Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 3
Bab ngaleungitkeun akal nu teu katingali.
Perkawis 49
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaleungitkeun akal pada jalma, tatrapannana meunangna ngaleungitkeun akal marga kacabok sirahna, atawa salianna nu sarupa jeung éta nu mantak ngaleungitkeun akal, hukumna teu beunang dileungitkeun akalna deui, sabab susah panggawé ngaleungitkeun akal. Ngan kadengda 100 onta atawa 1000 dinar. Nanging lamu[n] nu nyabok teu percaya leungitna akalna ku panggawéna, kudu sarat kapariksa nu dicabok éta, teu jejeg ucapna pertingkahna dina waktu enggo[n] nu sepi. Ari geus kapanggih saratna katetepkeun dengdana, jeung euweuh nu kasumpah tadi pang leungitna akalna angot-angotan sakapeng aya akalna sakapeng euweuh éta kasumpah. Pang nyumpahna dimana keur aya akalna, nanging ka akal pariksa nu kacabok leungit akalna dina enggo[n] nu sepi masih jejeg ucapna pratingkahna euweuh nu kapanggih yén éta jalma leungit akalna, hukumna nu nyabok kasumpah sakali serta tadjir baé, teu kadengda.
Perkawis 50
[edit | edit source]Supama jalma ngaleungitkeun ceuli sasama ning manusa duanana sarta pangreungeuna pisan leungit, hukumna nya dileungitkeun deui ceulina duanana sarta kadengda tina ngaleungitkeun pangreungeu réa 100 onta atawa 1000 dinar. Lamu[n] nu ngaleungitkeun pangreungeu teu percaya, saratna kacoba kana sawiji-wiji anu tarik sorana serta nu dipikasieun dina waktuna keur wéyana reuwaseun ekeurna dicoba dibohongkeun leungit pang déngéna nanging nu boga gawé kasumpah ping sapisan manawi keur pareng ngadéngé sageus sumpah teu bijil dengda. Lamun keur dicoba teu reuwaseun katetepkeun haturanana nu leungit pangdéngéna tapi kasumpah kapingsapisan nu boga lampah katetepkeun kadengda, cara nu geus kasebut tadi.
Perkawis 51
[edit | edit source]Supama jalma nyudakeun pangreungeu ceuli jalma duanana, hukumna kadengda, nurut pasuda ning pangreungeu. [S]améméh suda bisa ngarenge jauhna 100 depa, sageus suda ngan watara 50 depa, éta kadengda 50 onta, atawa 500 dinnar.
Perkawis 52
[edit | edit source]Supama jalma ngalolongkeun panon jalma duanana, hukumna sami jeung nu ngaleungitkeun pangreungeu duanana, nanging nu ngaleungitkeun paningal sarta maripatna dua, hukumna nya sarua kénéh baé kadengda 100 onta, atawa 1000 dinar. Sabab paningal jeung maripatna jadi hiji. Upama nu boga dosa teu percaya éta jalma leungit paningalna parat ka coba ku nu mantak pikasieuneun ku pakarang rék disogokkeun keur waktu wéa, mangka nu rék dicolok ngarénjag, dibohongkeu[n] pangangkena teu nyeeng tapi nu dosa kasumpah kapi[ng]sapisan. Lamun teu ngarénjag katetepkeun pihaturna leres tapi kasumpah sakali sarta nu boga lampah mayar dengda 100 onta, atawa séwu dinar, nu ngaleungitkeun paningal hukumna sami jeung nu nyudakeun pangreungeu.
Perkawis 53
[edit | edit source]Supama jalma ngaleungitkeun pangucap k[a]pada jalma hukumna kadengda 100 onta atanapi 1000 dinar. Ari dengda nu ngaleungitkeun pangucap kabagi jadina 28 aksara, cara saupama jalma nu ngaleungitkeun sapalihna reureungeuan, 280 dengdana, 50 onta, atawa 500 dinnar. Supama nu ngaluengitkeun reureungeuan sapertiga ning aksara, 28 dengdanna nya sapertiga [tina sa]ratus onta, atawa sapertiga ning 100 dinnar.
Perkawis 54
[edit | edit source]Supama jalma ngaleungitkeun raos ka sasama ning jalma cara dadaharen raos pangsét, amis, pelem, jeung saupa sami sarupa nning nu beunang diraoskeun, hukumna kadengda 100 onta, atawa 1000 dinnar, wéndénning dengdana nu kaleungitkeun raosna kaparinci jadi 5; cara amis, asem, pait, niis, pangsét. Lamu[n] nu dileungitkeun raosna salah sahiji ti raos nu 5, hukumna kadengda saperlimana onta 100 atawa perlimana ti 1000 dinnar nepika saurutna.
