Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 23
Bab paméré
Perkawis 225
[edit | edit source]Sinupami aya jalma mikeun bogana, nanging barang tacan ka tampa [nu] kudu dibéré, nu cara éta tacan beunang barang téh can kénging disebut jadi bandana nu dibéré éta ana kahandapkeun lamun tacan pindah ka jalma nu séjén éta barang téa beunang dicokot deui sinupami nu dibéré éta ana kahandapkeunnana, lamun éta barang tacan pindah ka nu séjén barang téa beunang dijabel. Lamun geus pindah ka nu séjén sanajan bangsul deui teu beunang dijabel.
Perkawis 226
[edit | edit source]Sinupami aya jalma mikeun barangna kalana mikuen maké perjangjian supaya nu dibéré mulang paméré deui cara éta wawales geus kapertelakeun mangka katetepkeun barang éta jadi jual meuli. Lamun teu dipertélakeun éta téa wawales pamulang teu jadi kana méréna atawa pang jualna.
Perkawis 227
[edit | edit source]Sinupami jalma mikeu[n] barangna, barang téa maké wadah, yén supami lumrah jeung adatna, da wadah kudu kapulangkeun, mangka wadah téa kalebet jadi paméré cara karung béas wawadah téh atawa saupamana. Lamun umumna wadah katut kaasupkeun nya teu ka[a]sup kana paméré sarta teu kénging nu dibéré maké éta wadah. Nanging nu dibikeun lumrah yén dihakan dina wadah didinya, cara bubur sarta salianna kénging yén kateda dina wadah éta.
Perkawis 228
[edit | edit source]Sinupami nu nimu barang teu puguh nu boga, jeung éta lamun nu manggih jalma santosa, sayogya kacekel baé supaya ulah datang ka kacekel ku jalma nu teu santosa, sarta kénging nu manggih nyokot sakali. Nanging supami aya nu ngangken kudu mulangkeun atawa ngahilian regana. Sinupami yén barang sineja dicokot saratna kabéwarakeun lawasna, enggonna, ngabéwarakeun datang ka satahun, paterapna pang ngabéwarakeunnana awit nanyakeun rupa naon warnana. Lamun mas sabraha beratna jeung naon wadahna, tanapi talina. Ari enggonna ngabéwarakeun dimana adat nu lumrah kapaké pakumpulan jalma réa, cara lawang masigit jeung di pasar. Lawasna tujuh poé beunangna ngabéwarakeun téa, sapoé kajieun dua kali tuluy unggal tujuh poé, tuluy unggal bulan sabulan sakali. Ari barang nu [katimu] ngan saeutik nya ngabéwarakeun hebelna nu sakinten nu boga barang teu mikir ka bogaannana téa. Yén supami pang ngabéwarakeunana ka barang geus nepika sataun mangka éta barang tetep jadi banda nu nimu téa tapi saratna kudu misaur yén éta barang geus kapiboga. Tuluy aya nu ngaku sarta jeung aya saksi atawa teu jeung saksi, nanging dilereskeun pang ngangkenna ka nu manggih téa, nyaéta barang kudu kapulangkeun. Yén barang geus leungit wajib nempuhkeun saregana. Yén aya nu ngaku nanging pangangkenna teu pertéla teu nyebut warnana atawa beratna, sarta wadah jeung talina, tanpa saksi nyaéta teu kénging kaserahkeun éta barang. Nanging lamun pang ngangkenna maké nyebut nama sarta kalereskeun pangira-ngira, ka nu manggih kénging diserahkeun. Sanggeus kaserahkeun mangka aya nu ngangken deui sarta kanti saksi, tapi barang geus leungit nyaéta kénging nu ngangken sarta maké saksi neda tetempuh ka salah sahijina. Nanging entep ing tetempuh ka nu diserahan barang. Lamun anu manggih mayar tetempuh kénging ménta ganti ka nu kaserahan barang.
Perkawis 229
[edit | edit source]Supami jalma manggih barang pang nimuna di taneuh Mekkah, nyaéta nu manggih barang teu kénging ngabogaan paneja rék ngabogaan pisan, ngan sangampihaneun jeung ngabéwarakeun salalawasna.
Perkawis 230
[edit | edit source]Supami aya jelma ngomong ka sahiji jalma, kitu omongna “saha nu bisa mulangkeun barang kula nu leungit kula rék méré saparo,” mangka datang ka aya nu mulangkeun sarta lain nu maling, nyaéta kudu ngalastarikeun papasanggupannana tapi lamun nu mulangkeun anu maling téa, éta teu kudu ngalastarikeun omongna sawab ari nu maling téa hukumna kudu mulangkeun [anu] dipaling.
