Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 25
Bab waris
Perkawis 239
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal barang, keur éta téa barang teu kénging yén kabagi ka ahli waris saméméh lunas mayaran hutangna anu paéh, hutangna katanggungannana cara kabayarkeun kahutangna atawa kacokotannana, kapaké balanja paéh cara bungkus, jeung mayar nu ngadamel ruangan, atawa nu ngagotong. Sageusna cukup, kapaké mayar, sarta kapaké balanja sakarina, titinggal éta anu kabagi. Ari sipatna nu sami meunang waris jalma 4 prakawis. (1) Awit bangsa cara anak putu jeung saupamana, ga (2) dua pamajikan atawa éwé, (3) kaping tilu nu mardikakeun ka manéhannana—lamun nu paéh éta asal tina budak, (4) kaopat anu tunggal agama.
Ari jalmana lalaki nu sami meunang waris réana 15: (1) nu kapisan anak lalaki, (2) ga dua putu lalaki, nu tilu anak lalaki sarta kahandapna, (3) katilu bapana, (4) kaopat akina ti bapa kaluhurna, (5) kalima sadérék lalaki sabapa saindung, (6) kagenep sadérék sabapak baé, (7) katujuh sadérék saindung baé, (8) ka dalapan sadérék bapa lalaki nu saibu sarama, (9) kasalapan sadérék bapa sabapak baé, (10) ping sapuluh anak lalaki anak sadérék bapa lalaki nu cara masa ibu, (11) ping sawelas anak lalaki anakna dulur bapa sabapa baé, (12) dua welas anakna lalaki sadérékna lalaki sabapa saindung, (13) katilu welas anakna lalaki sadérékna lalaki sabapa baé, (14) kaopat belas jalma lalaki anu merdikakeun ka dirina lamun manéh anakna asal budak, (15) lima welas anu tunggal agama.
Ari istri nu meunang waris 10: (1) awit anakna awéwé, (2) kadua putu awéwé ti anak lalaki sarta ka handap-handapna, (3) katilu indung, (4) kaopat nini ti bapa, (5) kalima nini ti indung sarta ka luhurna, (6) kagenep sadérék sabapa saindung, (7) katujuh sadérék istri sabapa baé, (8) kadalapan dulur saindung baé, (9) kasalapan rabi, (10) kasapuluh istri nu merdikaken lamun nu paéh asalna tina budak.
Perkawis 240
[edit | edit source]Supami jalma istri paéh, lalaki nu geus kasebut di luhur tadi aya kabéh, jeung éta nu meunang waris ngan 3: cara anak lalaki, bapa, salaki. Sawab ku nu lalaki nu 12 sami kapindingan ku anak lalaki atawa kapindingan ku bapana nu paéh.
Ari barang titinggal kabagi jadi 14 bagian: saprapatna kapiboga ku salaki, saparenem kabogaan ku bapa nu kari tujuh duuman sami kapiboga ku anak lalaki sadaya.
Perkawis 241
[edit | edit source]Supama lalaki nu paéh, mangka istri nu geus kasebut di luhur tadi sami aya sadaya, keur éta ngan 5 jalma nu meunang waris: cara anak istri, putu istri ti anak lalaki, dulur istri sabapa saindung, rabi, indung. Sawab nini kapindingan ku indung.
Demi jalma awéwé nu merdikakeun sarta sadérék istri sabapa baé éta kapindingan ku sadérék sabapa sabiang.
Ari sadérék istri saindung-indung baé éta kapindingan ku anak istri. Paterap nu kitu éta barang titinggal téa kaparinci jadi 24, kaboga ku rabi saperdulonna (3 bagéan), kapiboga ku anak istri saparona ti opat likur (12 bagéan), kagaduh ku incu istri saparanem (4 bagéan) ti opat likur, kaboga ku biang saparanem (4 bagéan) ti opat likur, kapiboga ku sadérék istri sabapa sabiang sahiji bagian (1 bagéan).
Perkawis 242
[edit | edit source]Supami jalma lalaki paéh, mangka lalaki jeung istri nu kasebut diluhur tadi sami aya sadaya, keur éta ngan jalma 5 nu meunang waris: dua nu lalaki cara anak jeung bapa, tilu nu awéwé cara biang, anak istri, rabi. Paterapna nu sakitu éta parinci jadi 72: kapiboga ku bapa dua welas bagian (12), ka indung dua welas bagian (12), ka rabi salapan bagian (9), ka anak istri tilu welas bagian (13), kabogaan ku anak lalaki genep likur bagian (26).
