Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 2
Bab raja tatu nu teu narik kana paéh
Perkawis 26
[edit | edit source]Supama aya jalma neukteuk leungeun jalma réa, nu kateukteuk sami leungeun katuhu serta pernahna nu kateukteuk meneran gegelitan, hukumna dipotong leungeunna nu katuhu. Ari nu meunang hukuman potong ti nu kapotong leungeunna tiheula. Nu réa mah ngan mareunang dengda. Jalma hijina meunang 50 onta, atawa 500 dinar, lamun nu kateukteuk lalaki. Mun awéwé parona ti lalaki.
Perkawis 27
[edit | edit source]Supama jalma réa neukteuk leungeun jalma hiji, metakenana supama pakarang hijina diteukteukkeun nu saurang nyekelan pakarangna, nu réa neueulkeun, datang ka éta leungeun jalma téh potong, hukumna éta nu nareueulkeun téh kabéh diparotong leungeunna. Lamun nu dipotong té[h] leungeun katuhu dibaleskeun ti katuhu, mun ti kénca nya ti kénca. Nanging lamu[n] nu dipaké neukteuk pakarang dua, hukumna teu sami dipotong sabab teu tangtu mana nu mantak motongkeun krana panggawé nu jalma nu dua. Upama pakarang dua kudu teu nepi pang neukteukna jalma hiji ngan sami kadengda saurangna 50 onta, kabagi ka sakur nu neukteuk.
Perkawis 28
[edit | edit source]Supama jalma ngaraheutan tatuna datang ka nepi kana tulang rahetna, sarua baé dina sirah atawa liana tina sirah, hukumna diraheutan deui di lebah cara nu dirahetan ku manéhna. Nu sakitu éta supama enggona ngaraheutan jeung ngahaja. Lamun ngarahetanana teu ngahaja, atawa kahaja, tapi ahli waris teu neda hukum jalema ngan neda hukum dengda baé, éta hukumna ngan ka dengda baé. Réa ning dengda onta 5 atawa 50 dinar, [é]ta ogé suga[n] nu raheut lalaki. Mun awéwé nya saparona.
Perkawis 29
[edit | edit source]Supama jalma ngaremukkeun tulang sasama ning manusa, pernahna dina sirah atawa salianna, hukumna teu beunang dibales diremukkeun sirah deui atawa dina salianing sirah, sabab leuwih susah, lamun dipaterapan panggawé éta jeung saupamana, ngan manggih hukum dengda baé, réana 5 onta atawa 50 dinar.
Perkawis 30
[edit | edit source]Supama aya jalma nenggeulan pada jalma, atawa lian parabot nu sarua jeung panenggeul, nu katenggeul saniskara lebahna datang ka misah tulangna tina enggonna, hukumna teu beunang dipigawé cara sapanggawéna éta, karana leuwih héséna metakeun ngisarkeun kana enggon tulang. Ngan saupamana panggawé nu cara éta, ngan kahukum dengda baé, réana 5 onta atawa 50 dinar. Anu kitu éta lamun lalaki, mun awéwé ngan saparoning lalaki.
Perkawis 31
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaraheutan sasama ning jalma, nu raheut sirahna nepi kabedah kanjut polona, hukumna teu beunang dipigawé cara éta, sabab leuwih héséna lamun dipetakeun cara éta, ngan ka dengda 33 onta jeung 1/3 onta hiji, atawa 333 dinar jeung 1/3 dinar. Nu sakitu hukumna nu raheutna datang ka ngabedahkeun kanjut polo.
Perkawis 32
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaraheutan kapada jalma, nu diraheutan tatuna digarabagan cara dina beuteung dina lambung atawa salianna, hukumna teu beunang yén dipihapé cara di enggon nu diraheutan kitu sawab leuwih hésé lamun diterapkeun sawab panggonan tatu teu beunang kakira-kira jeung supama dipaké wawales, ngan kadengda réana 33 onta, jeung 1/3 onta hiji atawa 333 dinar jeung 1/3 dinar. Nanging supama tatu éta tembus cara disuduk tina beuteung trus kana tonggong, hukumna kudu kaluar dengda onta, réana katikelkeun sawab éta kaanggap ngaraheutan dua kali.