Perkawis 231
[edit | edit source]Supami aya jalma ngomong, ari omongna “saha nu suka nudukeun barang kula nu leungit meureun dibikeun saparo.” Kalakon aya nu nuduhkeun barangna kacekel ti leungeun nu lianna, éta teu kudu ngalastarikeun omong, sawab pang gawé teu jeung capé euweuh upahna.
Perkawis 232
[edit | edit source]Supami aya jalma mihapé barang, mangka leungit di imahna nu kapihapéan, nyaéta teu katempuhan anu kapihapéan. Tapi kénging katempuhkeun yén awit barang katitipkeun kasimpen di enggon nu santosa kari-kari kapindahkeun ka enggon lian teu sarua jeung enggon nu tadi sanajan patut kapaké nendeun barang éta. Awit anu kitu éta mana wateureu jeung karepna nu mihapé. Kitu ogé lamun nu kapihapéan nitipkeun ka nu lian nu henteu jeung sukana nu gaduh sarta teu jadi kasusahannana, yén supami jadi kasusahan cara rék leumpangan atawa geuring banget atawa réa nu kahuruan, nyaéta barang kudu kapulangkeun ka nu gaduh deui, mangka nu boga keur euweuh kudu serahkeun ka nu nyangking hukum. Yén euweuh nu nyangking hukum kudu serahkeun ka nu santosa. Yén supami prakawis éta teu daék ngalampahan yén barang datang ka leungit, mangka katempuhan anu katitipan. Kitu deui katempuhan yén barang nu kapihapékeun tangtu dipaké teu purun maké maraban. Lamun barang nu kudu nyatuan datang ka paéh katempuhan deui nu kapiapéan. Supama pasidangan jeung panitah nu boga atawa éta barang kaserahkeun ka nu maling sanajan jeung kawisésa nanging pang ayapna tetempuh nu maling téa. Kitu deui katempuhan yén barang geus dipénta ku nu boga teu gewat dibikeun atawa mungkir teu kapihapéan. Supami mungkirna [méré] kasalametan cara nu ditanya ku maling ngangken teu kapihapéan sahéngga datang ka leungit, éta teu katempuhan.
Perkawis 233
[edit | edit source]Supami jalma kapihapéan, nganken barangna éta leungit atawa ngaku barangna geus kapulangkeun ka nu mihapé, nu mihapé ngangken tacan nampa, sarta maido yén barangna leungit, tanpa saksi, éta kalereskeun pihaturna nu kapihapéan maké kasumpah pingsapisan. Tapi lamun nu kapihapéan ngangken geus kaserahkeun ka [ah]li warisna nu kapihapéan, atawa ahli warisna nu kapihapéan téa ngangken geus kapulangkeun nu mihapé éta teu kajadikeun lamun teu jeung saksi.
Perkawis 234
[edit | edit source]Supami aya jalma ngawasiatkeun banda atawa ngagantikeun paméré, éta beunang dicokot deui atawa ka jual sarta saupamana. Ari tetepna wasiat kudu geus paéh kapiboga sarta panarimana nu diwasiatan.
Perkawis 235
[edit | edit source]Supami aya nu ngawasiatkeun barangna, sayogya ulah kungsi leuwih ti sapertigana barang kabeungharannana, karna teu lulus leuwih sapertiga ning kabeungharan yén supama ahli waris teu ngaluluskeun. Upami nu [nga]wasiat téa teu boga ahli waris anu lembut kénéh atawa édan atawa nu teu boga pisan, keur éta kudu teu jadi leuwih nu wasiat sapertigana harta kabeungharannana.
Perkawis 236
[edit | edit source]Supami jalma ngawasiatkeun ka ahli warisna kumanéh keur éta yén ahli warisna masih leutik kénéh atawa édan keur éta teu kénging kalastarikeun sakabéh wasiat. Nanging lamun teu boga ahi waris nu lembut mah atawa édan mangka wasiatna kalastarikeun ku ahli waris nu lian nu lain murangkalih keur éta lulus pang wasiatna.
Perkawis 237
[edit | edit source]Supami aya jalma geuring banget ngamerdikakeun ka budakna atawa mikeun harta mangka tina geuring tuluy paéh, keur éta hukumna cara lampah wasiat.