Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 15

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 15

Bab ikral

Perkawis 176

[edit | edit source]

Supami jalma ngangken kaenggonan barang ing jalma, pangangkenna keur masih kénéh cageur—sageus geuring ngangken deui—yén kateundeunan barang nu lian ti nu tadi téa, éta supami nu ngangken téh paéh, pang nyokotkeun jalma dua nu sami kaararangken kacokot barangna titinggal anu paéh téa.

Perkawis 177

[edit | edit source]

Supami aya jalma ngangken marga tatanyaan sasama ning manusa, pangnanyana kieu: “andika hutang ka kula”, nu ditanya ngaenyakeun, éta nu ngangken téa katetepan hutang sumilih batinna teu mihutangkeun, sakitu éta upama nu ditanya ngawangsul engges mayar, utawi geus kalapurkeun, nanging supami mayarna jeung pang dilapurkeunana pada aya nu nyaksian, éta teu naon-naon. Supami tanpa saksi kénging diteda sumpahna nu nanya téa. Sageus sumpah kudu baé nu ditanya téa mayar. Supami nu ditanya teu purun sumpah, kasumpah nu boga omong geus mayar. Supami teu daék sumpah anu ngangken geus mayar ngaku dilapurkeun, éta nu sumpah éta wajib mayarna kumaha sapanggugatna sarta nu nanya teu maké kasumpah.

Perkawis 178

[edit | edit source]

Supami aya jalma nyekel sawiji barang sarta pangangkena barang nu dicekel téh banda nu séjén, sageus ngomong kitu ngangken deui yén banda nu séjén deui sarta jalma dua sami ngalereskuen yén barang éta bognna, hukumna éta barang kaserahkeun ka nu kaangken tiheula. Ari nu hiji deui meunang neda tetempuh kumaha saregana barang éta—hartosna katetepkeun kumaha saomongna nu nyekel barang.

Perkawis 179

[edit | edit source]

Supama jalma ngaku kaenggonan barang deungeun, nanging jalma nu diangkeun boga barang teu ngarasa boga barang nu kitu, kaluluskeun jadi bogana nu nyepeng barang. Yén supami nu teu ngangken boga barang sageus ngomong ngaku yén bandana, éta teu jadi pangangkena, masih kénéh katetepkeun ka nu nyekel barang. Nanging lamu[n] nu nyepeng barang ngalereskeun cara nu tiheula, éta barang kapasrahkeun ka nu ngaku téa.

Perkawis 180

[edit | edit source]

Supami jalma ngaku anak ka hiji jalma, éta yén anu ngaku nyebutkeun geus nepika umurna sarta euweuh hiji jalma nu aruninga bangsana nu diaku anak téa, éta tetep anu diaku anakna nu ngaku. Yén supami nu diangkeun umurna langkung saeutik ti umur nu ngangkeun, nanging kungsi ngaku anak lain murangkalih jeung lai[n] nu édan jadi sarat anu diaku téh ngaenyakeun kana pangangkenna, anu ngangken téa, yé[n] nu diangkeun ngabohongkeun. Sageusna ngenyakeun ka pangangken téa éta teu pecat ka ngarana ning anak sahéngga salah sahijina paéh, meunnang ogé waris supami nu diaku anak téh murangkalih tanapi édan atawa jalma nu geus paéh teu kasaratkeun anu sami diangkeun. Yén manawi ngalereskeun pangangkena yén murangkalih geus nepika umur atawa édanna geus cageur mangka sami ngabohongkeun, éta teu pecat ka ngaran ning anak.

Perkawis 181

[edit | edit source]

Supama jalma dua sami ngaku anak ka jalma hiji nu diaku téa geus sampé umurna sarta teu édan, éta mana nu dilereskeun éta nu boga anak.