Jump to content

Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Santri Gagal

From Wikimedia Incubator

Kitab
Dongéng-dongeng nu Aranéh


I
Santri Gagal

Aya dua budak lalaki, bareng masantrén serta pada dulur misan, nu hiji ngarana Ki Jahidin, nu hiji deui ngaran Ki Abidin.
Ari éta nu ngaran Ki Jahidin rada mumulan digawé, karesepna ngan maca jampé baé, boga paririmbon warna-warna pisan eusina, aya dowa halimunan, aya doa kajayaan, aya doa kabeungharan, aya doa kamahian, aya doa katanian, aya doa kinasihan.
Unggal poé unggal peuting Ki Jahidin taya deui kalakuanana ngan ngapalkeun jampé baé, datang ka apal kabéh. Isuk-isuk bada subuh diwaca éta jampé datang ka meletek srangéngé, ari enggeus tamat macana jampé tuluy bermaén atawa héés, kitu jeung kitu baé unggal poé.

Ari Ki Abidin mah lain kitu, demi isuk-isuk bada subuh tuluy macul di kebon manéhna atawa mangmaculkeun kebon kyaina, saenggeus macul disaur ku geureuha kyaina, dilélér barang teuda.
Ari ti peuting Ki Abidin, sabada salat isa, hanteu nganggur, saméméh héés digawé heula, nganyam samak atawa rarautan atawa nulis kuran jualeun, kitu baé kalakuanana.
Dimana usum panén Ki Abidin réa ngampihkeunana paré, beunang gacong atawa tina beunang nyawah sorangan jeung bisa ngampihkeun duwit saeutik-saeutikkeun, ladang pepelakanana kacang, jagong, huwi, taleus.
Ari Ki Jahidin mah hanteu kitu, beunang na jajaluk ngan mahi saharitaeun baé, papakéanana hanteu boga rangkepan.

Dina hiji mangsa eukeur Ki Jahidin maca jampé ditanya ku Ki Abidin, pokna: kakang kumaha manah kakang ti beurang ti peuting taya kalakuan nu pihasileun, ngan maca doa teu puguh baé, lain digawé nu pimangpaateun ka diri. Wangsulna Ki Jahidin: "Ari silaing nyebut doa hanteu puguh, geura ieu déngékeun ku manéh." Tuduhna doa hiji-hijina. "Ari ieu doa halimunan, gawéna lamuna diwaca matak tara kadeleu ku jelema. Ari doa kajayaan matak jaya hanteu apes diajénan ku jelema. Ari doa kabengharan lamun diwaca matak téréh benghar, hanteu hésa nyiar duit. Ari doa kamahian lamun diwaca matak cukup ku saeutik, upama béas seeutik sebeh dihakan ku tiluan atawa leuwih. Ari doa katanian lamun diapalkeun matak jadi sagala pepelakan sarta doa kinasihan lamun diwaca réa jelema nu asih, hayangeun méré baé. Tah kitu éta tuduhna doa hiji-hiji nu diapalkeun ku kakang, naha manéh hanteu kabita?"

Ki Abidin nyeleketek seuri bari ngomong kieu: "Nya ngeunah kacida lamun kitu mah, kumaha kakang téh percaya ka éta doa-doa téh?"
Ki Jahidin ngawangsul: "Puguh percaya mah, mana dilampahkeun ogé, unggal isuk diapalkeun, nya hayang kataekan."
Ki Abidin ngomong: "Ari percaya mah, nya geura lampahkeun baé, ari kula téa teu kabita."

Ti harita Ki Jahidin goréng atina ka Ki Abidin dulur misanna, tuluy baé misah pasantrén, sarta Ki Jahidin hanteu ganti lampahna, masih kénéh kitu baé, ngan getol ngapalkeun jampé baé sarta hakan pakéna ngan wungkul beunang jajaluk baé.
Demi Ki Abidin jadi jelema rapékkan, ngaji bisa, digawé bisa, tuluy baé dipulung mantu ku guruna sarta di sérénan pasantrén sarauh raja kayana. Tina kagetolanana sarta katemenan-nana, jadi jelema dagel pisan taya kakurang. Ki Abidin hanteu pisan poho ka dulurna misan nu ngaran Ki Jahidin téa, tina geus lawas papisah teu menang béja-béja acan.