Perkawis 33
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaraheutan ka sasama ning manusa, tatuna ngan bedah kulit teu kana daging atawa ngabijilkeun getih, atawa tatuna nepi kana daging, tapi teu tepi kana tulang, hukumna manggih hukum mah, hartosna suda tina dengda 100 onta, kasudakeunana kena rega, supama méméh raheut regana 100 onta, ari geus raheut suda saontaeun hiji jadi dengdana ngan onta hiji éta nurut kasudaanana baé. Suda saonta dua atawa tilu datang ka sapuluh dengdana nya sapuluh onta. Ari ngalegaanana di mangsana geus cageur raheutna. Supama ku tatu teu mantak suda lega kapisuda sabuat tacan cageur. Supama mangsa tatu teu mantak suda wajib sadaya nu nyepeng hukum ngadengda sapatawisna ka nu ngaraheutan supaya ulah wani migawé deui.
Perkawis 34
[edit | edit source]Supama aya jalma neukteuk gegelitan atawa ugel-ugelan sasamaning manusa, dina pigelang leungeun dina siku tuur pigelang suku, hukumna diteukteuk deui cara panggawéna kitu, sabab babari dipigawéna. Nu kitu éta lamun neda hukum wawales, lamun neda hukum dengda, kawiyatan 50 onta, atawa 500 dinar dengdana.
Perkawis 35
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaleungitkeun paningal soca duanana, atawa pangeureut ceuli duanana, atawa ngeureut talapukan panon duanana, jeung ngeureut liang irung duanana jeung biwir duanana jeung létah jeung dakar kalalakian, sarua baé pangeureutna datang ka sapat atawa tacan kungsi sapat, nu kakeureut saeutik atawa réa, hukumanana kakeureut deui kumaha cara panggawéna éta. Kitu deui hukumna nu ngeureut siki kontol duanana. Nu sakitu éta sugan datang kaleungit kulitna sakali. Lamun ngan siki kontolna baé mah teu beunang hukum dibijilkeun siki kontolna deui, sawab panggawé éta leuwih héséna metakeunana. Ngan meunang dengda, réana 100 onta atawa 1000 dinar. Lamun kakeureut hiji, saparona atawa dengdana ngan sirit jeung létah, disaruakeun jeung ngeureut dua kali.
Perkawis 36
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaraheutan sasamaning manusa, raheutna nepi kana tulang, sa[h]ingga tulangna remuk, hukumna kudu diraheutan cara panggawéna éta, tapi dina ngaremukkě[n] tulang, nu teu beunang kabales sawab leuwih héséna supama dipetakeun ngaremuk tulang, ngan kadengda, supama dipaké ganti ngaremukkeun tulang réana dengda 5 onta atawa 50 dinar.
Perkawis 37
[edit | edit source]Supama aya jalma neukteuk dampal hukumna teu beunang jalma nu diteukteukkanna kateuteuk ramona jalma nu kateukteuk dampalna kang supama nu neukteuk dampalna neukteuk ramo anu neukteuk, hukumna teu kabales deui, ngan katadjir baé, sawab wani ngaleuwihan papagon paré[n]tah. Nanging meunang ogé neukteuk dampal anu neukteuk jeung ramona sabab tacan sampurna panggawéna, beunangna neukteuk dampalna ku manéh.
Perkawis 38
[edit | edit source]Supama aya jalma ngaraheutan sasamaning jalma pang ngaraheutanana kana tulang dibales ku cabok ku leungeun jeung banget marga tina tatu sarta pangnyabokna éta datang ka ngaleungitkeun paningal, hukumna nu natuan atawa nu nyabok nya kapigawé cara panggawéna kitu. Lamun datang ka leungit paningalna téa jalma nu males tadi nya teu meunang naon-naon sabab panggawéna duaan, pang malesna. Supama nu kabales tacan leungit paningalna, hukumna nya kudu kaleungitkeun ogé, nanging teu beunang dileungitkeun paningal kapidamel cara pagawéanana nu geus kasebut tadi dileungitkeun panggawéna nu geus banget sangsarana cara nu kapang ku tulang nu males atawa diwerehan ku kapur barus, naon-naon saupama nu mantak ngaleungitkeun paningal.
Perkawis 39
[edit | edit source]Saupama aya jalma neukteuk ramo manusa, nu kateukteuk ngan ramo hiji, lawas-lawas ngaleungitkeun ramo nu teu kateukteuk tina borok lantaran kateukteuk, ramo hukumna ngan kateukteuk deui ramona nu hiji teu beunang motong ramona, anu tina borok mah ari ramo nu leungit tina borok éta, ngan kadengda rega ramo hiji 10 onta atawa 100 dinar.
Perkawis 40
[edit | edit source]Supama aya jalma neukteuk leungeun jalma ti katuhu atawa mecakkeun panon ti katuhu, atawa ngeureut biwir nu ti luhur atawa neukteuk ramo curuk atawa suku katuhu, ceuli katuhu jeung saupamana di nu boga itungan, hukumna teu meunang neukteuk anu lain sasamana, hartos kudu katuhu pada katuhu.
