Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 16
Bab jalma nginjem
Perkawis 182
[edit | edit source]Supami nginjem boga deungeun éta kénging dipakékeun éta barang ka nu lian—mangka leungit atawa rusak pamakékeunana teu kalawan paidi[n] nu boga, nu kitu petana katempuhan. Lamun geus kaidinan cara kuda ditumpakan, sinjang dianggo, atawa saupamina barang nu patut panganggona, sanajan rusak teu katempuhan. Lamu[n] salanglaya nu [nginjem?] jeung nu kainjeman aya karusakan teu jeung idinna nu boga, éta kelereskeun pihatur nu boga jeung kasumpah pingsapisan. Sages kasumpah wajib anu nginjem mayar tetempuhna.
Perkawis 183
[edit | edit source]Supami jalma nginjemkeun barang banda dengna éta samangsa mangsa kénging diménta, sarua ogé panginjemna maké jangji hebel henteuna, sarta kénging nu nginjemkeun taneh dipaké ngubur nu paéh saméméh kaurugan meunang ngajurungkeun tapi lamun geus kaurug taneuh, teu beunang diwurungkeun, kudu nunggu bresih daging. Kitu deui teu kéngingna jalma nginjemkeun prahu waktu ditumpakan di tengah laut, wondéning balanjana. Saupami mulangkeun barang nya nu nginjemkeun anu ngabijilkeun balanja.
Perkawis 184
[edit | edit source]Supama jalma nginjemkeun taneuh, éta taneuh aya ngimahan atawa dipepelakanan, mangka nu boga ngajabei, éta supami nu nginjem maké jangji, samangsana kajabel imah atawa pepelakan sami dibedol teu meunang hanteu kudu kabedolan atawa rabutan. Yén teu maké jangji kitu kénging nu nginjem ngarabutan, atawa henteu. Nanging supami kabedol ku nu nginjem éta kudu ngaratakeun taneuh urut imah téa, atawa urut pepelakan, yé[n] nu nginjem teu purun ngarabutan meunang nu nginjemkeun gaduh pamilih tilu prakawis;
- awit meunang tuluy ngajual ka nu nginjem,
- kadua meunang ngabedol nanging katempuhan tina meunang suda reregana ti keur masih nangtung,
- ping tilu meunang ngaayakeun atawa ngamatuhkeun imah atawa pepelakan sarta neda séwa taneuh.
Supami nu boga taneuh teu purun milih tilu prakawis, éta kaeureunkeun padunan nepika nu gaduh taneuh boga pamilih. Lamun supami tulus kajual taneuh éta meunang nu boga imah asup kadinya nyiram pepelakanana.
Perkawis 185
[edit | edit source]Supami jalma nginjem taneuh pakarangan tuluy diadegan imah atawa tataneman, éta lulus panginjemna pingsapisan. Lamun imah datang ka rubuh atawa pepelakan datang ka paraéh, éta teu meunang ngadangdanan imah jeung nganyarkeun pepelakan sajaba ti meunang wewenang ti nu boga.
Perkawis 186
[edit | edit source]Supami aya nu gaduh barang, jeung nu maké barang cara nu maké pang makéna barang geus kainjem, nu boga ngaku nyéwakeun éta lamu[n] barang masih tetep aya nu maké nanging tacan lila pang salayana, tanpa saksi éta kalereskeun pihaturna nu maké barang jeung maké sumpah pingsapisan. Nanging lamun geus lila éta barang aya di leungeuna, nu maké éta kalereskeun anu boga nya maké sumpah pingsapisan, sageusna kasumpah éta barang kudu tuluy serahkeun sarta séwana.
Perkawis 187
[edit | edit source]Supami jalma nu nyokot kendi ti leungeu[n] nu ngajual cai, mangka kendi téh ragrag ti leungeu[n], nu nyokot tuluy peupeus éta pang nyo[ko]tna teu jeung meuli, hukumna katempuhan kendina baé, tina cai henteu katempuhan. Yén nyokotna jeung meuli nu sakinten eusi ning kendi cukup kainum ku manéh éta mayar tetempuh cai teu katempuhan tina kendi.
Perkawis 188
[edit | edit source]Supami jalma nginjem anggona, anggona éta kapakékeun ka anakna awéwé nu nginjem, nu masih murangkalih, mangka nu nginjem nitah ngampihan deui mah nu lian ahir kapalingan pangaggo téh éta nu katempuhan nu nginjem. Nanging nu nginjem kénging nempuhkeun ka nu nyimpen ngampihkeun. Anu kitu éta lamun nu nyimpen nyaho yén éta panganggo lain bandana, mun nitah nyimpen upami gaduh pang ngira-ngira bogana nu nitah nyimpen ku manéh éta teu katempuha[n] nu nyimpen.
Perkawis 189
[edit | edit source]Supami aya nu ngenggo[n]an imah marga ti panitah nu boga imah sarta geus heubeul jeung teu maké jangji séwa éta teu meunang nu boga ménta séwana ka nu ngenggonan. Nu kitu éta sugan anu boga lain murangkalih serta teu édan. yé[n] nu boga éta budak atawa nu édan, éta kudu nu ngenggonan mayar séwana ka kira-kira lawasna cicing didinya.
Perkawis 190
[edit | edit source]Supami jalma nginjem barang mangka sidang, éta jalma nu nginjem jeung nu kainjeman cara cék nu nginjem barang téh geus kapulangkeun cék nu kainjeman tacan nampa sarta euweuh saksina, éta kalereskeun pihaturna nu nginjemkeun sarta maké sumpah pingsapisan sageus sumpah éta kudu nu nginjem katempuhan.