Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 12

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 12

Bab nanggung jalma hutang

Perkawis 160

[edit | edit source]

Supama jalma ngahutang harta–aya jalma nu nanggung, éta ari geus nepika témpona mayar kénging nu ngahutangkeun nagih ka nu hutang atawa ka nu nanggung atawa nagih saparo ka nu hutang saparo ka nu nanggung. Supama kalapurkeun ku nu mihutangkeun éta nu nanggung nya milu lapur ogé hartosna lepas tina pananggungna, nanging yén nu nanggung baé nu dilepas pananggungna, nu hutang teu katut kalepas. Yén supami nu nanggung purun mayar tiheula, éta kénging neda ganti [panghilian] nu nanggung ka nu ditanggung. Nu kitu éta manawa nu nanggung geus rempug jeung anu hutang. Lamun henteu jeung panitah teu kénging neda ka nu ditanggung téa sawab bijil tina kahinaan ku manéh.

Perkawis 161

[edit | edit source]

Supami jalma nanggung hutang jalma daék mayaran kapan nedana nu hutang, éta kénging neda hihili ka nu di pang mayarkeun. Anu kitu éta supami beunangna mangmayarankeun aya nu nyaksian atawa sami ayana, atawa geus aya pangakuna jalma nu mihutangkeun.

Perkawis 162

[edit | edit source]

Supami jalma nu hutang jalma nu geus katimbalan ku hukum, nu kudu éta jalma datang, sawab badé katerapan hukum éta pang nanggungna sarat ku panitah nu ditanggung supama nu nanggung nu ditanggung jalan tina hutang harta, teu sinaratan nguningaan réa saeutikna, harta paterap nu cara kitu éta kudu nu nanggung téh ngadatangkeun ka nu ditanggung, supami nu ditanggung geus diserahkeun ka hukum éta kalepaskeun pang nanggungna. Yén supami nu ditanggung leumpang ti nagara éta kudu nu nanggung nu ngadatangkeun. Nu kitu éta sugan uninga enggona sarta utama di jalan mangka datang ka sawatara kakinten lawasna leumpangna néangna jeung pulangna yén geus leuwih sasubayana, atawa geus nepi pang mulangna nu sami nyepeng hukum mangka teu bisa ngadatangkeun hukumna nu nanggung di panjara lawasna kakinten-kinten sahéngga nu ditanggung teu bisa datang deui cara réh geus paéh, ari pananggungna téa teu beunang diperih mayar.