Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 13

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 13

Bab babaton

Perkawis 163

[edit | edit source]

Supami aya jalma dua papatungan atawa sabanda sami jual meuli, nu kitu éta sarat harta nu dipaké babaton téa harta nu sami jinisna, sami warnana, sakinteun sageusna kawor éta harta teu kénging dititik cara rupia sami rupia, keton sami keton, atawa salian-lianna, saupama pagawéan atawa rugi nu kitu éta untung atawa rugi sami kasangga kuduaan kaitung jeung dina réana hartana mana nu réa hartana éta diréaan deui rugina nu saeutik nyakitu kénéh ogé lamun barang leungit di leungeun duaan anu lain tina jalan kaharinaannana, éta teu kénging katempuhan. Lamun supami salah sawijina ngangken leungit atawa geus kabahankeun baturna patungan anu kitu éta kalereskeun anu boga haturan enggen leungit atawa geus kapulangkeun tapi jeung maké sumpah kaping sapisan. Lamun dibawa ka nagara séjén pang mawana, teu karana idin baturna papatungan sahéngga leungit éta katempuhan nu mawa barang téa.