Perkawis 55
[edit | edit source]Supama aya jalma ngagebah ka budak nu tacan boga pikir, atawa nu édan, éta budak enggonna aya di luhur loténg atawa nu édan téa, atawa aya di sisi sumur, kagebah kagét nepika paéhna hukumna nu ngagebah kadengda 100 onta, atawa 1000 dinar. Teu beunang dihukum pati sawab panggawé nu kitu teu lumrah narik kana paéh, tapi lamu[n] nu digebah jalma nu geus boga pikir, hukumna ngan ka tadjir baé teu kadengda cara éta.
Perkawis 56
[edit | edit source]Supama aya jalma neundeun budak di leuwueng mangka budak dihakan ku sato galak ku maung sarta ku sasamina, hukumna ngan ka tadjir baé, sawab adatna sato galak samangsa papanggih jeung jalma ari di nu lega lumpat. Nanging supami nu diteundeun laskar beunang meuli, hukumna katempuhan regana. Laskar lamun pang neundeunna dina kandang maung, utawi sasamina éta hukumna nu neundeun dipaéhan.
Perkawis 57
[edit | edit source]Supama aya jalma ngudag sasama ning manusa, sarta pangudagna mawa pakarang ngalugas ngabar-ngabar pakarang sakinten mantak sieun, mangka nu diboro lumpat paéh poso dugdug nyuuh atawa tuluy ngecebur ka sumur atawa kana nao[n] nu sarupa mantak rusak, datang ka paéh, hukumna teu beunang dipaéhan atawa kadengda, sabab karusak kana éta bijil tina karepna ku manéh ngan ka tadjir baé, supaya ulah wani nyieun kalakuan kitu deui. Nanging lamun pangabusna kana sumur téh tina teu uninga, upama cara nu kabujeung téh lolong atawa poék hukumna nu ngudag kadengda 100 onta, atawa 100 dinar, kitu gé lamu[n] nu diborowan téh murangkalih nu tacan gaduh pikiran saé.
Perkawis 58
[edit | edit source]Supama jalma nyieun sumur di enggon deungeun nu tacan meunang wewenang pangnyieuna téh éta sumur dijala nu singget, mangka aya jalma tikunclung di sumur éta datang ka paéh, sarua baé ti peuting atawa ti beurang pang ragragna, hukumna nu nyieun sumur kadengda 100 onta atawa 1000 dinnar. Nu kitu éta pang ragragna teu dihaja. Lamun asupna ngahaja teu ka hukuman dengda ngan ka tadjir baé.
Perkawis 59
[edit | edit source]Supama jalma nyieun lombang di imahna ku manéh mangka nyelukan jalma atawa budak nu geus boga pikiran. Barang asup ka imah éta nu diala tuluy tikunclung kana lombang sumur tuluy paéh, éta hukumna teu beunang dipaéhan, ngan kadengda 100 onta, atawa 1000 dinar. Nanging lamun murangkalih nu tacan boga pipikiran, kahukum dipaéhan.
Perkawis 60
[edit | edit source]Supama aya jalma neundeun gentong atawa salianna di enggonna ku manéh tina marga kaanginan rubuh nindihan jalma sahingga jadi karusakanana datang ka paéh atawa henteu tina karusakan baé, nu boga gentong teu kahukuman naon-naon, sawab tina panggawéna patut jeung jalma nu réa.
Perkawis 61
[edit | edit source]Supami aya jalma ngahurungkeun seuneu di enggonna ku manéh, waktu ngahurungkeun keur aya angin gedé atawa keur euweuh angin, nanging ngahurungkeunnana leuwih gedé, mangka ngarusakeun ka sawiji-wiji, hukumna katempuhan. Saupama nu rusak éta jalmana datang ka paéh hukumna ka dengda réana 100 onta atawa 1000 dinnar. Lamun nu rusak lain manusa katempuhan baé kudu mayar rega éta nu rusak.
Perkawis 62
[edit | edit source]Supama jalma boga imah pipi jalan, ari imah maraké dodongkléh atawa pancuran naragog ka jalan, saupami ngaruntuhan salah sawijina datang ka mantak rusak, hukumna katempuhan. Nanging lamun nu katindih saluareun pager baé, hukumna katempuhan sadaya. [N]anging nu rusak saluareun pager sarta sajeroning pager, hukumna katempuhan saparona, sawab lamun dijero pager baé teu kudu katempuhan. Nu kitu éta supami dodongkléh sareng pancuran saparo kaluareun pager ngungkulan jalan, saparo jeroeun pager.
Perkawis 63
[edit | edit source]Supami jalma nyieun imah dicondongkeun ka jalan, atawa ka enggon deungeun, mangka ngarubuhan sawiji-wiji nu mantak jadi karusakan, supami resakna marga katinggang ku nu condong téa baé, hukumna katempuhan sadaya. Yén rusakna marga katinggang-katinggang ku nu condong, sarta ku nu teu condong, hukumna katempuhan saparo ti nu teu condong, karana nu teu condong teu kudu katempuhan.