Perkawis 243
[edit | edit source]Supami awéwé paéh mangka lalaki jeung istri nu geus kasebut di luhur tadi sami aya kabéh keur éta, ngan jalma lima nu sami meunang waris: cara anak lalaki, bapa, salaki; nu istri dua cara anak istri, biang. Paterapna nu kitu éta barang titinggal kaparinci jadi 36: ka bapa saperanem (1/6), ka biang saparaneman (1/6), ka salaki saprapat (1/4) sakarina ka anak lalaki dua duuman, ka anak awéwé saduuman.
Ari pang duumna jalma nu sami meunang waris nu geus kaparéntahkeun ku gusti Allah ngan 6 perkawis;
- Cara meunang saparona titinggalan,
- Kadua meunang 2/3 ning titinggal,
- Katilu meunang 1/3 ning titinggal,
- Kaopat meunang 1/4 titinggal,
- Kalima meunang 1/6 titinggal
- Kagenep meunang 1/8 ning titinggal.
- a.) Ari nu meunang waris 1/2 titinggal jalma 5 perkawis lamun cara salaki nu paéh teu tinggal anak sarta putu ti anak lalaki, kadua anak istri, katilu putu istri ti anak lalaki, kaopat sadérék istri nu sabapa sabiang, kalima dulur istri nu sabapa baé. Nu kitu éta saupami anak istri putu istri nu ti anak lalaki sadérék istri nu sabapa sabiang atawa sabapa baé sami nyorangan.
- b.) Ari nu meunang 2/3 réana 4 perkawis; cara anakna istri dua atawa langkung, kadua pu istri dua atawa leuwih nu bijil ti anak lalaki, katilu sadérék istri dua atawa leuwih nu sabapa sabiang, kaopat sadérék istri dua atawa leuwih nu sabapa sabiang.
- c.) Ari nu meunang 1/3 réana 3 perkawis supami biang nu paéh teu tinggal anak putu nu bijil ti anak lalaki, sarta teu tinggal dulur lalaki dua atawa leuwih serta teu tinggal dulur istri dua atawa leuwih, kaping tilu sadérék sabiang baé dua atawa leuwih. Nanging aya mangsa aki meunang sapratigana supami nu paéh tinggal dulur lalaki dua atawa leuwih.
- d.) Ari nu meunang 1/4 réana 2 perkawis cara salaki supami nu paéh tinggal anak atawa putu nu ti anak lalaki, kadua rabi supama nu paéh teu tinggal anak, sarta putu nu ti anak lalaki.
- e.) Ari nu meunang 1/6 réana 7 perkawis cara bapa supami nu paéh tinggal anak atawa incu nu ti anak lalaki, kadua aki ti bapa ka luhur-luhurna supami nu paéh tinggal anak atawa putu ti anak lalaki, katilu biang supami nu paéh tinggal anak atawa putu ti anak lalaki atawa tinggal sadérék lalaki dua atawa sadérék awéwé dua atawa leuwih, ka opat nini ti bapa atawa ti indung, kalima putu istri nu ti anak lalaki, supami nu paéh ngan tinggal anak istri hiji, kagenep anak istri sabapa supama ngan tinggal sadérék istri sabapa sabiang sahiji baé, katujuh sadérék sabiang yén ngan hiji sarua ogé sadérék lalaki atawa istri nu saindung.
Perkawis 244
[edit | edit source]Supami jalma lalaki paéh tinggal anak atawa bapa biang jeung rabi, hal éta euweuh nu baris minding-mindingan warisna sarua. Kitu deui supami nu paéh awéwé, euweuh nu mindingan kana waris salaki téa.
Perkawis 245
[edit | edit source]Supami aya jalma paéh tinggal putu lalaki atawa awéwé nu sarua ti anak lalaki, hal éta ngan anak lalaki nu mindingan ka waris éta incu. Kitu deui putu lalaki nu ti anak lalaki yasa mindingan warisna buyut anu ti incu lalaki.
Perkawis 246
[edit | edit source]Supama jalma paéh tinggal aki ti bapa, hal éta ngan bapa nu meunang mindingan waris aki. Kitu deui aki meunang mindingan warisan bapana aki ka luhur-luhurna.
Perkawis 247
[edit | edit source]Supama jalma paéh tinggal nini ti bapa, hal éta ngan dua jalma nu bisa mindingan warisannana éta nini, cara bapa biang kitu deui nini meunang mindingan warisan biangna nini.
