Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 26
Bab nikah
Perkawis 299
[edit | edit source]Supami aya jalma lalaki sanget kahayangna ka istri sarta boga pikeun prabéakna éwéan cara pikeun mas kawina, pakéanana, dahareunana, ngaimahanana, hal éta sayogya éwéan supama pang éwéanana bisa ngaraksa agama. Yén supami aya jalma banget hayang ka awéwé ari pikeun miara rabi teu boga, hal éta sayogyana ulah garetaan, ari kahayangna nu banget téa ka awéwé sayogya leungitkeun kudu ngalampahkeun migawé puasa. Ari lalaki nu teu boga karep ka awéwé atawa teu boga duit nu badé balanja rabi, hal éta teu manggih kasaéan sawab deukeut kana nilar kana pagawéan nu kudu cara dahar sandangna éta istri. Ari sayogyana jalma nu ngarepkeun ka awéwé awit rék milih netepan agamana ka nu cawéné kénéh, katilu ulah ka baraya nu deukeut, kapingpat anu saé rupana, kalima ngarah bébét anu seueurseupeunna.
Perkawis 300
[edit | edit source]Supami jalma lalaki rék ngarepkeun ka awéwé, éta kénging nanya ka istri nu rék dipirabi. Hal éta supama istri téh bujang sarta teu di jero iddah–jalma nu geus jadi éwé deungeun nanging tacan meunang lakian ka nu lian, meunangna kudu geus nepika mangsana. Cara waktu dipegat keur reuneuh tapi éta awéwé téh remen bolonna, hal anu kitu éta béakna iddah sageus suci tilu kali ti pang hélna éta téh. Yén awéwé tacan bolon atawa hél téa atawa geus eureun ngagetih nya luas bolon hal éta béak iddahna tilu bulan kaitung éta istri waktu dileupaskeun. Ari randa nu paéh iddahna béakna opat bulan sapuluh poé.
Perkawis 301
[edit | edit source]Supami aya jalma awéwé diajak papasinian ku lalaki bébérehna yaktina nu rék mirabi éta teu kénging lalaki séjé[n] neda ka awéwé nu rék ditikah. Aya nu kénging lamun pang bénéberehna geus diburungkeun, sami baé nu ngabadakeun lalaki atawa awéwé.
Perkawis 302
[edit | edit source]Supami jalma dipéntaan rempug dina bab patepungan anu éwéan lakian sarta nu diajak rempug supaya ngabéjakeun hadé goréngna jalma nu rék dipikarep téa, hal éta kudu nu diajak rempug ngabéjakeun hadé atawa goréng.
Perkawis 303
[edit | edit source]Supami jalma rék nikah ka istri hal éta kudu neda sami ayana jalma lalaki awit nu rék nikahkeun atawa gagantina, kadua walina–bapa atawa saliana, katilu nu rék nikahkeun, opat saksina–jalma lalaki dua nu sami nguningakeun ngareungeukeun polah nu jadi wali sarta pokna ki pangantén nu ditikahkeun.
Perkawis 304
[edit | edit source]Supami istri nikahken prabadina atawa jadi wakil ti lalaki nu badé nikah ka pribadina atawa saliana, hal éta teu beunang diluluskeun sawicantena istri éta hartosna teu sah panyariosan éta istri tapi kénging kalereskeun wicantena istri yén ngaku geus jadi rabi nu lian nu kitu éta lamun lain murangkalih lembut atawa teu édan sarta nu diangken kalereskeun pangangkena éta istri sumilih walina ngabohongkeun.
Perkawis 305
[edit | edit source]Supami aya bapa atawa aki ti bapa salah sawijina ngangken geus nikahkeun anakna istri atawa ka incuna istri nu ti anak lalaki atawa bandarana ngangken geus ngalakiankeun budakna awéwé, hal éta sami kaanggap pihaturna éta nanging supama ngangken nikahkeun lian ti jalma nu tilu prakara téa cara dulur lalaki éta teu beunang dilereskeun pihaturna sabab dulur teu jadi pang nikahkeunana yén teu jeung idina sadulur istri nu ditikahkeun.
Perkawis 306
[edit | edit source]Supami aya murangkalih istri cawéné kénéh mangka katikahkeun ku ayahna atawa aki ti bapa, pang nikahkeunnana éta murangkalih téh teu ditanya heula suka henteuna, hal éta kénging sarta sami kaluluskeun pang nikahkeunnana nu kitu éta bisi anak jeung bapa henteu pareng keur pacogrégan handeueul manah sarta pang nikahkeunnana téa maké mas kawin sapatutna jeung nu nikahkeun jalma lalaki nu nyaruaan sahajatna.
Perkawis 307
[edit | edit source]Supama awéwé lain cawénéh–sami baé sepuh atawa ngora kénéh, hal éta teu meunang bapa na sarta nu lian nikahkeun anak nu geus leungit cawénana lamun teu tina pasuka anak istri étal tea.
Perkawis 308
[edit | edit source]Supami jalma istri rék nikahkeun hal éta teu meunang lamun teu maké wali. Ari wali téa kudu bapa atawa aki ti bapa ka luhur-luhurna. Euweuh aki, dulur lalaki nu sabapa sabiang. Euweuh éta supa dulur lalaki nu sabapa baé atawa alo anak ti dulur lalaki nu sabapa saindung. Euweuh éta, alo ti dulur sabapa baé datang ka handap-handapna jeung paman dulur bapa sabapa sabiang. Mun euweuh éta dulur nu sabapa baé. Mun euweuh éta, meunang ku paman dulur bapa sabiang baé. Mun asal budak, teu manggih cara nu geus kocap di luhur, juragana nu merdikakeun dirina. Lamun euweuh pisan, tuluy ku jalma lalaki nu nyekel hukum nu nikahkeun.
Perkawis 309
[edit | edit source]Supami jalma istri lakian, anak lalaki teu meunang ngawalian [ka biang] nanging lamun putra jumeneng ratu atawa nyepeng hukum atawa ngamerdikakeun indung lamun asal beunang meuli, hal nu kitu kénging anak ngawalian.
Perkawis 310
[edit | edit source]Supami jalma awéwé asal budak nanging nu merdikakeun sami istri, hal éta mana nu jadi walina téa nu merdikakeun éta kénging lamun ngawalian. Tapi lamun nu merdikakeun geus paéh hal éta nu diheulakeun anak ti bapa pang ngawalianana ka éta awéwé nu geus dimerdikakeun ku ibuna téa.
Perkawis 311
[edit | edit source]Supami jalma awéwé rék ngurenya imah-imah bapana keur pareng leumpang jauhna opat likur jam, éta aki atawa saliana teu meunang ngawalian, kudu nu nyangking hukum anu ngawalian.
Perkawis 312
[edit | edit source]Supami jalma istri boga pamilih rék lakian ka hiji lalaki nu pisamieun jeung hajatna, hal éta meunang bapa aki nyegah teu nurutkeun kahayang anak. Anu kitu sotéh lamun anak cawéné kénéh.