Jump to content

Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Padagang nu Bener

From Wikimedia Incubator

III
Padagang nu Bener

Jaman baheula, geus leuwih dua ratus tahun lilana, waktu harita aya hiji jéndral laut, di tanah Walanda, jenenganana Tuan Déruiter, ramana miskin kacida.

Ari éta Tuan Déruiter, reuseup lalayaran, mimitina jadi jongos baé, tina katemenannana, naék jadi mualim, naék deui jadi nangkoda kapal. Ti dinya tuluy layar ka Nagara Moroko, ​tanah Aprika, ​tebéh ​kalér, ​ sudagarna kapal éta eng​geus muat barang-barang sutra jeung sakelat.

Barang ​datang ka Nagara Moroko, barang-barangna ​dikunjal ​di​bawa ka pasar,​ cara adat​​ sudagar-sudagar, tina geus kabéjakeun ​​yén aya sudagar datang anyar, réa nu daratang padagang urang​ dinya, ​ rèk mareuli​ barang-barangna, malah ménakna​ didinya sumping, rék ​​nga​galeuh​ barang-barang. Milih ​nu aralus, nyandak​​ sakelat​​ sakayuh, sarta mariksakeun ​​har​gana.

Diwalon​​ ku Tuan ​​Déru​iter: “Ieu sakelat ​pang​a​osna Rp 140,–.”


Saur ménak tèh: “Kacida ​teuing ​omong ​manèh, wawanén​​ kami ​ngan​​ Rp 50​,– ​ dibikeun ​​ku kami dipénta sakitu.”


“Moal kasang​gakeun”,​ ​Walon Déru​iter.


“Wawanén kami ngan sakitu,” ​Lahir ménak téh.


Pihatur Tuan Déruiter, “Lamun sakitu mah moal kasanggakeun baé;”


Saur​ ménak téh: “Heunteu meunang ​heunteu, kudu dibikeun baé ka kami éta saklat téh, tapi hargana ​moal liwat ti sakitu.”


Walon Déruiter, “Ieu barang-barang téh ​lain​​ gaduh​ jasad kaula, ​kagung​an ​​dunu​ngan kaula sudagar kapal ​​ieu. Éta tuan ​​geus miwarang ​ka kaula, ngajual ieu barang-barang kadieu, hanteu kénging kaula ngabancang kagungan dunungan, hanteu sahargana nu patut.”


Lahir ménak téh: “Kuma wani manéh ngomong kitu, manéh nyaho jeung saha manéh ngomong téh, kaula uninga ogé.”


Walon Déruiter, “Yén ajengan téh ménak di nagara ieu.”


Lahir ménak téh: “Kilang nyaho, mana bodo teuing, coba lamun nurutkeun ka paménta kami, tangtu manéh untung gedé.”


Walon Déruiter: “Tangtu kaula téréh malarat, lamun sadayana nawar nurutkeun cara pamundut ajengan.”


Lahir ménak: Cokot baé ieu karung uang téh, eusina aya Rp 50,–.


Walon Déruiter: “Moal kasanggakeun lamun kurang ti saratus opat puluh mah, sanajan saduit kurangna, henteu kénging baé.”


Tidinya ménak téh bendu, lahirna: “Sibodo kurang adab, kekeh petekeh.”


Walon Déruiter: “Ajengan ulah bendu, langkung saé simpen, baé éta uang téh, upami hoyong kana ieu sakelat, sumangga séja bakti baé.”


Lahir ménak téh, “Naha manéh ayeuna rék méré baé. Ari tadi henteu dibikeun lamun kurang saduit tina Rp 140,–.”


Walon Déruiter: “Kirang tina hargana, sanajan saduit, kawula henteu wani ngajual, bisi matak ruksak dagangan, tatapi kawula werat nyanggakeun bakti baé ieu barang téh ka ajengan. Éta kawula wani nanggung benduna dunungan kawula.”


Lahir ménak téh: “Embung aing dibéré baé mah, aing rék mayarkeun uang ieu.”


Walon Déruiter: “Sumangga ari rék digaleuh, tapi ulah kirang tina Rp 140,–.”


Ménak nyaur: “Manéh téh jelema naon, lamun ku kami dirampas manéh jeung barang-barang manéh, sarta manéh dijieun budak, saha nu nyegah ka kami.”