Hiji mangsa Ki Abidin lempang ka nagara rék babalanja, ari di nagara papanggih jeung jelema kékéré, papakéanana rubag-rabig, baju butut pinuh ku tambal, totopongna ngalinting, nyamperkeun ka Kyai Abidin, ngomong bari humarurung, malar dipikarunya, pokna: "Juragan mugi aya piwelas sampéan ka kuring, réhna kuring geus tilu poé kakara neda kupat sahiji." Ki Abidin watireun méré satengah rupiah sarta diahak cicing dimanéhna, pokna: "Paman milu baé ka lembur sarta tuluy cicing di kaula, urang papaharé digawé, kadeuleuna paman téh walagri taya kacacad, tanaga meureun rosa."
Kékéré ngawangsul: "Sumangga seja ngiringan pisan, kuring geus teu bisa neda ari hanteu beunang jajaluk.
Tuluy kékéré téh dibawa mulang ku Kyai Abidin. Bareng nepi ka pangeureunan, Kyai Abidin eureun ngiuhan handapeun tangkal asem sisi jalan bari murak bebekelan, rorodanana dibikeun ka kékéré téa, ngariung dadaharan bareng pananggung-pananggungna kyai.
Sanggeus kitu, Kyai Abidin mariksa ka kékéré, lahirna: "Paman kaula hayang nyaho, kumaha asalna nu matak jadi kékéré, saréhna kadeuleuna ku kula paman téh jelema walagri pisan." Kékéré ngawangsul: "Leres pisan pilahir sampean jisim kuring walagri, ayeuna kuring seja nyaritakeun ti awitna, mugi sampean suka ngadangu." Lahir kyai: "Suka pisan kula hayang ngadéngékeun."

Carita Kékéré

[edit | edit source]

Asalna kuring lempang masantrén bareng jeung dulur misan, ari di pasantrén géséh kalakuan jeung dulur, ari dulur mah getol barang gawé, selang-selang ti ngaji, taya rerehna, ti beurang macul atawa jijieunan, demi ti peuting nulis, atawa nganyam samak, kitu baé kalakuanana.
Ari kuring mah lain kitu, ngan getol ngapalkeun jampé baé, saréhna kuring gaduh hiji kitab paririmbon, pusaka ti karuhun, langkung-langkung ahéngna, kuring kabita ku tuduhna, sagala pikarepeun gampang, pikir kuring harita, conggah ngungkulan anu getol, sabab dina tuduh éta jampé aya kabéh, lamun hayang bisa ngaleungit, lamun hayang beunghar, lamun hayang kinasihan, geus aya baé. Tapi harita kuring pacéngkadan jeung pun adi, ari pun adi mah semu hanteu ngandel, nya campah ka kuring yén éta jampé moal matih, ti harita papisah baé kuring sareng pun adi, tina hanteu rempug pikarepeun, ti harita dongkap ka ayeuna, tacan pisan papanggih.

Kyai Abidin geus nganyanaan yén éta dulurna, tapi tacan ngabéjakeun maneh(na), hayangeun nepika tamatna, upama waka wakca saméméh tamat, sieuneun jadi pugag carita. Kyai nyaur ka kékéré: "Coba paman tuluykeun kumaha saenggeus paman pisah jeung dulur, kumaha paman nya kalakuan metakeun éta jampé téh, kula ayeuna sanggup méré papakéan dua pangadeg sarta wareteuh, tapi paman kudu satemena carita, ulah aya nu dipinding-pinding, jeung ulah dikurangan atawa dileuwihan." Wangsul kékéré: "Kuring hanteu pisan seja minding-minding, malah wani sumpahna, yén nyarioskeun saenya-enyana pisan, sareng kuring gaduh panginten, yén ajengan bakal welas ka diri kuring, anu pinuh ku cilaka."