Perkawis 64
[edit | edit source]Supami jalma nyiyeun imah jejeg lawas-lawas condong datang ka rubuh, ngarusakeun ka sawiji-wiji, hukumna teu katempuhan sawab condongna lain dihaja.
Perkawis 65
[edit | edit source]Supami jalma miceun sawiji-wiji nu laleueur cara kulit samangka, kulit cau, atawa nu sarua jeung éta, dipiceun ka jalan nu lumbrah diambah manusa, mangka ngalabuhkeun jalma datang ka karusakan marga ku panggawé, éta hukumna nu miceun katempuhan. Anu sakitu soté lamun nu nyorang teu uninga, lamun nu uningaeun mah teu mantak katempuhan.
Perkawis 66
[edit | edit source]Supami aya jalma nyieun lombang-lombang nu teu wenang kapigawé sarta aya deui jalma neundeun batu nu teu umum, neundeunna lain dina enggonna ku manéh, mangka aya jalma nu najong, éta batu tuluy tigurubag kana lombang, kapaéh, hukumna kadengda 100 onta atawa séwu dinar. Ari nu nyieun lombang katadjir baé, sawabna datang ka mantak karesakkan atawa paéh marga panggawé nu neundeun batu, nanging lamun pangneundeunna dienggonna ku manéh hukumna nu nyieun lombang kadengda séwu dinar.
Perkawis 67
[edit | edit source]Supami aya jalma tilu neundeun batu dienggon nu teu wenang, nu hiji jalma neundeun hiji batu, nu duaan neundeun hiji batu saurangna, mangka katajong ku jalma datang ka karusakannana, hukumna katempuhan saurangna kawratan sapertigan tetempuh. Réana tetempuh lamun nu najong datang ka paéh, 100 onta atawa 1000 dinar. Lamun teu kungsi paéh mah ka piturut baé cara hukum budak anu mantak nyudakeun kana rega.
Perkawis 68
[edit | edit source]Supami aya jalma neundeun batu dienggon nu teu wenang, tuluy katajong ku jalma datang ka pindah enggonna éta batu téh, aya deui hiji jalma nu najong datang ka jadi karusakannana nu najong panderi, hukumna nu najong tiheula katempuhan. Nu boga teundeun katadjir baé.
Perkawis 69
[edit | edit source]Supami aya jalma leumpang najong jalma nu keur cingogo atawa nu keur diuk jeung nu keur nangtung, pang najongna di jalan nu lega, mangka nu ditajong paéh, nu najong paéh atawa salah sawiosna baé, éta nu ditajong teu katempuhan, di nu najong katempuhan. Tapi lamun jalana ruwek mah teu katempuhan, sabab jalana singget.
Perkawis 70
[edit | edit source]Supama aya jalma dua sami patubrug-tubrug ngahaja atawa teu dihaja, pangharituna di jalan supami datang ka paéh salah saurang, éta kudu katempuhan saparoning tetempuh—yaktosna 50 dinar réaning pertempuh éta. Lamun patubrug-tubrugna maké tungtunggangan, mangka pada paéhna nu numpakan jeung nu ditumpakan merga panggawéna, éta sarua legana nu numpakan jeung nu ditumpakan atawa henteu, mangka katempuhanana sapalihna lega tutunggangan—hartosna supama lega tutunggangannana nu saurang lega 100 nu saurang ngan harga sapuluh réal mangka nu lega 100 pertempuhna 50 nu harga 10 réal ngan meunang pertempuh lima réal.
Perkawis 71
[edit | edit source]Supami aya jalma marebutkeun tali hiji geus sili tarik datang ka pegat ku panggararawéna datang ka sami gebis atawa labuh, saingga datang ka marenang karesakan duanana, hukumna sami katempuhan sapalihna pertempuhna—hartosna saparoning pertempuh di dalem hal paéh sahiji ngan mayar onta 50 atawa 500 dinar, nanging lamun éta tali dipegatkeun ku nu séjén lian ti nu parebut, hukumna nu katempuh anu megatkeun éta tali, hukumna nu megatkeun katempuhan 100 onta atawa 1000 dinar, sabab aya papatén marga tina panggararawéna.
Perkawis 72
[edit | edit source]Upami aya jalma ngagebug beuteung nu reuneuh, mangka bijil ka kandungannana kapanggi[h] geus paéh marga digebug, hukumna katempuhan warna laskar, sahiji nu euweuh cacadna, éta pertempuh kapaparinkeun ka ahli warisna. Lamun kaluarna éta anak hirup jeung euweuh panyakitna kari-kari paéh éta teu katempuhan, sawab kaétang lain paéh sawab dipepeh beuteung indungna, kalebet tina panyakit séjén. Lamun mangsa kaluar éta orok geus paéh atawa mawa panyakit ti jero beuteung tetep panyakitna datang ka paéh, éta nu ngagebug téh kadengda 100 onta atawa 1000 dinar.