Déruiter ngawalon: “Kawula ngartos kalahiran, gamparan sakitu, moal aya nu bisa mapalangaan (mawa langan), ka kěrsa gamparan sakitu, nanging lamun geus kawentarkeun kamana-mana, tangtu pada sieuneun sudagar-sudagar nu geus pada meunang béja, moal aya nu daékeun dagang deui ka nagara ieu, temahna ieu nagara ajengan nari kolot. Lamun ajengan kersa ngarampas kuring, langkung saé. Tangtukeun sabaraha pinebuseunana, mangké kuring nebus manèh.”


Lahir ménak: “Kami tacan​​ rék ​ngarampas ka manéh, tatapi lamun enggeus ngarampas, ​moal beunang ditebusan ​deui,​ sanajan sabaraha baé réana uang manéh, moal bisa nebus diri manéh, jeung manéh masing percaya, yén kami bisa ngaleungitkeun ati manéh anu heuras,​ saperti manéh mangka jadi budak kami.”


Satemena ngalahir kitu téh, harita ogé tuluy miwarang nyaur soldadu, nu pinangkepeun ​​Déruiter, tatapi sadérékna mungguh ka kersa ménak téh, ​pihaturna mugi gamparan éling,​ yén ieu jelema bener atina, sarta pageuh mawana bener, henteu pantes​ meunang siksaan. Lahir ménak téh:

“Hadé ayeuna manéh dibéré témpo, mikir sapeuting ieu nepika isuk.”


Sanggeus ​​ngalahir lajeung mulih. Daratang sudagar-sudagar anu watireun​​ kacida ka Déruiter sarta pada nemahan, kieu pokna:

“Hé sahabat​ kawula, langkung saé turutkeun baé sakersana éta ménak, ​krana lamun hanteu diturutkeun, ​saha nu uninga pitemahenana, palang siang datang kamaéhan​ ​ka andika.”


​Walon​​ Déruiter, “Kajeun kawula paéh manan cidra ka juragan kawula, nu gaduh barang ieu mah.”


Ari isukna sumping deui ménak téh sarta nyaur ka Déruiter:

“Kumaha enggeus mikir téh, dibikeun atawa henteu éta sakelat sapanawar kami kamari.”


Ngawalon Déruiter: “Sumangga kuring nyanggakeun bakti baé, tatapi upami digaleuh mah, henteu kénging kirang deui tina sapiunjuk kamari.”


Barang kadangu ku ménak sapiunjuk Déruiter, langkung-langkung kagétna sarta hérana, saréhna Déruiter sakitu pageuhna. Tatapi pikirna bener. nyaur ka nu aya di dinya:

“Jeueung ku maranéh, ieu jelema sakieu bageurna, bener haté ka juraganana. Hé Tuan Déruiter, kawula neundeun leungeun kana dada andika, jeung andika patut neundeun babandaan dina dada kawula, ti wates waktu ieu urang sosobatan nu saenya-enyana. Sagala musuh andika nya musuh kawula, sagala sobat andika, nya sobat kawula. Tah ieu saratus opat puluh rupiah, kadieukeun éta sakelat téh, rék dititah dikaput, pakéeun powé riaya. Di mana waktu kawula maké éta, tangtu kawula inget ka andika.”


Ti wates harita Tuan ​Déruiter langkung dipercayana ku ménak nagara éta sarta sakabèh urang Nagara Moroko saruka kadinya sarta saruka jual meuli jeung éta, jeung untung pisan dagangna. Tina dipika suka ku jelema, jadi eusi kapalna saharita ogé béak, dibareulian, malah-malah unggal-unggal tahun kapal ​nu séjén​ mah ngan sakali, ari kapal Tuan Déruiter mah dua kali satahun ​pulang anting ka Moroko.

Ahirna Tuan ​Déruiter jadi amiral, tina cepet ​benerna. Di tahun 1676 pupus di peperangan​ waktu perang jeung urang Parasman.

  1. Tah éta kitu petana,
    jelema nu hadé laku lampahna,
    tina cepet ​bener haténa,
    datang ka kitu bagja dirina.

  2. Asalna jadi padagang batur,
    tina cepetna dagangna mujur,
    temen wekelna ngajadi mashur,
    asalna handap ngajadi luhur

  3. Diangkat jeneng jadi amiral,
    remen perangna reujeung barandal
    kumawulana hanteu kasendal
    seregep sieun sakabéh kapal

  4. Beunang ogé dijieun ibarat,
    ku sakabéh jelema nu malarat
    hirup éta kudu pakirat
    inget ka dunya jeung ka ahérat

  5. Saratna inget kudu ihtiar,
    kudu digawé jeung balangsiar
    kuli ka batur ngarah pamayar
    lamun geus beunghar harta kari pasiar.