Perkawis 248
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal dulur lalaki nu tunggal bapa biang, hal éta ngan jalma tilu nu meunang mindingan warisna éta téya; sadérék cara bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki sarta kahandapkeunnana.
Perkawis 249
[edit | edit source]Supami aya nu paéh tinggal dulur sabapa baé, hal éta ngan jalma lima nu ngahalangan mindingan warisannana dulur sabapa; cara bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki, dulur bapa sabapa sabiang, dulur istri sabapa sabiang ka handap-handapna. Nu kitu éta téa sadérék istri sabapa sabiang, bisana mindingan waris ngan ka sadérék anu sabapa baé. Supami éta nu paéh tinggal anak istri putu istri nu kitu anak lalaki, ka handap-handapna.
Perkawis 250
[edit | edit source]Supami nu paéh tinggal sadérék sabiang baé, hal éta ngan jalma tilu nu bisa mindingan warisannana sadérék anu tunggal biang téa; cara bapa ka luhurkeun, anak jeung putu ti anak lalaki ka handap-handapna.
Perkawis 251
[edit | edit source]Supami aya nu paéh tinggal alo pameget ti sadérék pameget tunggal sabapa sabiang, hal éta ngan jalma genep anu mindingan cara bapa, aki ti bapa, anak lalaki, incu ti anak lalaki kahandap, sadérék lalaki sabapa sabiang, jeung sadérék anu sabapa baé.
Perkawis 252
[edit | edit source]Supami nu paéh tinggal alo lalaki anak nu ti dulur bapa sabapa baé, hal éta tujuh jalma nu mipindingan ka kaponak-ponakan, cara bapa, aki ti bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki ka handap-handapna, dulur lalaki sabapa sabiang, sadérék lian biang, kaponakan lalaki dulur lalaki sabapa sabiang.
Perkawis 253
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal paman dulur bapa sabapa sabiang, ari nu mindingan kawarisna paman jalma dalapan salah sahijina nu tiheula bapa, aki ti bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki ka handap-handapna, sadérék lanang sabapa sabiang jeung sadérék anu sabapa baé, kaponakan lalaki ti dulur lalaki sabapa sabiang, kaponakan lalaki dulur sabapa baé.
Perkawis 254
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal paman ti bapa anu sabapa baé, hal éta ngan jalma salapan anu bisa mindingan warisna éta paman, tinnemma salah sahijina cara bapa, aki ti bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki ka handap-handapna, sadérék lalaki nu tunggal sabapa sabiang, sadérék lalaki sabapa baé, kaponakan lalaki sadérék lalaki sabapa sabiang, kaponakan lalaki sadérék lalaki sabapa baé, paman ti bapa nu sabapa sabiang.
Perkawis 255
[edit | edit source]Supami aya jalma paéh tinggal anak paman ti bapa tunggal, bapa tunggal biang, nu bisa mindingan warisna anak paman éta 10 jalma: cara bapa, jeung aki ti bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki kahandap-handapna, sadérék lalaki bapa sabiang, sadérék bapa tunggal bapa baé, kaponakan lalaki ti sadérék lalaki nu tunggal sabapa baé, paman ti bapa nu sabapa sabiang, paman ti bapa nu sabapa baé.
Perkawis 256
[edit | edit source]Supama jalma paéh tinggal anak lalaki ti paman ti bapa nu sabapa baé, hal éta jalma 11 anu bisa salah sahiji m[i]ndingan kana warisna téa anak lalaki paman ti bapa nu sabapa baé: cara bapa, jeung aki ti bapa, anak lalaki, putu lalaki ti anak lalaki kahandap-handapna, sadérék lalaki sabapa sabiang, sadérék lalaki nu sabapa baé, alo lalaki ti sadérék lalaki nu sabapa sabiang, alo lalaki ti sadérék lalaki nu sabapa baé, paman ti bapa nu sabapa sabiang, paman ti bapa nu sabapa baé, anak lalaki ti paman nu sabapa sabiang.
Perkawis 257
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal putu istri ti anak lalaki, ngan 2 jalma nu bisa mindingan warisna; cara anak lalaki anak istri dua atawa langkung. Nu kitu éta supami putu istri teu kanti jeung sadérékna lalaki ku manéh sarta teu kanti anak paman sadérék bapana ku manéh. Yén supami kanti salah sahijina nu geus kasebut tadi mangka putu teu kapindingan ku jalma dua perkawis, masih meunang ogé waris sawab salah sahijina kanti téa putu nu narik kana meunang waris.
