Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 29
Bab anu kénging jadi wali
Perkawis 320
[edit | edit source]Supami aki ti bapa nikahkeun incuna–istri ti putra lalaki nikah ka putu lalaki nu ti anak lalaki–éta incu barudak kénéh, hal éta aki téh kénging ngawalianana sarta narimakeun panikahna téa.
Perkawis 321
[edit | edit source]Supami aya awéwé rék carogéan teu gadu wali ngan boga anak paman ti bapa tapi nyaéta anak paman téa nu rék mirabi ka pribadina éta teu meunang ngawalian, kudu nu nyangking hukum anu ngawalian.
Perkawis 322
[edit | edit source]Supami jalma nu nyangking hukum rék nikah ka istri nu teu boga pisan wali éta nu nyepeng hukum teu meunang ngahiras jadi wali, kudu ka nu nyangking hukum anu lian nu ngawalian.
Perkawis 323
[edit | edit source]Supami aya budak lalaki, éta budak teu kénging nikah lamun tacan aya paidin ti bandarana. Kitu deui juragan atawa bandara teu meunang ngawisésa nitah éwéan ka budakna lalaki, ngan meunang juraganana ngawisésa ka budakna awéwé, sarua baé budak ngora kénéh atawa kolot, cawéné kénéh atawa randa.