Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 18

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 18

Bab meuli barang deungeun nu kawisésa

Perkawis 204

[edit | edit source]

Supama aya jalma dua sami gaduh barang hiji cara taneuh atawa imah gedong, éta supami salah sahijina jalma dua téa ngajual bagianana kajual ka nu lian, éta kénging nu saurang ngawisésa meuli ku manéh sahargana nu geus kajangjikeun ka nu lian téa. Éta kénging dirandegkeun teu dituluskeun.

Perkawis 205

[edit | edit source]

Supami jalma boga uang salaka atawa uang mas, mangka éta harta kaserahkeun ka hiji jalma supaya éta uang dilampahkeun ku éta jalma sarta maké parjangjian maparo bati atawa mertiga, éta kénging nu kaserahan ngalampahkeun. supami pang ngalampahkeunana ngarah meunang bati, batina kapiboga kuduaan katurutkeun kumaha saperjangjianana téa. Nanging yén supami manggih karugian teu kénging nu boga uang ménta tetempuh ka nu ngalampahkeun éta uang. Lamun barang nu dilampahkeun éta leungit atawa rusak sarta teu tina hina nu ngalampahkeun, éta nu boga teu kénging neda tetempuh ka nu ngalampahkeun. Yén supami nu ngalampahkeun téa ngangken éta barang leungit atawa ngangken geus mulangkeun ka nu boga, ari nu boga teu ngandel atawa teu nampa sarta euweuh nu nyaksian, éta kalereskeun pihaturna nu ngalampahkeun, tapi maké disumpah kapingsapisan. Sageusna disumpah éta nu ngalampahkeun teu katempuhan. Yén supami éta jalma sami salaya, perjangjianana cara nu ngalampahkeun, ngangken jangji maparo bati, cék nu boga uang jangji mertiga, éta kasumpah duanana. Ari sumpahna nu ngalampahkeun, temen-temen jangji mertiga bati, wangsulna enya jangji maro baé, sumpahna nu boga, temen-temen jangji maparo bati, wangsulna yaktos mertiga bati, sageus sing sami kasumpah nu ngalampahkeun teu meunang nyokot bati. Ari bati kapiboga ku nu boga uang, nu ngalampahkeun ngan meunang upahan baé atawa buruhan tina pang gawéna.