Perkawis 258
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal buyut istri ti biang, hal éta buyut kapindingan ku nini, hartosna mana nu deukeut ka nu paéh bisa mindingan ka nu rada jauh.
Perkawis 259
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal sadérék istri nu sabapa baé, hal éta kapindingan ku sadérék istri dua atawa leuwih nu sabapa sabi[a]ng. Kitu deui sadérék istri nu sabapa baé kapindingan ku sadérék istri nu sabapa sabiung. Supami éta sadérék nu hiji nu sabapa sabiung lamun kanti anak istri téa nu paéh ngan hiji baé atawa kanti putu istrina nu paéh téa ti anak lalaki ngan sahiji baé.
Perkawis 260
[edit | edit source]Supami aya istri paéh tinggal salaki jeung indung sadérék saindung baé sarta paman ti bapa, hal éta paman ti bapa warisna kapindingan ku kumpulan jalma tilu téa, sawab duumannana jalma tilu téa méakeun duuman barangna nu paéh. Paterap nu kitu téa éta kaparinci jadi genep duuman; kabooga ku salaki tilu duuman, ku biang dua duum, kaboga ku sadérék sabiang sabagian. Nanging supami mayit ngan tinggal salaki, sarta paman ti bapa baé, mangka éta paman meunang duuman saparo. Yén mayit ngan tinggal biang jeung paman ti bapa mangka éta barang ka pertiga; nu sabagian ka biang, nu dua bagian ka paman. Lamun mayit tinggal sadérék sabiang sarta paman saking bapa hal éta barang kabagi genep; nu lima ka paman anu hiji ka sadérék téa.
Perkawis 261
[edit | edit source]Supami jalma paeh nanging asal budak éta nu paéh teu boga anak sarta lianna, ngan tinggal juragannana nu merdikakeun ka éta mayit, hal éta kabéh barang titinggalna kapiboga ku éta juragannana nu merdikakeun téa. Éta yén saupami mayit mawi titinggal, nu meunang duuman cara salaki jeung nu merdikakeun. Éta barang kaparokeun; salaki saparo ka nu merdikakeun saparo. Yén mayit tinggal biang jeung nu merdikakeun téa, hal éta barang titinggal kapertiga; sabagian ka indung, dua bagian ka nu merdikakeun. Nanging lamun nu paéh téa tinggal bapa jeung nu merdikakeun, barang titinggal ka piboga ku bapa kabéh sawab anu merdikakeun kapindingan ku bapana.
Perkawis 262
[edit | edit source]Supami nu paéh teu ninggalkeun ahli waris bangsa atawa nu merdikakeun ka mayit téa sarta teu tinggal rabi, hal éta ratu nu ngasta sadaya anggoeun nyawisan waragad masigit anu rusak kana ngoméan sasak paké nulung anak miskin sarta saupamana hal nu kitu éta lamun ratu adil paréntahna kana agama. Yén teu adil éta barang kabagikeun ka anakna nu teu meunang waris cara aki ti indung, nini ti bapa, putu lalaki atawa awéwé nu ti anakna awéwé, kaponakan istri nu ti sadérék lalaki, kaponakan lalaki sarta awéwé nu ti sadérék istri, kaponakan lalaki nu ti sadérék lalaki sabapa baé, paman ti bapa nu sabiang baé, anak awéwé dulur bapa lalaki, bibi ti bapa, paman ti ema, bibi ti biang.
Perkawis 263
[edit | edit source]Supama jalma paéh ngan tinggal anak lalaki baé, hal éta barang titinggal kaboga ku anak lalaki téa baé kabéh. Yén anak aya deui nu sarua lalaki, éta barang kabagi sarua réana baé, hartosna sapuluh sami sapuluh. Lamun nu paéh tinggal anak lalaki sarta awéwé mangka anak lalaki nu dua bagian ka nu istri sabagian. Supami nu paéh ngan tinggal putu lalaki ti anak lalaki barang titinggal kaboga ku éta incu kabéh. Yén supami aya deui dulurna si incu nu sarua lalaki, barang titinggal téh kaparokeun baé kabogaan ku duaan téa. Lamun nu paéh tinggal putu lalaki sarta putu awéwé nu sami ti anak lalaki hal éta barang ka incu lalaki dua duuman ka incu istri sabagian.
