Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Gusti Allah nu Males ka nu Sok Nganiaya Sato
VII
Gusti Allah nu Males ka nu Sok Nganiyaya Sato
Hé sanak baraya, istri pameget sumangga dangngukeun ieu carita, nu matak héran pisan. Jaman baheula aya hiji jelema, boga anak tujuh. Ari anakna kabéh lalaki baé, tatapi pireu kabéh. Bapana susaheun pisan, sabab boga anak tampa daksa remen ngomong, pokna: Naon sababna Gusti Allah nyiksa kuring datang ka sadaya anak kuring pireu. Ti dinya tuluy jeung anak-anakna kabéh, nganjang ka sobatna. Barang nepi, dicaralikeun sarta disuguhan dahar. Bener dahar diténjo ku bapana rupa anakna, taregep, karasép, karuwat, ngan kacacadna pireu. Tina liwat langkung nalangsa, neuleu anak-anakna kitu petana, tuluy tungkul bari ceurik, ngomong sajeroning ati, kieu: Ya Allah kunaon gamparan ngahukum ka kuring kabina-bina teuing.
Ngomong sobatna: Kula neuleu polah andika nalangsa, sabab ngamanahan tuang seuweu-seuweu kabéh pireu, sarta héran ka hukuman Gusti Allah, naon sababna mana nyiksa kitu. Tatapi kawula hanteu héran, sarta nyaho sababna, nu matak seuweu-seuweu andika kabéh pireu. Baheula mangsa andika anom, sok resep teuing heureuy, ngala manuk, ari geus meunang, dipotongkeun létahna, sarta tuluy dilepaskeun deui, lain ngala manuk baris dahareun atawa ingnguweun, Wungkul ngala manuk baris sangsaraeun, jadi kaheureuyan andika baé.
Éta kalakuan andika kitu, katingali ku Gusti Allah, nu sipat basirun, karana éta manuk henteu bisa disada deui, nu matak ayeuna Gusti Allah hukum ka andika, henteu ngadangngu sora seuweu nyeluk bapa ka andika, cara bapa manuk henteu ngadéngngé sora anakna. Gusti Allah geus ngadamel manuk jeung sato sajaba ti dinya, keur mangpaat ka manusa, baris daharreun ingueun, tapi lain sangsaraeun. Karana dina surat Nabi Musa kieu unina, lamun manéh manggih sayang manuk di taneuh, atawa dina dahan-dahan kai, ditungguan ku indungna, atawa disileungleuman, éta ulah dicokot anakna atawa ěndogna sarta jeung indungna. Badé dicokot anakna atawa endogna baé, keur hakaneun manéh, montong dicokot jeung indung2na. Nyaéta supaya manéh salamet ulah meunang wawales tina panganiaya manéh.
Sair
Tah éta kitu tangtuna
jalma nu sok lenger nganteurna napsuna
henteu aya pisan karunyana
nganiyaya baé salawasna
Ahirna meunang wales pangéran
tatapi atina manéhna héran
lampah manéhna teu dipikirran
tangtu aya marga lantarran.