Jump to content

Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Hibat

X
Hibat

Mangsa taun 1850 di Kabupatén Limbangan aya hiji jelema geus kolot, kira-kira umur 62 taun, boga dua anak, lalaki hiji, awéwé hiji, remen ngomong ka bapana, pokna:

“Bapa, saréhna bapa geus sepuh, rasa kawula, geus meujeuhna ngahěnang-ngahěnang baé, montong ngalampahkeun padamelan ku anjeun, ayeuna mah geus meujeuhna séséranan baé, damel rawuh banda, bapa mah uninga dianggo jeung dahar leueut baé. Hésé capéna mah kumaha kawula sareng pun adi, jasad kula purah nyiar pakena, pun adi purah nyisih masangna, ku prakawis éta rasa jasad kawula meujeuhna geura hibatkeun baé kagungan-kagungan téh, cara aturan waris, jasad kawula lalaki dua bagian, pun adi awéwé sabagian, supaya jasad kawula rawuh pun adi, saregep nya rumawat ka salira bapa rawuh ka banda.”


Ti dinya dipikir ku bapana, bowa bener omong anakna, sakitu, tuluy baé dikumpulkeun bandana, nu jarauh dideukeut-deukeutkeun, kuda, munding, ti tegal digiring, sanggeus kumpul kabéh bandana, sarta ki lebé geus diogan (diondang), supaya nyaksian kana hibatna, tuluy ki jompo ngomong, ngikralkeun hibat, kieu pokna:

“Ki lebé kawula neda panaksén. Ieu kawula ngahibatkeun 6 munding ka Ieu anak kawula lalaki, jeung 3 kuda sarawuh tatalunan raja kaya, sawah, kebon jeung ieu 3 munding 2 kuda jeung imah katut eusina, hibat ka anak kawula awéwé.”


Tuluy ku anak-anakna ditampa, sarta ki lebé nganandatangan, narima jadi saksi.

Ti harita wates taun lilana, tetep kénéh rumawatna anakna lalaki ka bapana. Kadua taunna geus bolay rumawatna, katilu taunna pot pisan, hanteu ngarawatan, bapana geus runtang-ranting papakéanana. Tidinya tuluy bapana ngomong ka anakna, ménta anak kuda jualeun keur meuli totopong, pokna:

“Ayeuna bapa ménta éta anak sitembung, rék dijual, keur meuli totopong.”


Wangsul anakna:

“Prakara bapa ménta anak si bopong, hanteu kahaturkeun krana ngan sakitu panghadéna keur baris bibit.”


Bapana ngomong deui:

“Ari hanteu dibikeun mah anak si bopong, kajeun atuh bapa ménta totopong baé pakéeun, réhna bapa geus hanteu boga pisan totopong.”


Ngawangsul anakna:

“Totopong kula hanteu boga, jeung deui kolot mah, montong hayang maké nu alus-alus teuing, sok mun meulit baé dina sirah.”


Ti dinya bapana ngalimba, sarta ngomong sajero pikirna:

“Béhna mah bener ceuk paribasa, ari jelema ulah sok tamplok batokeun, nya kieu karasana, cara ayeuna kami, banda béak dihibatkeun ka anak, ari kami ngongkrong, datang ka henteu bisa ngaganti totopong-totopong acan, ari rék istori ka hukum éra, da beunang kami bongan, ka gendam ku anak.”


Geus kitu éta Ki Sepuh pindah ti anakna lalaki, cicing di anakna awéwé. Ari anakna awéwé mah masih kénéh rumawatna, getén tulatén, saaya-aya kadaharan dipupujuhkeun baris bapa. Ari éta Ki Sepuh asalna jelema getol, réa kabisana, réa kadaékna, ti beurang macul di kebon, ari ti peuting nganyam ayakan, said, nyiru. Kusabab tina getolna sarta bisa, cukup ogé bisa ngaganjel-ganjel ka anakna awéwé, sarta Ki Sepuh boga kénéh peperpanian uang dina cécélangan. Rupa keton jeung pasmat, aya 30 keton jeung 80 pasmat, niatna tina rumasa geus kolot térél nepi ka ajal, ulah nyusahkeun anak ngaruang.

Kacarita éta anakna lalaki sanggeus kitu ka bapana, teu ku hanteu réa pisan halanganana. Beuki kurang baé bandana, tina tatanggana pada ngaréraeun, disebut jalma kurang panarima. Kadeungeun komo, kabawa nepi ka kitu, sarua jeung ngarampog doang ka bapa, ari benerna ka bapa mah, ulah mun dihibatan raja kaya sakitu gedéna, hanteu kitu gé, wajib mulang tamba ka indung bapa, tina dijurukeun nepi ka ahir balég, matak hésé indung bapa baé, jadi kusabab kitu éta jelema ditelahkeun baé ngarana Ki Mahiwal, tegesna adat hanteu sarua jeung deungeun.

Tungtungna éta Ki Mahiwal jadi malarat pisan, kuda mundingna tumpur. Tina geus éra hirup, los baé ngencul ka Karawang. Béjana jadi tukang ngangon meri di hiji Cina, datang ka maotna hanteu bisa mulang deui ka jamana.

  1. Tah éta kitu petana,
    jelma kurang tarima,
    taya pisan jamugana,
    teu tulus jadi beungharna.

  2. Datang ka kuli ka Cina,
    jadi pangangon merina,
    tadina réa mundingna,
    sumawon kuda sapina.

  3. Poma barudak sing ngarti,
    ka kolot masing hadé ati,
    pamagahanana pusti,
    regepkeun masing kasurti.

  4. Ulah cara Ki Mahiwal,
    ka bapa ngahuwal,
    tungtungna teu boga kapal,
    bandana béak dijual.