Perkawis 264
[edit | edit source]Supami nu paéh tinggal anak istri hiji jeung hiji putu lalaki ti anak lalaki, hal éta téa anak istri meunang saparo, sakarina kabogaan ku incuna lalaki kabéh. Lamun éta incu aya deui pang nyokotkeun tina kakare nu kapiboga ku incu téa. Lamun nu paéh tinggal anak awéwé dua atawa leuwih sarta putu lalaki ti anak lalaki, hal éta barang titinggal kabagi tilu; nu dua bagian ka anak istri, dua sabagian ka putu lalaki téa. Lamun aya deui incu téh nu lalaki panyokotkeun ti bagian incu éta téa.
Perkawis 265
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal bapa sarta anak lalaki, hal éta barang titinggal kaparanem; nu hiji ka bapa nu lima ka anak téa. Lamun ana anak aya deui panyokotkeun ti bagian anak téa. Lamun nu paéh tinggal anak istri jeung bapa hal éta barang titinggal téh kabagi dua; saparo ka anak istri; saparona ka bapa. Yén anak awéwé dua atawa leuwih éta barang kabagi tilu; nu dua bagian ka anak awéwé dua, nu saduuman ka bapa.
Perkawis 266
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal bapa biang salaki, hal éta barang titinggal kabagi genep; ka salaki tilu bagian, ka bapa dua duuman, ka indung saduuman. Supama nu paéh tinggal biang jeung bapa jeung éwé, hal éta barang kabagi dua welas; karabi tilu bagian, ka bapa genep bagian, ka biang tilu bagian.
Perkawis 267
[edit | edit source]Supami nu paéh ngan tinggal sadérék lalaki hiji sabapa sabiang, éta barang titinggal kabogaan ku éta dulur kabéh. Supama aya deui dulurna sami lalaki éta barang kabogaan ku duaan. Lamun aya deui sadérék istri éta nya kudu meunang saparo ti dulur lalaki.
Perkawis 268
[edit | edit source]Lamun aya jalma paéh tinggal dulur sabapa baé, barang titinggal kabogaan ku éta dulur téa kabéh. Yén éta sadérék dua sami pameget éta kaparo baé tapi sadérék nu sabapa téa baé éta teu meunang babaton waris jeung dua dulur anu sabiang baé. Ari sadérék sabapa sabiang bisa babaton ka sadérék nu dua ti biang baé warnana. Supama aya jalma paéh tinggal salaki jeung indung jeung sadérék tunggal biang baé dua sarta sadérék lalaki hiji nu sabapa sabiang, paterap nu kitu éta barang titinggal kabagi dalapan welas; ka salaki salapan duuman, biang tilu bagian, sadérék sabiang dua duuman. Jadi opat anu dua duman kapiboga ku dulur sabapa sabiang.
Perkawis 269
[edit | edit source]Supami jalma paéh ngan tinggal dulur lalaki hiji sabapa sabiang sarta dulur sabapa baé, hal éta barang titinggal kapiboga ku dulur sabapa sabiang kabéh sawab éta dulur nu tunggal bapa biang bisa mindingan ka dulur nu sabapa baé.
Perkawis 270
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal dulur istri ti nu sabapa sabiang sarta sadérék lalaki ngan sabapa baé, hal éta barang titinggal kaparokeun; saparo kabogaan ku dulur awéwé nu sabapa sabiang, nu sapalih kapiboga ku sadérék lalaki nu sabapa baé.
Perkawis 271
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal dulur istri saindung dua jeung dulur sabapa hiji, éta barang titinggal kabagi tilu duuman; ka dulur istri saurang saduuman; anu sabagian ka dulur lalaki nu sabapa baé.
Perkawis 272
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal dulur istri nu sabapa sabiang dua sarta sadérék sabapa baé, hal éta nu dulur nu sabapa baé teu meunang waris sabab kapindingan ku dulur nu dua nu sabapa sabiang. Nanging yén saupami éta dulur istri nu ngan sabapa kanti jeung dulur lalaki nu sami ngan sabapa baé, hal éta sadérék istri nu sabapa baé jadi meunang waris sabab kabawa ku sadérék lalaki nu sabapa baé. Paterap nu cara éta barang titinggal kabagi dalapan welas; kabogaan ku dulur nu sabapa baé opat bagian, ka dulur istri nu sabapa téa baé dua bagian, sajaba tidinya ka dulur istri nu dua nu sabapa sabiang.
