Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 14

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 14

Bab Wakil

Perkawis 164

[edit | edit source]

Supami jalma nyieun wakil atawa polmak, nitah ngajual barang sawiji-wiji, éta polmak teu wenang ngajual ngurangkeun rega barang téa, sarta teu kénging yén disasamayankeun pangjualna atawa kajual kana uang nu teu laku di nagara éta.Nu kitu éta sugan karepna ku manéh lamun pako nu ngawakilkeun teu mantak katempuhan prakawis anu beunang diwakilkeun sarupa ning pagawéan anu sakin teu sami beunang ka pidamel sarta ngalampahkeun antaran ku nu ngawakilkeun jeung nu jadi wakil mangka beunang bapa dijieun wakil jeung jalma lalaki séjén, amrih ngawinkeun anakna. Ari istrina teu kénging jadi wakil prakawis tapi kénging istri dijieun wakil lamun paké ngadatangkeun pamegatna kaéwéna. Sarta budak teu kénging jadi wakil ngawinkeun nanging kénging dijieun wakil narimakeun pang lakianana nu istri ka lalaki nu geus ngadamel wakil ku manéhanana. Atawa jadi wakil megatkeun dina murangkalih mah, teu kénging wawakil atawa jadi wakil dina prakawis anu geus kasebut tadi ngan kakéngingan murangkalih ngadatangkeun paméré atawa jadi wakil ngasupkeun sémah ka jero imah.

Perkawis 165

[edit | edit source]

Supami jalma boga panerka, éta kénging panerkana diwakilkeun ka nu séjén. Kitu deui nu diterka kénging ngawakilkeun ngajawab ka panerka téa. Nanging supami geus ngangken éta diomong pangangken teu kénging diwakilkeun ka nu lian. Kitu deui jalma jadi saksi, jeung nu sumpah teu kénging wakil.

Perkawis 166

[edit | edit source]

Supama jalma ngawakilkeun atawa nu kawakilan paéh salasahijina, atawa édan, éta pecat kawakilannana. Éta teu beunang dilajukeun jalma nu cageur ka jalma nu édan atawa paéh. Kitu deui ahli warisna nu paéh teu kénging yén ngalajeungkeun kawakilannana. kitu deui ahli waris wakil nu édan, jeung pecat pang wakilna, yén salah sahiji geus mecat.

Perkawis 167

[edit | edit source]

Supama wakil jalma jadi meulli hiji barang atawa mangjualkeun éta kang upama barang leungit di leungeunna nu jadi wakil, leungitna lain tina hinana, teu kénging yén katempuhkeun. Nanging supami nu jadi wakil ngangken barang leungit anu wakil teu percaya, éta kalereskeun pihatur nu jadi wakil tapi kasumpah kapingsapisan.

Perkawis 168

[edit | edit source]

Supami aya jalma ngajual barang nu lian sarta pangjualna ngangken yén jadi wakil anu boga barang, ari nu boga barang teu ngangken yén ngawakilkeun, tampa saksi duanana, éta kalereskeun haturanana nu gadu barang tapi kasumpah kapingsapisan. Sageus nu boga barang kasumpah mangka nu ngangkeun jadi wakil ngajual barang éta kudu katempuhan.

Perkawis 169

[edit | edit source]

Supami salaya nu ngawakilkeun jeung nu jadi wakil kasidanganana paterapna kawakilanana, cara nu jadi pangangkena pangjualna barang dititah ngahutangkeun atawa meulian sawiji-wiji barang pangaos dua puluh marga panitah nu ngawakilkeun. Anu ngawakilkeun ngan nitah meuli pangaji sapuluh, paterapna nu cara kitu éta kalereskeun aturanana nu ngawakilkeun ngan maké sumpah pingsapisan. Sageus sumpah nu jadi wakil katempuhan.

Perkawis 170

[edit | edit source]

Supami jalma nu jadi wakil pangangkenna yén barang nu diwakilkeun geus kapulangkeun ka nu ngawakilkeun, nu ngawakilkeun teu ngangken, tanpa saksi duanana, éta kalereskeun aturanana nu jadi wakil, tapi maké kasumpah pingsapisan. Sageus sumpah teu kénging nu ngawakilkeun neda kabangsulkeun barangna, nanging supami pangangkenna nu jadi wakil pamulangkeunana nu nampah réncangna atawa utusana nu ngawakilkeun éta utusan atawa baturna teu ngaku, sarta teu baroga saksi éta kalereskeun aturan réncang atawa utusan téa, tapi jeung kasumpah pingsapisan. sageus sumpah wakil katempuhan.

Perkawis 171

[edit | edit source]

Supami jalma jadi wakil mangjualkeun barang sawiji-wiji pangangkenna nu jadi wakil geus tanpa rega ning barang nanging hartana leungit dileungeuna tanpa saksi pangangkenna leungit téh, éta supami barang nu dititah dijual tacan kabikeun ka nu meuli éta kalereskeun haturanana nu ngawakilkeun, tapi kasumpah pingsapisan. Sageus kasumpah éta wakil kudu meunang tempuh nanging lamun barang geus katampah ku nu meuli éta kalereskeun pihatur nu jadi wakil sarta kasumpah pingsapisan. Sageusna sumpah teu kudu mayar tetempuh.

Perkawis 172

[edit | edit source]

Supami aya jalma jadi wakil mayar hutang mangka nu jadi wakil ngangken geus kabayarkeun, anu mihutangkeun teu ngaku, tampa sami tampa saksi, anu kitu éta kalereskeun pihatur nu mihutangkeun. Nanging kasumpah sapisan. Sageus kasumpah nu hutang kudu mayar. Jalma nu jadi wakil teu milu katempuhan.

Perkawis 173

[edit | edit source]

Supama aya jalma ngahiras ka sawiji-wiji jalma, nyokot barang jalma nu rék dibeli ku manéhanana, mangka éta barang leungit di jalan, hal éta katetepkeun ka nu nitah. Nu dititah teu katempuhan.

Perkawis 174

[edit | edit source]

Supama aya jalma jadi wakil atawa jalma ka pihapéan mangka nu kawakilan atawa nu kapihapéan neda barang éta kudu kabikeun pada harita, teu kénging nyerahkeun maké ngamemengké, nyieun saksi sawab tadi jalma dua nu jadi wakil dua nu kapihapéan kalereskeun pangangkenna. supami di tukang aya sidangna pang nyerahkeunana ka nu gaduh, nanging sarupa teu beunang kalereskuen pangangkenna pangmulangkeunana barang cara nu ngahutang atawa nyokot anu teu meunang wewenangna nu gaduh éta. Lamun diteda kénging ngamemengké jeung nunggu saksi sawab pangangkenna jalma dua anu hutang nya duaan nu nyokot barang dina mulangkeun teu maké saksi yén jadi salaya, tapi teu kalereskeun pihaturna jalma dua téh.

Perkawis 175

[edit | edit source]

Supama aya jalma hutang ditagih ku titah anu mihutangkeu[n], nu kitu éta kénging nyerahkeun katitahan tapi kudu nyieun saksi sawab pamayarna lamun kanti saksi, lamun jadi perkawis teu dileres pihatur nu hutang.