Perkawis 41
[edit | edit source]Supama aya jalma kawarasan tina panggaotana cara leungeun suku létah, hartosna kawarasan bisa barang gawé éwang-éwangan mangka nu kawarasan neukteuk ka salah sawiji nu teu kawarasan hukumna teu beunang diteukteuk deui ngan kadengda. Lamun leungeuna duanana nu kateukteuk 100 onta. Lamun hiji, saparona. Kitu deui ka sasamana. Nanging supami nu neukteuk jeung nu kateukteuk sarua teu kawarasan, hukumna nya kateukteuk cara sa-pangmigawéna kitu sawab nunggal jinisna.
Perkawis 42
[edit | edit source]Supama aya jalma boga irung nu bisa ngambeu kaambeu-ambeuan atawa ceuli nu yasa ngareungeukeun kana reureung[eu]an mangka ngeureut irung nu teu bisa ngambeu ceuli nu teu bisa ngadéngé, hukumna kudu kakeureut deui sawab pangambeu pangreungeu teu sarua jeung nu dikeureut.
Perkawis 43
[edit | edit source]Supama aya jalma nu ngabedol huntu jalma nu tacan leungit pigawéeunnana huntuna, hartosna masi parageuh, hukumna nya kabedol cara panggawéna kitu. Nanging supama nu kabědol huntuna bajang banget leutikna teu beunang dipaké mepeng teu kitu atawa huntuna banget obahna éta hukumna teu beunang kabaleskeun, ngan ngabijilkeun hukum mah, hartosna hukum mah cara nu geus kasebut. Pangbalesna diperkawis 23.
Perkawis 44
[edit | edit source]Supama jalma sepuh ngabedol huntu budak nu tacan pungglak, hukumna teu beunang dibedol pada harita sawab geus adatna sok jadi deui, ngan katadjir baé, nanging lamun anu dibedo[l] huntuna teu jadi deui nu jadi papanggeran nu salianna anu marurag jaradi deui, hukumna nya kabales anu ngabedol huntuna dibedol deui, nu kitu éta lamun aya jalma dua lalaki ku nu sami uninga yén enggonna urut huntuna dibedol geus rusak teu bisa jadi deui, tapi teu benang dibedol budakna keur leutik kénéh, saratna nunggu nepi ka sampé umur 15 tahun. Lamun éta budak paéh saméméh umur 15 taun ahli waris jadi gaganti sarta neda hukum.
Perkawis 45
[edit | edit source]Supama aya jalma ngabedol huntu jalma nu geus pungglak, hukumna dibedol deui sanajan éta huntu bisa jadi deui, sawab jadina éta sayaktosna dipaparing nu anyar.
Perkawis 46
[edit | edit source]Supama aya jalma nu geus sampé umurna, ngabedol huntu nu geus sampé umurna tapi duanana tacan pungglak huntu, hukumna tacan beunang dibaleskeun pada harita. Lamun kabedol jadi deui teu beunang hukuman bedol, ngan katadjir baé. Lamun supama teu jadi deui margana rusak kulantaran panggawé éta, beunang dibedol deui huntu nu ngabedol téa, mangka kari-kari jadi duei beunang dihukum kabedol deui, sa[h]ingga kapindo kaping tilu nu ngajadikeun enggon huntu rusak teu bisaeun jadi deui. Kitu ogé manawa nu kabedol neda hukum deui.
Perkawis 47
[edit | edit source]Supama aya jalma ngamuragkeun huntu nu geus pungglak, pang ngamuragkeunnana lain dihaja, hukumna teu beunang dibales ngamuragkeun huntuna, ngan kadengda 160 onta, sawab dengda ngamuragkeun huntu hiji regana onta 5, réa ning huntu manusa nu kaprah 32. Lamun ngamuragkeun huntu leuwih ti 32, hukumna hukumah baé teu beunang dibaleskeun, nanging supama nu ngaruntuhkeun boga huntu leuwih tina 32 éta beunang dibedol karana éta nunggal jinisna.
Perkawis 48
[edit | edit source]Supaya aya jalma neukteuk ramo jalma, rampal kabéh lain tina dihaja, hukumna teu beunang ditektek deui, ngan kadengda reana 100 onta, sawab regana ramo hiji 5 onta, lamu[n] nu kateukteuk ruwasan indung ramo éta, dengdana saparo tina motongkeun ramo hiji. Supama salian tina ruwasan indung ramo, dengdana 1/3 tina motongkeun ramo hiji.