Perkawis 273
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal sadérék istri dua nu sabapa sabiang jeung tinggal sadérék istri nu sabapa baé hiji sarta tinggal kaponakan lalaki hiji nu ti sadérék lalaki nu sabapa baé, hal éta barang titinggal kabagi tilu bagian; ka dulur istri dua nu sabapa sabiang saurang sabagian, ka alo lalaki sabaian. Ari dulur istri nu sabapa baé teu meunang bagian waris tidinya, éta sawab kaponakan lalaki ti dulur lalaki nu sabapa baé teu bisaeun narik meunangkeun waris ka dulur istri nu sabapa baé.
Perkawis 274
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal sadérék istri dua tunggal sabapa sabiang, jeung tinggal putu istri nu ti anak lalaki hiji sarta tinggal buyut lalaki ti incu lalaki—éta incu ti anak lalaki, hal éta barang titinggal kabagi dalapan welas bagian; kapiboga ku sadulur istri dua nu sabapa sabiang genep-genep bagian, ka incu buyut opat duuman, ka putu istri téa dua bagian. Ari putu istri ti anak lalaki mana meunang waris sawab ka tarik ku incu buyut téa.
Perkawis 275
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal dulur istri nu sabapa sabiang hiji jeung tinggal anak hiji jeung tinggal dulur istri nu sabapa baé hiji, hal éta barang titinggal kaparo baé; sabagian ka anak istri sabagian ka dulur istri nu sabapa sabiang. Ari dulur istri nu ngan sabapa baé teu meunang waris sawab kapindingan ku kumpulannana anak istri sarta sadérék sabapa sabiang téa.
Perkawis 276
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal sadérék istri nu sabapa sabiang hiji sarta tinggal anak awéwé dua, hal éta barang kabagi tilu duuman; kabogaan ku anak awéwé saduuman séwang, kadulur istri nu sabapa sabiang sabagian.
Perkawis 277
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal anak awéwé hiji putu istri anak lalaki hiji, sadérék istri nu sabapa sabiang hiji, dulur istri sabapa baé hiji, hal éta barang titinggal kabagi genep bagian; kaboga ku anak istri tilu bagian, ka putu istri ti anak lalaki sabagian, ka sadulur istri nu sabapa sabiang dua bagian. Ari dulur nu sabapa baé teu meunang waris sawab kapindingan ku pakumpulannana anak istri jeung dulur istri nu sabapa sabiang.
Perkawis 278
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal kaponakan ti dulur lalaki nu sabapa sabiang, hal éta téa kaponakan méakkeun ka barang titinggal. Lamun kaponakan téh dua nya kabagi dua baé. Lamun kaponakan téh aya nu lalaki aya nu awéwé éta bagianana nu lalaki dua bagian awéwé sabagian.
Perkawis 279
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal alo lalaki ti dulur lalaki sabapa sabiang jeung kaponakan lalaki ti dulur lalaki sabapa baé, hal éta kabéh barang titinggal kapiboga ku kaponakan lalaki nu ti dulur lalaki nu sabapa sabiang baé. Ari kaponakan lalaki nu ti dulur lalaki sabapa baé kapindingan warisna ku kaponakan anu ti dulur lalaki nu sabapa sabiang téa.
Perkawis 280
[edit | edit source]Supami jalma paéh ninggal kaponakan lalaki dua sami ti sadérék lalaki nu sabapa sabiang jeung tinggal biang, hal éta barang titinggal kabagi jadi genep bagian; ka indung dua duuman, ka kaponakan lalaki dua saurangna dua bagian.
Perkawis 281
[edit | edit source]Supama jalma paéh tinggal kaponakan lalaki sarta awéwé nu ti dulur lalaki sabapa sabiang jeung tinggal dulur istri dua sarua saindung sabapa, hal éta barang titinggal téh ka pertiga; pikeun dua dulur istri saurang saduuman, anu saduuman ka alo lalaki téa. Ari alo istri teu meunang waris sabab alo lalaki téh teu bisa narik ngameunangkeun warisna alo istri.
Perkawis 282
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal paman dulur bapa hiji, hal éta paman téh méakeun barang titinggal kabéh. Lamun aya dua paman téh éta meunang barang sarua réana sawaréh séwang. Supami nu paéh tinggal paman ti bapa nu sabapa sabiang sarta paman sadérék bapa nu sabiang baé, éta paman nu sabapa sabiang éta méakkeun kana barang titinggal. Ari paman ti bapa nu saindung baé teu meunang waris sabab kapindingan ku paman nu sabapa sabiang ka bapana nu paéh.
