Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 28
Bab jalma awéwé nu teu meunang nikah
Perkawis 314
[edit | edit source]Demi istri nu teu meunang nikah réana dalapan welas, cara indung ka luhur, anakna awéwé kahandapkeun, sadérék istri, alo istri—anak ti dulur lalaki, alo istri ti dulur istri, bibi ti bapa, bibi ti biang, indung pupu kaluhurkeun, anak istri sapupu kahandapkeun, sadérék istri sapupu, alo istri ti dulur lalaki sapupu, kaponakan istri ti dulur istri sapupu, bibi ti bapa sapupu, bibi ti biang sapupu, indung rabi—mitoha baé kaluhurkeun, popotongan anak éta ulah anu éwé bapa, anak téré awéwé nu indungna gakajimah.
Perkawis 315
[edit | edit source]Supami jalma ngajima minantu lain dihaja hal éta ragrag talakna anak téh ka éwéna marga cara nu tadi téa. Kitu deui nu ngajima mitohana atawa anak té sami lain dihaja éta pon ragragan talakna ka éwéna.
Perkawis 316
[edit | edit source]Supami jalma lalaki nu geus nguren éta teu meunang nikah deui ka dulurna nu geus katikah atawa nikah alona pamajikan sarua baé ti bapa jeung ti indung jeung teu meunang nikah bibina éwé ti bapa atawa ti biang. Hal éta supami kakumpulkeun kacandung ngaranna.
Perkawis 317
[edit | edit source]Supami jalma lalaki geus ngabogaan éwé tuluy nikah adi beuteung dulur éwé atawa saupamana nu teu beunang kareujeungkeun panikahna, hal éta teu jadi panikahna. Lamun pang nikahna bareng éta teu jadi duanana.
Perkawis 318
[edit | edit source]Supami jalma lalaki merdika nikah awéwé lima pang nikahna dibarengkeun éta panikahna teu jadi kabéh lamun supami ganti-ganti pangnikahna di nu kalima éta teu jadi sawab panyokotna nu diweunangkeun opat.
Perkawis 319
[edit | edit source]Supami jalma istri hiji ditikah ku lalaki dua jalan ti panitah éta awéwé ka dulurna lalaki dua dulur nu sabapa sabiang éta lamun nikahna bareng teu jadi duanana. Lamun ganti-ganti pangnikahna mana nu tiheula éta nu jadi. Supami nu tiheula nikahna tapi poho migawéna éta istri teu beunang kaserahkeun ka salah sahijina sarta teu meunang lakian ka nu séjén. Nanging lamun éta awéwé ngangken panikahna jalma dua téh salah sahaiji nu ti heula éta katetepkeun pihaturan awéwé téh jadi éwéna nu nikah tiheula nanging nu saurang deui kénging yén neda sumpahna éta awéwé.