Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 21

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 21

Bab jalma nyacar leuweung

Perkawis 214

[edit | edit source]

Supami jalma ngahirupkeun taneuh paéh cara leuweung nu tacan kapepelakanan, mangka teneuh éta waka piboga ku nu ngahirup-hirup. Ari petana ngahirup-hirup supaya tetep taneuh téh kapiboga ku nu ngahirupkeun dina éta—sinupami rék diadegan imah saratna kudu pager hatepan sarta maké lawang. Yén badé dijieun kandangan pageur jeung lawang teu sarat dihatepan. Lamun rék dijieun pasawahan sarat karatakeun taneuhna sarta digalenganan teu sarat kaipukan siki. Yén rék dijieun kebon saratna kudu pageur jeung urugan.

Perkawis 215

[edit | edit source]

Sinupami aya jalma nu keur ngamimitian ngahirup-hirup taneuh paéh, tacan nepi ka sapanejana, kakara nyieun ajir atawa taneu[h]na geus kapaparinkeun ku ratu, nu cara éta hukumna tacan kapiboga si pitaneuh ku éta jalma, ngan jadi sesengkeran baé. Sinupami aya jalma nu nuluykeun éta taneuh nya kapiboga ku nu nuluykeun.

Perkawis 216

[edit | edit source]

sinupami aya jalan, éta jalan kabogaan ku saréréa, kénging sambarang jalma nyorang. Kitu deui dipaké diuk atawa pikeun nangtung eureun ngadagwan batur, sarta kapaké jual meuli ditengah-tengah jalan, nu kitu éta sinupami teu ngaheurinan ka jalma nu ngalaliwat. Sinupami a[ya] jalma nu geus diuk di jalan téa éta teu beunang di andih kajaba lamun geus leumpang.

Perkawis 217

[edit | edit source]

Sinupami aya teneuh nu aya warirangna atawa batu asahan atawa saupamana, éta warirang meunang sing sing jalma ngala, teu kénging aya hiji jalma nu ngararang. Ari tetepna warirang téa kapiboga ku jalma kudu nu geus dihanjatkeun dicokot ti enggona tacan kapiboga[n]. Lamun kakara dicinganan baé mah atawa kacaoskeun ka ratu.

Perkawis 218

[edit | edit source]

Sinupami aya salaka atawa mas anu aya kénéh di jero taneuh meunang sing sing jalma nu daék ngala. Nanging lamun aya taneuh paéh kahirup-hirup ku jalma tuhu aya emasna di jero taneuh, éta mangka mas éta tetep kapiboga ku nu ngamumulé éta taneuh téa.

Perkawis 219

[edit | edit source]

Sinupami aya cai bijil tina sumberan gunung kénging sing sing jalma ngalaan caina. Yén jalma réa pada hayang ka éta cai paké ngangeueum taneuhna, éta kaheulakeun mana nu deukeut énggonna tina cai téa. Ari geus kalem nepika sakarepna nu deukeut ka éta cai tuluy kapindahkeun ka saturut-turutna. Ari cai nu aya di walungan tanapi susumber anu tacan aya nu boga kajawi lamun geus kawadahan.

Perkawis 220

[edit | edit source]

Sinupami jalma nyieun sumur enggonna dina taneuh paéh, nanging pang migawéna teu seja ngamilik, éta teu meunang sambarang jalma ngala sajawi geus meunang wewenang ti nu nyieun téa. Yén nu nyieun geus undur tidinya, kakara sing-sing jalma meunang ngarala.

Perkawis 221

[edit | edit source]

Sinupami jalma babaton ngabendung walungan cai, éta caina kabagikeun ka sakur nu ngabararendung téa. Petana ngabagina katurutkeun kana réa ning kai nu dipaké ngabendung.