Perkawis 283
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal aki ti bapa jeung dulur sabapa saindung, atawa dulur sabapa baé, éta aki kénging nyokot ka sapratigana barang, teu milu babaton jeung warisna sadérék sabab ngistiyarah undakna bagian ka di nu paéh tinggal aki ti bapa jeung dulur sabapa sabiang réana opat; lalaki tilu, awéwé hiji. Paterapna nu kitu éta barang dibagi salikur duuman; ka aki tujuh bagian, kadulur lalaki dua welas bagian, ka dulur istri-istri dua bagian. Yén supami si aki diturutkeun babaton ka dulur nu paéh ngan meunang genenp bagian.
Perkawis 284
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal aki ti bapa jeung dulur lalaki jeung istri sabapa sabiang, hal éta aki kénging teu nyokot sapratiga titinggal, ngan milu babaton jeung warisna jeung dulurna téa. Paterapna nu kitu barang titinggal kabagi lima welas; genep bagian ka aki, genep bagian ka dulur lalaki, tilu bagian ka dulur istri. Lamun éta aki teu milu babaton jeung dulur nu paéh, ngan meunang lima bagian sawab jejerna warisan ngan lima bagian mana katinggal mambrih undakna waris.
Perkawis 285
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal aki ti bapa jeung dulur istri sabapa sabiang dua, hal éta aki kénging yén teu milu babaton ka dulurna nu paéh sarta teu nyokot pratigana waris nu kan mun sageusna dicokot ku anak istri dua nganyokot saperanemna ti barang titinggal. Paterapna nu kitu éta barang kabagi dalapan welas; ka anak istri dua dua welas bagian, ka aki tilu duuman, kasadérék lalaki dua duuman, ka dulur istri sabagian. Yén aki nyokot sapertiga waris nu kari ngan meunang dua bagian baé jeung deui supami aki milu babaton ka éta dulur nu paéh éta aki ngan meunang dua duuman.
Perkawis 286
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal aki ti bapa jeung éwé jeung biang sarta dulur sabapa sabiang opat (tilu lalaki hiji awéwé), hal éta aki kénging yén teu nyokot sapergenepna ti barang titinggal sarta teu milu babaton ka warisna éta incu-incu nganyokot sapratiga baé nu kantun sageus dicokot ku rabi jeung biang. Paterapna nu kitu éta barang kabagi tilu puluh genep; ka rabi salapan bagian, ka indung genep bagian, ka aki tujuh bagian, ka dulur lalaki saurangna opat duuman, ka sadérék istri dua bagian. Lamun aki nganyokot peranemna baé, éta barang titinggal ngan meunang genep bagian. Lamun milu bapa babaton jeung warisna anak sadérékna nya kudu kurang tina tujuh duuman.
Perkawis 287
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal aki ti bapa anak istri hiji dulur lalaki awéwé nu sabapa sabiang, hal éta aki kongang teu nyokot saperanem titinggal sarta teu nyokot sapratiga anu kari sageus kacokot, ngan anak istri milu babaton kana waris sadérék. Paterapna nu kitu éta barang titinggal kabagi sapuluh; ka anak istri lima duuman, ka aki dua duuman, ka dulur lalaki dua bagian, kadulur awéwé sabagian. Lamun aki nyokot peranem atawa pertiga, nu kari téa aki meunang opat duuman kurang dua bagian.
Perkawis 288
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal anak sarta nu lian ti anak, mangka anak teu saagama, hal éta anak teu meunang nyokot barang titinggal nu paéh. Ari éta anak sarta salianna nu meunang nyokot barang titinggal saratna nu tunggal agama, kadua sarat nu merdika, katilu nu teu maéhan ka nu paéh, ka opat sarat pratéla anak kalana paéh éta bapa hartosna nu teu pertéla cara bapa jeung anak pararaéh sami karubuhan imah jadi teu uninga saha nu paéh tiheula, kalima jalma nu badék nampa waris, ulah pisan-pisan datang ka mantak jadi gugur ti beunang ka waris éta, hartosna jalma ngagugurkeun waris cara dulur lalaki nu sabapa sabiang mangka éta sadérék ngangkeun jadi anak anu paéh ucap anu kitu mantak gugur warisna, hartosna gugur teu meunang waris.
