Jump to content

Wb/su/Kitab Tuhfah/Bab 11

From Wikimedia Incubator
Wb > su > Kitab Tuhfah > Bab 11

Bab jalma gagadé

Perkawis 139

[edit | edit source]

Supami jalma ngagadé barang kénging nu ngagadé barang ngala mapaatna barang nu kagadékeun. Anu kitu éta teu meunang hanteu kudu kasudakeun regana barang nu ka gadé téa, cara rupaning kuda atawa imah nu dienggonan, yén pamakéna kungsi rusak sahingga datang ka nyudakeun rega, éta teu kénging cara nu digadékeun téh warna sinjang mangka dipaké datang ka lusuh, nu kitu téh mun teu meunang wewenang nu ngagadé barang, lamun meunang mah wewenang nya kénging.

Perkawis 140

[edit | edit source]

Supami aya jalma hutang maké gagadéna barang téa kacepeng ku nu mihutangkeun, mangka leungit pangneundeunna henteu hina, hukumna teu katempuhan sarta teu mantak jadi kasudaan pami hutangkeunnana. Supami pangneundeunna hinana ku manéh nu nyekel barang cara pengneundeunna di nu teu patut paké barang teundeun atawa sageus katebus teu tuluy kapulangkeun ka nu boga, lamun kitu petana nu nyekel gadé katempuhan.

Perkawis 141

[edit | edit source]

Supami jalma nginjeum barang deungeun badé gadékeuneun, sarta cacarios yén barang nu digadékeun sakieu-sakieu réana sarta lawasna sarta jalmana nu rék digadéan, mangka kalakon barang digadékeun, supama leungit di nu nyekel gadé lain tina kahinaannana, pangneundeunna, nu kitu éta nu nginjeum teu katempuhan. Nyakitu deui nu nyepeng gadé, nanging supama teu leungit sarta datang kajangjina mayar jalma nu nginjeum barang teu bisa nebus, éta barang beunang dijual ku nu nginjeum jeung sarta idina nu boga barang. Ari nu boga barang meunang ménta ganti ka nu nginjem barang nu sarua regana jeung nu dijual téa. Nanging lamun leungit di nu nginjeum hukumna ketempuhan.

Perkawis 142

[edit | edit source]

Supami aya nu sidang nu nyekel gadé jeung nu ngagadékeun cara nu nyekel gadé ngangken barang éta leungit, kang serta pangneundeunna teu hina, nu ngagadékeun maido, lamun leungit éta hukumna kalestarikeun ka nu nyekel gadé, nanging maké sumpah.

Perkawis 143

[edit | edit source]

Supami salaya nu nyekel gadé jeung nu ngagadékeun, cara nu nyekel gadé ngangken geus mulangkeun, nu ngagadékeun pangangkeunna tacan nampa, euweuh nu nyaksian, éta hukumna kalereskeun nu ngagadé nanging maké sumpah.

Perkawis 144

[edit | edit source]

Upami aya jalma ngagadékeun budak, éta budak kénging kamerdikakeun ku nu boga nanging kahilian gagadén ka nu nyekel gadé kumaha sarega budak nu kaperdikakeun téa, nu kitu éta supami nu merdikakeun bisa ngahilian, lamun teu bisa mah ngahilian teu jadi pang ngamerdikakeunnana.

Perkawis 145

[edit | edit source]

Supami jalma ngagadékeun barang, éta barang kaleungitkeun ku nu ngagadékeun ku manéh éta kudu ngaganti mah nu ngagadé. Yén supami nu leungit sanajan leungitna teu hina pang nyimpenna.

Perkawis 146

[edit | edit source]

Supami jalma ngagadékeun budak, éta budak nu kagadé teu bisa digawé naon-naon, mangka salawas-lawasna aya dipanggadéna réa pangabisana panggawé nu undakkeun rega cara supami budak rega 100 réal kagadé 200 réal, sareng geus réa pangabisana aya sajroning pagadén datang ka bisa laku 200 réal. Yén nu gadu boga hutang ka nu séjén, éta teu kénging nu mihutangkeun nyokot kauntungan ti kaundakan rega éta budak nu digadékeun téa. Éta masih kakatutkeun ka nu gagadéan. Nanging undak ing rega kapiboga ku nu boga budak.

Perkawis 147

[edit | edit source]

Supami aya jalma hiji boga hutang kaduaan anu hiji katatandonan budak awéwé nu tacan boga anak sarta hutangna leuwih réa ti harga budak awéwé, nu kagadékeun lawas-lawas éta budak boga anak disajroning pagadén. Sageus nepi ka jangji teu bisa nebus sarta teu bisa mayar hutang ka nu teu maké gadéan, éta budak sarta anakna kajual uangna kabayarkeun ka nu kagadéan teu beunang ku nu mihutangkeun séjén ménta tina harga budak indungna téa, sakurangna hutangna nyokot ti rega anakna, nanging teu beunang dicokot kabéh diparo baé jeung nu mihutangkeun nu lian téya, jeung supami lamun sami mihutangkeunnana. Lamun teu sarua katurutkeun sapertiga, saprapat tina hartana harganing anak budak éta. Ari kakaréna nu tacan cukup pamayarna nya tetep kénéh hutangna samangsa boga wajib mayar.

