Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Taya Deui nu Kawasa Saenya-enyana, Kajaba Gusti Allah
V
Taya Deui nu Kawasa Saenya-enyana, Kajaba Gusti Allah
Jaman baheula aya hiji raja, anu jenengan Kanut, mangsa harita angkat ngajajah ka sisi laut.
Ari mantrina nu ngiring, kaliwat pamujina kana kawasa rajana, ari pokna:
- “Hé gusti, darat jeung laut sadayana taluk ka gamparan.”
Kadangu ku raja pangalem mantri-mantri, yén olo-olo baé. Sabab éta raja kersa ngayakinkeun pamuji mantri-mantri téa, lajeung ngadeg di sisi pisan, datang kacipruk mastakana kasimbeuh ombak. Raja téh lajeung nyaur:
- “Hé laut, manéh ulah deukeut teuing.”
Tapi laut téh henteu pisan ngagugu, masih kénéh baé ombakna datang ka baseuh panganggona. Ti dinya raja téh ngalahir ka mantri-mantrina, lahirna:
“Hé para mantri kabéh, nu tukang olo-olo, jeueung ku maranéh yén darat jeung laut taluk ka aing. Geuning aing datang kacipruk. Henteu diturut paréntah aing ku laut, henteu aya hiji manusa di dunya anu kawasa, saenya-enyana ngan gusti Allah baé, nu geus ngadamel bumi jeung langit, daratan jeung lautan. Geus teu patut dilarapkeun ka manusa, disebut nu kawasa satemen-temenna.”
Sair
[edit | edit source]- Tétéla kabéh bangsa manusa,
henteu aya hiji anu kawasa,
ngan allah nu murba wisésa,
dadamelanana kabéh santosa. - Lamun aya nu nyebut manusa sakti,
éta geus tangtu moal bukti,
coba pikiran di jero ati,
nu nyebut sakti moal kaharti.