Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 22

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 22

Bab nu dadana wakaf

Perkawis 222

[edit | edit source]

Sinupami aya jalma ngawakapkeun barang atawa ngadanakeun, éta sawiji jalma teu meunang ngajual atawa mikeun sarta ngawariskeun. Sabab barang nu kadanakeun téa geus kaluar ti banda manusa. Ari jalma nu kabendenan barang dana téa ngan meunang nyokot manpaatna baé kénging lamun dipaké atawa kaséwakeun, sarta kainjeumkeun.

Perkawis 223

[edit | edit source]

[S]inupami jalma ngadanakeun barang, kadanakeun ka anak putuna ku manéh éta anak putu téa ngabarogaan kabéh kamanpaatna éta barang téa. Yén anak putu geus paraéh kabéh, mangka barang nu kadanakeun téa kapindahkeun ka barayana nu rada deukeut.

Perkawis 224

[edit | edit source]

Sinupami jalma migawé dana ku sapi munding sarta liya-liyanna, mangka nu ngadanakeun téa paéh, mérgana dina paéhan deungeun, éta nu didanaan teu kénging nyokot harta tetempuh nanging arta kabelikeun deui nu dipaké pang hiliannana.