Perkawis 148

[edit | edit source]

Supami aya nu salaya nu hutang jeung nu mihutangkeun cara nu ngahutangkeun panghutangna jeung maké gadéan anu hutang teu ngaku maké gadéan, aya ngaku nanging sidang réa saeutikna nu digadékeun, éta kalereskeun anu hutang, nanging disumpah sapisan.

Perkawis 149

[edit | edit source]

Supami jalma mihutangkeung ngangken maké gadéan pangahutangkeunnana nu hutang teu rumaos maké gadéan nanging barang nu disebut kagadé aya dileungeun nu hutang pangsidangna teu baroga saksi éta kalereskeun pihatur nu hutang tapi maké sumpah pangsapisan. Nanging supami barang nu jadi paben aya dileungeun nu mihutangkeun mangka aya pihaturna ayana éta barang dileungeunna pangnyokotna éta barang marga tina karepna ti manéh, atawa awad nginjeum éta kalereskeun kénéh nu hutang nya kanti sumpah pingsapissan.

Perkawis 150

[edit | edit source]

Supami aya nu paéh tinggal hutang, sarua baé hutang ka gusti Allah jeung ka manusa katetepkeun barang titilarna kabayarkeun kahutangan. Méméh kabayar hutang, ahli waris tacan kénging nyokot, atawa mikeun barang titinggal téa. Nanging teu katetepkeun undakna barang titinggal yén dibayarkeun kahutang ari rupaning kaundakan barang cara pangupah jiwaning kawula anak sapi, munding, tanapi saliana nu sarua cara kitu sawab kaundak ka nu cara kitu éta sayaktos jadi bogana ahli waris.

Perkawis 151

[edit | edit source]

Supami jalma maot paéh keur paéh teu boga hutang, mangka ahli waris ngajualan barang titinggal téa, sageus kajualan hayang hutangna nu datang anyar-anyaran rupaning hutang wantu nu paéh keur hirup kénéh ngajual barang sawiji-wiji, sageus paéh barang nu dijual aya cacadna, mangka kabangsulkeun éta barang hartana geus dibéakeun ku nu paéh nu kitu teu ka jadikeun pangjualna ka barang titinggal ahli waris anu ngajabel deui ka barang titi[ng]gal anu geus kajual sageus kajabel kabayarkeun ka hutangna nu paéh.

Perkawis 152

[edit | edit source]

Supami jalma boga hutang ari hutangna leuwih ti bandana sarta waktu éta geus nepi ka jangjina mayar, mangka réréa mihutangkeun sami haturan ka nu nyangking hukum supaya barangna nu kahutang sami kaseungkeur ku nu nyangking hukum éta kudu nu nyepeng hukum nyengker sarta kabéwarakeun ka jalma nu réa supaya ulah jadi jual meulina ka nu kasengker téa. Sageusna kasengker teu kénging nu boga ngajual, tanapi mikeun, mangka barang katetepkeun, sami kabayarkeun ka jalma nu réa nu sami ngahutangkeu[n]. Nanging supami kajadi gagadén, bahé teu kénging sami ngahutangkeun sageusna barang kasengker yén anu teu nyokot ti pambayar barang anu kasengker téa, yén supami jalma nu kasengker barangna gaduh barang nu datang anyar cara beunangna ngala kai atawa barang gadé, meunang waris wasiat atawa paméré, nu kitu éta barang nu datang anyar kaleubeutkeun ka barang nu geus sengker, teu kénging nu mihutangkeun nanging sageusna kasengker yén neda éta barang nu anyar téa.

Perkawis 153

[edit | edit source]

Supami aya jalma nyepeng hukum, geus nyengker barangna jalma, nu kitu éta sayogya néréh-néréhkeun ngajual barangna nanging pangjualna pernah lumrah jalma jual meuli supaya ulah mantak nyudakeun dina regana, ngan panganggona nu kudu kaanggo sapopoéna, éta teu kénging dijual sageus ka jual sadaya reganing barang sami kabayarkeun ka nu marihutangkeun ka patutkeun kana réa kedikna hutangna.

Perkawis 154

[edit | edit source]

Supami aya murangkalih gaduh barang, sayogya ahli warisna nu nga[m]pihan sahéngga nepika sampé umurna sarta boga pipikiran nu saé—ngaran pipikira[n] nu saé éta geus bisa milih nu jadi kasaéanana, agamana, jeung kasaéan kana barangna. Nanging sayogya saméméh sampe umur kacoba heula, yén murangkalih anak nu jual meuli kacoba kana tatawaran barang nu sakinten manggih bati. Lamun anak nu tani kacoba ka taniannana, lamun awéwé kacoba ka damel awéwé. Nu sakinteun bisa meunang sarta kabisana barang teundeun ataapi rumaksa kana dahareun.