"Sanggeus kuring papisah jeung pun adi, tuluy kuring seja ngabuktikeun matihna jampé, kuring nguping yén aya hiji randa, masahur kabengharanana, sarta patutna mejehna, geus réa nu nanyaan taya nu ditampa, kuring conggah tina ngandelkeun matihna jampé téa, tuluy kuring nganjang ka imah éta randa, diaku ku randa téh, disuguhan ngopi jeung udud. Sanggeus kuring ngopi, tuluy mapatkeun jampé téa tujuh kali bari diniatan éta nyi randa masing nyaah ka kuring. Nyi randa nyamperkeun ka kuring diuk deukeut, kuring atoh sarta ujub kena jampé kuring, sanggeus kitu pok kuring ngomong: "Nyimas jasad kaula gaduh pihatur, sugan sampéan kersa ngareremi ka jasad kaula." Kakara sakitu omong kuring, nyi randa némbal bari nyentak bengis," pokna: "Montong laju omong manéh geus kaharti ku aing, manéh téh mikarep ka aing, teu suka teu sudi teuing ka jelema kitu patut, nya goréng nya malarat, kumaha pangira manéh aing téh jelema kasangon, atawa randa jomlo, lamun teu nyaho leuwih sapuluh jelema nu geus datang nanyaan ka aing, aya ménak, aya haji, aya sudagar, taya pisan nu belewuk cara manéh mah, kitu ogé aing teu daék, ka manéh-manéh ku daék, naon araheunana, nya goréng nya malarat, balik kanan manéh boga niat sakitu, naon nu didirkeun, naon nu diagulkeun, los manéh geura indit, aing teu suka didiukan nya balé ku nu kitu patut, campelak, ngunghak, nyaluntang, nurus tunjung, boro aing aya pikir karunya ka manéh, rék niat sidekah, sugan téh lain kitu pucusna!" "Tuluy kuring mamaapan, tobat bari acong-acongan nyembah, omong kuring": "Nyimas, mugi ulah bendu ka dalon-dalon, kuring nyuhunkeun timbang taraju baé, saréh kumawani aya piunjuk sakitu, tadina ogé pihatur kuring mamanawaan, ari hanteu kamanah mah moal dikumaha, ngan ulah bendu baé."

"Nyi randa nyarékan deui baé, pokna: "Montong réa capluk, geura jor baé geura mantog!" "Bari tuluy ngageroan ka kuring-kuringna, datang awéwé lalaki, badéga-badéga nyi randa, pada ngaroggrog," pokna nyi randa: "Ieu jelema ngunghak nyaluntang ka aing, tungtun ku manéh kaluarkeun!"

"Tidinya tuluy kuring dipayang kuduaan, saurang nyekelan leungeun katuhu saurang ti kénca, bari dicakra tarang kuring ku haranggasu, digusur ka jalan gedé. Tidinya tuluy kuring lempang sakaparan-paran, hanteu poho-poho kuring mikir: naha jampé téh hantě matih, kieu kajajadian-nana, tapi kuring masih percaya kénéh baé pang teu matihna, palang siang kurang tartibna baé, atawa aya nu kaliwat dipapatkeunana. Kuring eureun ngiuhan dina handapeun kai, bari mukaan kitab paririmbon téa, datang pikir kuring hayang nyaho hiji deui, nyaéta doa halimunan téa."
Ari sarahna éta jampé basa jawa, pokna:"Ikilah doa halimunan, lamun diwaca ping pitu, sarta gilig atiné, wateké ora katondé ning wong."

"Kuring percaya pisan kana tuduh éta jampé, sarta tina kuring geus susah, jajaluk hanteu meunang, kuring niat maling bari sakalian ​​nyoba éta jampé. Tuluy kuring leumpang ka pasar, manggih nu keur dagang barang-barang, ngagigirkeun rajut duit, katémbong duitna barodas, pasmat ​jeung keton baé eusi rajut téh. Kuring nangtung bari mapatkeun ​jampé téa, tapi hanteu bedas, maca bari api-api baé, ari geus tamat tujuh kali, kuring boga rasa yén moal kadeuleu ku nu dagang téh, tina banget kuring nya percaya kana élmu sorangan, tuluy kuring ngarongkong nyokot éta rajut​. Nu boga mencrong baé, hanteu ngagenggerehkeun. Beuki anteb pikir kuring, ngandeul kana éta jampé, kuring rumasa yén hanteu kadeuleu. Ari kira anggeus sapuluh léngkah, nu boga duit téh nangtung bari gegeroan muru ka kuring," pokna: "Tulung-tulung! ieu bangsat maling duit. Wantu-wantu di pasar réa jelema, pada nyekel kana lengen kuring, dipayang ku jelema pirang-pirang teu lila datang pacalang mawa tambang, tuluy kuring ditalian, dibawa ka jaksa, dihaturkeun yén kuring maling uang, buktina disanggakeun ka jaksa. Sanajan kuring hanteu ngaku ogé, da enggeus éléh ku bukti, tuluy baé kuring dibérok, enggeus meunang sapuluh poé lilana, dikaluarkeun meunang rangkét lima puluh kali, datang ka ayeuna masih kénéh aya tapakna kariwed dina birit kuring."