Perkawis 289
[edit | edit source]Supami jalma paéh teu puguh enggonna jeung euweuh nu ngabéjakeun paéh hirupna, hal éta barang titinggalna teu beunang yén diwariskuen sawab masih samar. Nanging supami ahli waris haturan ka hukum mangka ku nyangking hukum boga pangira-ngira, yén geus paéh, hal éta téh barang kénging yén kawariskeun.
Perkawis 290
[edit | edit source]Supami jalma paéh mangka aya salah sahijina aya di nagara lian, hal éta bagian lian nagara masihkeun. Ari bagiannana nu tunggal nagara tuluy baé kaserahkeun.
Perkawis 291
[edit | edit source]Supami jalma paéh tinggal ahli waris anu aya kénéh di jero beuteung, hal éta sayo[g]ya nu aya di jero beuteung téh dicawisan bagian wasna jalma lalaki, ari nu di reuneuhkeun tetepna meunang waris yén lahir miyos hirup sarta reuneuh geus ka tangeun wantuna paéh geus ka reuneuhkeun cara kawedalkeun reuneuhna éta kurang salapan tahun sarta biyungna teu wiji maku nu lian atawa jima jeung nu lian. Nanging bijilna kurang genep bulan kaitung tina geusna jimana éta téa.
Perkawis 292
[edit | edit source]Supami jalma pupus tilar sadérék wandu ngan saibu baé, hal éta duumman sadérék wandu tuluy serahkeun teu ka antoskuen kana sarat ciri lalaki awéwéna sawab sadérék saibu lalakina istrina warisna sapi baé.
Perkawis 293
[edit | edit source]Supami aya nu pupus tilar carogé rama putra wandu sawios, hal éta barang titilarna kabagi dua welas duuman; kabagi ka carogéna tilu duuman, ka rama dua duuman. Ari nu genep duuman kaserahkeun ka putra wandu téa. Demi nu geus kagantungkeun ka nu nyepeng hukum, supami putra wandu téh geus tétéla lalakina nu sabagian éta kaserahkeun ka éta putra. Yén tétéla istrina nu sabagian kaserahkeun ka ramana.
Perkawis 294
[edit | edit source]Supami aya istri pupus tilar carogé baé tapi éta carogé anak paman ti rama, hal éta barang titilar kapiboga ku carogé sadaya sawab carogé geus miboga ku anjeun saparo barang titinggal téa. Ari nu saparona saréh anjeunna jadi putra paman ti rama.
Perkawis 295
[edit | edit source]Supami aya istri pupus tilar putra istri nanging éta putra istri jadi sadérék istri sarama baé, warnana cara éta nu pupus keur hirupna disaréan ku ramana pribadi nu teu kahaja cara panyanana ramana ka putra istri keur ngarsakeun saré panayanana gareha datang ka aya kajadianana, éta putra meunang putra ti rama atawa éta rama sarta putra beunang jalma nu ngawenangkeun migareha anak dina agamana mangka kari-kari anakna asup ka agama islam. Sageusna salin agama tuluy rumbak tilar putra cara nu geus kasebut di luhur tadi, hal éta téa putra istri nu jadi sadérék sarama teu meunang nyokot bagian dulur anu sabapa, ngan meunang bagian anak istri baé. Lamun aya anak beunang bandrék jinnah, teu beunang katetepkeun jadi anak éta lalaki nu ngajinnahan téa, nanging katetepkeun jadi anak nu dijinnahan téa.
Perkawis 296
[edit | edit source]Supami aya pameget pupus tilar putra istri nanging éta anak istri jadi sadérék saibu baé margana cara anak keur hirupna ngajinahan indungna kumanéh teu dihaja, hal éta anak istri nu jadi sadérékna nu sabiang meunang waris saparona ti tinggal, teu meunang nyokot bagian sadulur istri nu tunggal sabiang.
Perkawis 297
[edit | edit source]Supami aya istri rumbak nilar putra istri nanging éta putra jadi dulur sabapa baé nu cara indungna nu rumbak éta salaki nu paéh ngajima ka indung, hal éta indung jadi ngan sabapa baé meunangna waris sabagian indung baé teu meunang bagian dulur istri nu sabapa.
Perkawis 298
[edit | edit source]Supami aya nu paéh tinggal anak lalaki sadérék bapa lalaki dua nu hiji sadérék sabiang baé warnana cara istri lakian dua kali ti salakina tiheula meunang anak lalaki hiji-hiji, salaki nu panderi dulur salaki tiheula sarta salaki nu panderi geus boga anak lalaki ti istri séjén hal éta mungguh warisna teu kénging diiwal kudu sami baé.