Perkawis 155

[edit | edit source]

Supami aya jalan terus euweuh pepetna sarta kénca katuhu jalan pirang-pirang jalma nu imah-imah nu kitu éta teu kénging sawiji-wiji jalma nyieun imah ditengah jalan atawa nancebkeun pepelakan sanajan teu mantak ngamararatkeun ka jalma, nu lalumaku, sawab ngurangan rukbakna jalan jeung teu kénging nyieun dodongkéh atawa loténg saluhureun jalan anu katepungkeun jeung pager nu pentaseun jalan. Nanging kénging nyieun dodongkléh jeu[ng] loténg yén kinteu[n] nu teu mantak moékan jalan sarta teu sundul anu lumaku jeung nu maké tutumpakan saadatna jeung anu maké papayon tutumpakan. Ari jalan runta teu kénging nu lian lamun nyieun dodongkléh sajaba ti nu boga jalan cara nu kasebut tadi karana jalan buntu tinangtu jadi bogana jalma nu aripah imah didinya baé hartosna lain jalana jalma nu réa kitu gé teu kénging ngababangun salah sawijina nu sami boga jala[n] nu buntu lamun euweuh panitah nu jauh imahna tina lawangna paranti kaluar nanging meunang nu geus gaduh kori yén nyieun kori deui nu manbrih deukeut ka jalan gedé, teu kudu neda idinna ka jalma nu jauh ti jalan gedé, nu kitu éta lamun lawangna heubeul dipareman. Ari jalmna nu boga lawang nu aya tungtungna jauhna ti jalan gedé, meunang nyieun lawang deui pamrih deukeut sawatawis ka jalan gedé, sarta korina lawas kénging katetepkeun, sawab lawang heubeul teu aya nu kudu kasorang. Nanging jalma nu geus boga kori nyangarep ka jalan gedé, nararenggeul kana témbokna kénging ditotos dijieun lawang kana jala[n] nu buntu téa, éta teu kénging sarat neda pasukana ka jalma nu baroga jalan bu[n]tu, ngan yieun jandéla mah éta kénging.

Perkawis 156

[edit | edit source]

Supami aya nu patepung imahna jeung nu séjén, éta pager nu dihapit-hapit ku imah dua. Supami nu nyieun jalma saurang baé, éta teu kénging nu teu nyieun mah nancebkeun kana témbok didinya atawa neundeun kai jeung notos pager tembok, lamun teu meunang wewenang mah ti nu nyieun. Lamun boga sukaeun mikeun hukumna pager tembokna kainjemkeun baé, kénging nu boga ngajabel deui. Supami geus kajabel mangka masih baé daék migawé cara nu geus kapigawé tadina, kénging nu gaduh neda séwana.

Perkawis 157

[edit | edit source]

Supami pager nu kadempét ku imah dua sarta bogana jalma dua éta salah saurangna teu kénging yén ngarusakeun pager. Lamun supami pager resak nu henteu karusakeun, jeung teu kénging salah saurang ngawisésa nitah ngabangu[n]. Yén supami salah saurang daék ngabalanjaan katangkes ku manéh éta nu lian teu meunang nyaram. Sageusing jadi pager mapaatna kamilik ku nu ngabangun ku manéh, nanging supami karusak ku nu ngabangun éta nu lian meunang nyaram nyieun ngabangun deui. Nanging lamun tulung tinulung pangabanguna bijil ti jalma dua, éta témbok bangsul kapiboga kuduaan deui.

Perkawis 158

[edit | edit source]

Supami aya pager ngahapit-hapit imah dua, salah sawijina ngangken bogana, nu kitu éta supami pager tadi batana ngantét jeung pager nu imahna dihareup atawa nekuk juru imahna, nu séjén ngan némpélan baé, éta kalereskeun aturanana nu boga imah nu kakantét ku pager bata téa, nanging maké sumpah kapingsapisan. Supami sami kakanténana pager bata éuwéuh nu nyaksian dikaleresan salah sahijina nu kitu éta sami kasumpah duanana. Sageusna kasumpah duanana, éta pager kapiboga ku duaan. Lamun salah sawiji teu purun sumpah kapiboga ku nu sumpah baé.

Perkawis 159

[edit | edit source]

Supami aya nu ngaligerkeun pihutangna, nu kitu teu kudu naros ka nu kadodokan. Ngaligeurkeun meunang ogé mun geus rempug sareng nu mihutangkeun daék kabayar tina pihutangna. Yén geus saperjangjiannana, mangka lepas pang hutangna. Kitu ogé nu kadodokan liligeran nya geus ka lepas teu hutang ka nu ngaligerkeun.