Kyai Abidin hanteu bisa nahan piseurieun seuri ceceleketekan, barina rambisak cipanona. Ari dina pikirna mah pantég, nya nalangsa sarta watir, ku dulur nepika kituna, kalakuanana meunang balai sakitu gedéna, ti jalan percaya kana paririmbon, jadi paririmbon anu nyieun kacilakaan ka dirina.
Kya​i abidin nanya, ari basana paman kénéh baé, pokna: "Paman saha paman ​nya ​ngaran?" Kékéré ngawangsul: "Ngaran kuring pun Jahidin, ari dulur kuring nu ayeuna geus papisah pun Abidin⁠."

Kya​i Abidin ​nyaur deui: "Dimana ayeuna cicingna éta dulur paman ​nu ngaran Ki Abidin tèh?" Kékéré ngawangsul: "Panginteun kuring moal hanteu jadi minantu kya​i guru kuring téa, baréto ogé enggeus dipika nyaah pisan, malah rajeun diwakilan ​ngawuruk dipamulangan. Saur Kya​i Abidin: "Naha atuh lamun moro kadinya, rejeung kitu baé malaur bermaén suksruk-saksrak anggur cicing di dulur, ari kira geus mahi mah."
Kékéré ngawangsul: "Euh kya​i kuring hanteu kaduga teuing, papanggih deui jeung dulur kuring éra, dibélaan kuring kieu baé, manan muru ka dulur mah sieun hanteu ditampa, wantu ning geus aya pasendatan, paneda kuring muga masing lulus baé, dulur kuring gedé darajat, réa rejeki, peperih kuring cilaka diri."

Kya​i Abidin ngarenge kékéré kitu omongna, banget Kyai Abidin watireunana, méh hanteu tahan mindingan awakna, tatapi ditahankeun bae, niatna mangké baé dilemburna ngababarkeun​ awakna. Upama dibabarkěn didieu, sieuna hanteu beunang dibawa ka lemburna, sabab geus katémbong tina ucapna, hanteu daek papanggih sabab éra.

Sanggeus​​​ Kyai Abidin mikir kitu tuluy nyaur: "Ayeuna mah paman urang ka lembur baé, cicing di kula, kaula sanggup dahar paké paman, ku kula diangken dulur, sarta kaula sumpah, bakal temen-temen ngangken dulur. kékéré héran pikirna, réh aya jelema sakitu hadéna, sarta tuluy ngawangsul bari ceurik, pokna: "Eh juragan kuring sumeja ngiring pisan, ari aya manah ngalumayankeun mah ka diri kuring. Tidinya bral pada taruluy mulang ka lembar pasantrén téa. Ari jauhna ti nagara nepi ka pasantrén lalakon sapeuting, lega nyorang leuweung.

Ari di jalan manggih jelema meureum, eukeur sukan-sukan baé, nabeh gambang sisi jalan harepeun warung, barina kakawihan. Ari kawihna cara jawa, pokna: Welasanana maring wong miskin kaya ingsun, margahing sun dadi miskin, dudu saking keséding sun, mung saking karsa ning Allah, sunti nakdir mata wuta, dadi hora bisa kaya, ngula ti pangupa jiwa.

Kyai Abidin ningali nu ngagambang jeung ngadangukeun kawihna, liwat langkung welas manahna, tuluy ngodok duit tina kanjut satengah rupiah, dilelerkeun kanu meureum téh. Nu meureum téh sukaeun pisan, beuki saregep ngagambangna, sarta ganti kawihna, kieu pokna: Hé kaula ning Allah, mugi-mugi gusti Allah, males kabesikan nira, karana wong kang mengkana, Suka wéwéh maring wong tuna, hénggal lawas pas dihuga, hanne mua wales pira.
Saku nu bareng resepeun pisan, tina bisa ngagambangna, ngeunah kawihna,​ hadé ngeusina.

