Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 17

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 17

Bab nu kumawani atawa ngawasa wanian

Perkawis 191

[edit | edit source]

Supami aya jalma kumawani ka banda deungeun cara nu tumpak tutumpakan atawa ngenggonan atawa nitah budak sarta saupamana, éta barang nu diwasa rusak atawa leungit, éta kudu nu ngawasa katempuhan. Ari pertempuhna katurutkeun ka rega nu leuwih réa tina kaundakannana, hartosna barang nu diwasa téa unggah hargana di leungeu[n] nu ngawasa téa mana nu pang réana éta nu tetep regana kana tetempuh. Nu kitu éta sugan leuwih hésé yén ngawarnakeun jeung saupamana barang nu leungit. Supami teu hésé nya nempuhkeun anu saupamana, cara ngaleungitkeun cai nya katempuhan cai. Kitu deui taneuh, tambaga, beusi, timah, eumas, anu masih uré. lamu[n] barang nu diwasa teu leungit, nya barang éta ogé nu dipulangkeun. Lamu[n] nu ngawasa ngangkeun barang téh geus leungit tapi nu boga teu percaya éta kalereskeun pihatur nu ngawasa sarta maké sumpah sakali sageus sumpah ngaganti hargana baé.

Perkawis 192

[edit | edit source]

Supami aya nu nyekel barang ti leungeun deungeun asalna éta barang ti enggo[n] nu ngawasa, mangka barang leungit, sami baé pang nyekelna ti gesana ngawasa ku manéh atawa kapihapéan, éta hukumna katempuhan. Nanging nu boga barang meunang neda ka nu ngawasa tihela atawa nu kadua nu panderi téa. Nanging nu kateundeunan tetempuh nu nyekel barang. Yén supami nu ngawasa tiheula geus caos tetempuh, kénging neda pang hilian ka nu nyepeng barang. Lamu[n] nu nyepeng barang geus caos tetempuh, teu kénging neda hili ka nu ngawasa tiheula.

Perkawis 193

[edit | edit source]

Supami aya jalma nyegah sémah mungguh kana pang ngagagampang, éta nu ka entepan tetempuh ka nu neda téa. Nanging supami nu nyegah ngangkeun bokna ku manéh sarta geus caos tetempu[h], éta teu meunang neda tetempuh ka nu nyegah atawa nu neda téa. yén kadahara[n] nu diwasa téa kasuguhkeun ku nu gaduh ku manéh, nu kitu éta nu ngawasa teu katempuhan.

Perkawis 194

[edit | edit source]

Supami aya jalma nu ngarusak brahala jeung gamelan atawa salianna nu sarupa jeung cara éta, pang ngarusakna tina sejana ngaleungitkeun ngaran ning brahala atawa gamelan baé, nu cara éta teu aya prakawis naon-naon ka nu ngarusak brahala téa. Nanging brahala jeung gamelan kénging yén karusak nu teu kudu dibeuleum mangka kabeuleum, éta katempuhan. Anu ngarusak rega puputon brahala tanapi puputon gamelan teu katempuhan saréga keur masih weteh.

Perkawis 195

[edit | edit source]

Supami aya jalma nu ngawasa tutunggangan deungeun atawa saupamana, tuluy rusak éta tutunggangan, lamun aya kénéh kudu kabangsulkeun ka nu gadu[h] sarta katempuhan, kasudaannana dina rega, jeung kudu mayar séwaannana.

Perkawis 196

[edit | edit source]

Supami jalma nu ngawasa kasut deungeun sapasang harega 10 tali, mangka leungit anu saselé, éta kasut kudu kapulangkeu[n] nu saselé sarta mayar tetempuh sapasudana regana. Yé[n] nu aya kénéh kasut nu saselé rega dua tali éta kudu mayar tetempuh dalapan tali.

Perkawis 197

[edit | edit source]

Supami jalma ngagagampang banda deungeun rupa minyak, éta minyak tuluy ditaheur sahéngga suda minyakna tapi teu suda regana, éta minyak kudu pulangkeun ka nu boga jeung mayar tetempuh pakurangna minyak. Lamun minyak suda regana éta kudu katempuhan.

Perkawis 198

[edit | edit source]

Supami jalma ngagagampang samping deungeun tuluy diseseh atawa gandum tuluy ditipung, tanapi [e]mas tuluy kajieun anggon-anggon, éta teu kénging nu ngawasa neda upah migawé éta. Ari nu gaduh kénging ngawisésa cara nu tadi. Supama [e]mas nu kadamel ang[g]on-anggon kapulangkeun ka nu gaduh deui cara rupana heubeul jeung kénging neda séwa salawasna éta barang aya di leungeuna nu ngawasa.

Perkawis 199

[edit | edit source]

Supami jalma ngawasa taneuh deungeun tuluy diadegan imah atawa kapelakan, éta kudu nu ngagagampang ngarubuhkeun imahna, sarta ngarabutan pepelakanana, sagesna rabutan kudu ngararata taneuhna. Lamun éta taneuh jadi suda regana éta kudu katempuhan, pasudana taneuh sarta ménta séwana.

Perkawis 200

[edit | edit source]

Supami jalma ngawasa sinjang deungeun, éta sinjang tuluy dibeuleum dina paneuleuman anu ngawasa téa, yén supami kénging dileungitkeun wecelanana, sarta nu gaduh nitah ngaleungitkeun, éta kudu nu ngawasa ngaleungitkeun. Lamun teu beunang dileungitkeun nanging wedelannana mantak nyudakeun rega ning samping, éta kudu nu ngawasa mulangkeun sarta mayar tetempuh sudana rega tanapi séwana. Nanging supama wedelannana ngundakeun harga sinjang éta nu ngawasa meunang bagian. Upama éta sinjang méméh ditelem regana 10 réal sageus ditelem jadi rega 15 réal. Anu ngawasa meunang perbagi sabagian, nu gaduh dua bagian.

Perkawis 201

[edit | edit source]

Supami aya jalma ngawasa barang deungeun tuluy dibaurkeun jeung barangna ku manéh, éta lamun beunang pipisah kudu pisahkeun baé cara gandum bodas dibaurkeun ka nu beureum atawa sasamana. Supama pang misahkeunana banget susahna, éta kénging nu ngawasa ngahilian baé regana sakumaha éta hargana atawa mayar tetempuh saupamana.

Perkawis 202

[edit | edit source]

Supama jalma ngawasa barang deungeun warna kai kapaké gagalur imah, éta nu ngawasa kudu ngabetot deui éta kai tuluy bikeun ka nu gaduh sarta mayar tetempuh suda ning rega, kitu deui séwana. supami kai geus bobo kudu mayar tetempuh saréa-réa ning regana, sarta séwana. Nyakitu deui jalma nu ngawasa kai, tuluy dijieun parau hukumna disaruakeun jeung nu ngawasa kai nu dipaké gagalur.

Perkawis 203

[edit | edit source]

Supami aya jalma ngawasa taneuh deungeun sarta geus kapindahkeun ka enggona, éta taneuh nu geus kapindahkeun kudu kapulangkeun deui kaenggonna, sarta éta tanéh kudu karatakeun cara tadina. Ari nu gaduh taneuh kongang neda séwana taneuh nu geus dibawa jeung taneuh anu ka sorang ku jalma nu ngawasa téa waktuna ngambah urut mawa taneuh nu dibawa.