeun ka nu gaduh budak téa. Sanggeus éta uang kabayarkeun kénging nu katipuh neda tetempuh rega ning anak ka nu migawé nipuh.
Perkawis 330
[edit | edit source]Supami jalma jaler merdika teu kénging nikah ka budakna ku manéh boa meunang lamun teu boga éwé nu merdika, kadua sabab teu kawasa lamun éwéan ka nu merdika, katilu supami teu kalampah éwéan ka budak téa mantak ngalampahkeun panggawé jinah.
Perkawis 331
[edit | edit source]Supami aya awéwé budak ka rabi nu sasamina budak lebetna éwéan lakian ka merdikakeun si budak awéwé, hal éta nu meunang ngalepaskeun salaki.