Kyai Abidin laju angkatna. Teu lila di jalan manggih jalma keur ngadoa, cingogo sisi jalan, tapi jalma walagri pisan, hanteu pécak hanteu​​ béngo, hanteu pincang-pincang acan, ngan tina mumulan baé, sanggek hésé digawé, ngan ngandelkeun ngajual doa baé.
Kyai Abidin nyandak bedog beunang anjena meuli ti pasar, sok dilélérkeun ka nu keur ngadoa téh. Ari wangsul nu ngadoa:​​​ "Naha sampéan maparin bedog,​ taya gawéna di kaula, manan bedog mah, leuwih hadé paparin kupat baé hiji."
Saur Kyai Abidin: "Tah kaburungan manéh enggeus tétéla, manan daék dibéré bedog, anggur ménta kupat sahiji, geura ku manéh pikir, ieu bedog paké ngala suluh ka leuweung, jual suluhna ka dayeuh, taksiran kami sakurang-kurangna meunang sapoé sauang, cukup hakan manéh, bisa ogé ngampihan duit keur meuli samping, ieu bedog kapaké genep bulan mah, tukang doa cicing hanteu némbal.

Kyai Abidin laju angkatna, nyorang leuweung, réa manggih monyét, lutung, surili, wantuning di leuweung, dina handapeun tangkal saninteun manggih monyét keur ngégélan buah saninteun, semu héséeun pisan. Katénjo ku Ki Jahidin, nu jadi kékéré téa. Ki Jahidin haturan ka kyai, pokna: "Itu juragan sumangga tingali di lebak handapeun tangkal saninteun, aya monyét tayoh pangbodona papada monyét gawéna keur ngégélan buah saninteun." Kyai Abidin ngarérét ka lebak, katingali enya aya monyét keur ngégélan buah sanintěn, mariksa ka kékéré: "Naha ku paman éta monyét disebut burung?" Ki kékéré ngawangsul: "Nu matak éta monyét ku kuring disebut pangburungna, éta baé ngereyeh ngégélan buah saninteun, sakitu héséna, lamun kuring mah jeung ngereyeh nu hésé mah, leuwih hadé néangan deui kahakanan anu séjén, nu gampang sarta ngeunah." Saur Kyai Abidin: "Ari pikir kaula mah pamana, éta monyét hanteu burung, malah wekel, nu matak di bélaan hésé capé, nyahoeun yén dijerona ngeunah, amis pelem, mengké enggeus béak kulitna manggih eusina, jadi kaduna capéna ku ngenahna. Éta kalakuan monyét beunang dijieun ibarat, arang nu manggih ka ngenahan, lamun hanteu hésé capé mimitina, mana ari jelema kudu daék hésé mimitina, supaya ngenah tungtungna. Ki Jahidin rumasa yén malikdes ka awak, manéh hanteu cara kitu, hayang ujug-ujug ngeunah baé, embung capé mimitina, hanjakal nuduhkeun monyét keur ngégélan sanintén kyai, sugan téh moal kitu ngibaratkeunana. Cicing baé hantě puguh wangsulna.

