Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 19

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 19

Bab anu buburuh

Perkawis 206

[edit | edit source]

Supami aya jalma buburuh nyiram pepelakan sarta maké jangji nu dipaké ngaburuhan buahna pepelakan nu disiram téa, [sa]paro atawa [sa]pertiga, éta perjangjian kénging kalampahkeun ari nu disiram korma atawa anggur. Sajaba nu dua Perkawis, teu kénging ngajangjikeu[n] nu dipaké buruhan buwahna. Nu kitu éta supami mencil enggonna, supama kai lianna, tina korma jeung anggur yén saenggon, nya kénging ogé katurutkeun ka korma jeung anggur. Ari panggawéna nu kudu kapigawé ku buruh: cara nyiram, ngahadéan sumur, atawa kamalir, nyabutan jukut, nyieun raranjangan, miceunan mangandeuh, ngaraksa mupu buahna, mérésan. Ari pagawéa[n] nu kudu dipigawé ku nu boga: magerna sumur, nyieun kamalir. Lamun nu buburuh leumpang saméméh cacap pagawéannana, mangka nu boga nganggeuskeun pagawéanana nu kuli, éta kuli masih baé meunang buruhan, kumaha saperjangjianana. Nanging lamu[n] nu boga pepelakan teu daék nganggeuskeun sayogyana nu boga aturan ka nu nyekel hukum, supaya nu nyepeng hu[kum] mangnyandakeun buruhan. Lamun nu boga teu daék mihatur ka hukum sayogyana nyeieun saksi supaya saksi nganyahokeun réa saeutikna hartana nu dipaké balanja nambel sabuat leumpang atawa palangan siku linu. Kitu manawa nu boga pepelakan panejana nempuhkeun ka nu kuli. Supami si kuli paéh, boga barang titinggalna, mangka ahli warisna nuluykeun pagawéannana, sarua baé kaupahkeun deui atawa dilampahkeun ku manéh. Lamun ka upahkeun deui nya nyokot titinggal éta téa.