Kyai laju angkat, sisi jalan aya​​ caringin gedé, handapeunana aya cinyusu, sarta éta handapeun caringin réa parukuyan urut nu ngukus rejeung réa duit, karna unggal nu ngaliwat pada naringgalan duit, ditendeun dina éta handapeun caringin, niat miceun cilaka doraka, supaya kahareupna manggih rahayu. Kyai Abidin sindang didinya bari kahampangan handapeun éta caringin, Ki Jahidin sarta santri nu ngiring kyai banget kagétna, tuluy pada naros: kumaha sababna ajengan mana kitu nya lampah, ku dengen ieu caringin dipusti-pusti, malah jadi pamujaan, ati nu ajengan dicampahan, kurang banget hanteu ngaharti kana lampah ajengana sakitu.
Kyai abidin ngawangsul: "Montong haréran, karana ieu kai téh hanteu sakti, jelema nu enggeus pada maruja kadieu kabéh burung, kaula hanteu sieun tatulah.​ Nu matak wa​ni ngiihan, supaya paman nyaho yén ieu hanteu sakti, kaula sumpah demi Allah, yén taya nu kawasa kajaba ti Allah, nu kagungan sipat kudrat iradat.
Kyai Abidin tuluy nyandak duit nu aya dina deukeut parukuyan, kira aya dua kěton réana, barina ngalahir: "Ieu duit milik kaula, da ku nu boga enggeus dipiceun, lain duit katinggaleun." Geus kitu tuluy kiyai mangkat. Kira geus meunang saratus léngkah. Aya jelema tiluan ngudag ti panderi, marawa gegendir barina​ ngageroan nitah eureun, karenge ku kyai, ngeren ngadagoan. Jelema tiluan téh datang bari popolotot, pokna: "Nya manéh nu ngaruksakeun pupujaan kami téh, lamun manéh hanteu nyaho éta téh pangcalikan batara durga. Kyai gancang meunang akal keur ngawangsul: "Enya kami nu ngaruksak téh, dipiwarang ku batara wisésa nyiksa batara durga, sabab boga dosa sok méntaan duit, unggal nu ngaliwat sok ninggalan duit." Jelema tiluan téh kagét ngadéngé wangsulan kitu, gék diuk, dat nyémbah, pokna: "Karah gamparan téh piwarangan batara wisésa, ari batara wisésa téh pérnah kumaha ka batara durga." Nyai nyaur: "Lain barayana ngan rahayatna baé, ari batara wisésa mah nyaéta anu ngadamél bumi langit sarta saeusina kabéh, sarta anu nyieunan dika jeung kaula.
Ayeuna kumaha karep manéh, lamun manéh hanteu taluk, ku kami meureun didudut baé nyawa manéh. Nu tiluan pada ngawangsul, kabéh nyěmbah acong-acongan, pokna: "Tobat kuring nyuhunkeun hirup baé." Lahir kyai: "Hadé manéh dihirupan, tapi pacuan ulah daék deui nyembah ka nu disebutkeun pangcalikan batara durga, éta tékad matéh lamun kitu kasasar, karana nyaéta nu disebutkeun nyembah ka kayu ka batu téh. Ari batara wisésa téa nyaéta Allah." Jelma nu tiluan nyarembah acong-acongan, pokna: "Sumuhun-sumuhun". Kyai ngodok duit tina kantong, nu beunang nyandak tina handapeun caringin téa, dipaparinkeun kabéh ka jelema tiluan téa, lahirna: "Hé ieu duit, bagi tilu masing sarua réana, paké modal dagang lalawuh ngopi, batina keur hakaneun anak éwé, jeung nymbah ka nu tiluan​ parulang semu suka bungah duméh ngandung duit pimodalén dagang ci​aneut.

Kyai angkatna geus liwat leuweung, nyorang pasawahan tutugan gunung, réa manggih pibuateun, rupa-rupa paréna, aya nu goréng aya nu hadé. Kyai ngalahir ka kékéré: "Itu paman birengeh, paré pibuateun, hadé mana, nu tarungkul jeung nu jarocong?" Ki kékéré gancang ngawangsul: "Rasa kuring mah, hadé nu jarocong téa, pantěs di tingngalina."
Kyai ngalahir deui bari gumujěng: "Tah tina kabodoan paman, tandana tara pisan nyabak pagawéan, lamun hanteu nyaho, hadé nu tarungkul téa, nu matak tarungkul tina beurat ku eusi, nu matak jocong, tanda hawa taya eusina, jadi hampang taya nu ngabengberatan. Éta ogé jadi upama, beunang diibaratkeun ka jelema, lamun jelema langsu saur luhur tincak, tanda taya eusina. Ki kékéré ngawalon semu isin: "karah kitu kulanun, kuring mah kakara uninga ayeuna.

Tidinya lajeung deui kyai lumakuna, dongkap ka sisi lemburna, Ki kékéré ingeteun urut baheula manéhna masantrén, rada risi sieun, semuna sieun papanggih jeung dulurna, méh hanteu beunang dibawa asup, dipaksa baé ku kyai. Bareng gék diuk di tepas bumi kyai, Ki kékéré luak lieuk baé ngalieukan dulurna, urang pasantrén didinya taya hiji nu ingeteun ka ki kékéré, tina kalawasanana, sarta pangling duméh jadi goréng patut, ngan ki kékéré aya ogé ingetna ka hiji dua ka kolot-kolot, ngan ka nu ngarora, nu mangsana papisah barudak kénéh, panglingeun kabéh.
Kyai ngalélér papakéan tilu pangadeug, samping, baju, calana, totopong, sarta di-pang-nyieunkeun enggon di pangkéng tepas bumina.

Ari ti peuting, bada isa, kumpulan di bumi kyai badé hajat nadar. Sanggeus diambengkeun, kyai ngalahir: "Hé murid-murid kabéh, kaula neda panaksén, ieu hajatna darsa pulukaneun, sérahna kaula dikabul nyawa neda, salawas kula imah-imah meunang pirang-pirang taun, malah geus boga anak tujuh, saenyana kaula ngandung kasusah, ayeuna leungit-leungit kasusah kaula kaběh, didatangkeun ka suka kaula, nu taya wiwilanganana." Ngan sakitu kyai ngalahirna, lajeung dahar ngariung sakulawargana, sarawuh murid-muridna, Ki Kékéré dicandak dahar ngariung, digédéngkeun saboboko rejeung. Sapanjangna dahar sakaběh kulawargana rawuh murid-muridna hanteu peugat-peugat mikir, duméh kyai kitu, lahirna: "Naon anu matak jadi suka bungah." Jěng kagét duméh éta kékéré dicandak dahar saboboko rejeung, tapi taya hiji jelema nu wani naros ka Kyai tegesna éta prakara. Sanggeus dahar kyai babagi uang, sasuku séwang, ka sakur nu ngariung dahar, lahirna: "Ieu kaula hajat nadar, réhna kaula dikaluwarkěn tina prihatin. Jelema nu diharajatan pada narampanan duit, sarta pada nyarebutan: "Jajaakallahu haéran kasiran, tegesna: muga malěs gusti Allah, ku pirang-pirang kasaéan." Beuki tambah kagétna nu pada aya didinya. Sanggeus kitu Kyai ngalahir: "Hé murid-murid kabéh, kaula ngarti yén sandika kabéh pada haréran, nya panteus ogé héran, tina tacan pada ngarti rasiahna, anu dikemu kénéh ku kaula, ayeuna ku kula rék dibabarkěn." "Ieu kékéré, bawa kaula ti dayeuh, teges dulur kaula misan, ngarana Ki Jahidin, bareng ti lembur kaula indit masantrén, nya ka pasantrén ieu pisan, hanteu lila papisah, ari kaula tetep cicing didieu, nepika dipundut mantu ku kyai nu sésérénan, nuluykeun muruk tepi ayeuna, ari ieu dulur kaula kakang Jahidin kaluar tidieu, lumaku sakaparan-paran, nganter lampahna anu hanteu hadé, kariyet ku ieu paririmbon pusaka ti karuhun, něpi kajadi kékéré, papanggih jeung kaula di dayeuh. Ayeuna kaula nandakeun suka bungah réhna dipapanggihkeun deui jeung dulur, nu dikira tadina moal panggih deui.

Kyai Jahidin banget kagétna, semu suka tapi éra, lila-lila leungit érana, ngan wungkul sukana baé, sarta miceun kalakuanana percaya kana paririmbon téa, nurutkeun kumaha parigelkeun dulurna baé, lawas-lawas jadi mahi ogé, boga imah tangga, boga sawah boga kebon, sarta banget ngalarang ka anak incuna, hanteu meunang ngapalkeun atawa percaya kana jampé-jampé, nu enggeus dipaké ku manéhna téa.

Éling-éling sanak baraya,
Hirup didunya kudu sadia,
Kudu digawé getol pakaya,
Supaya salamet jauh ti bala.

Jampé teu puguh taya gawéna,
Anggur sok matak goréng jadina,
Tara pisan matak jadi sampurna,
Cara Ki Jahidin kitu tungtungna.

Kudu ngadoa ka gusti Allah,
Tékad jeung lampah ulah sok salah,
Sagala lampah kudu kerna Allah,
Supaya hirup ulah katulah.

Sabar tawekal aya saratna,
Nyaéta kudu rejeung lampahna,
Ana tawekal tinggal saratna,
Jadi kasasar baé tungtungna.
 
Teu aya deui anu kawasa,
Kajaba Allah nu wisésa,
Mana kudu mungguh manusa,
Narima baé kumaha karsa.

Kyai Abidin éta panuju,
Tékadna pageuh lampahna laju,
Atina běněr maké taruju,
Ditimbang-timbang saméméh maju.

Sagala lampah timbang heula,
Mana na tara maranggih kacela,
Hirup salamet teu nyorang bahla,
Tina běněrna taya kagila.

Lampah nu salah taya karisi,
Rémpan ku sugan inggis ku bisi,
Cara nu maling sok jalan nyisi,
sieuneun kapanggih ku pulisi

TAMAT