Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Carita Kapal Kahuruan
Carita Kapal Kahuruan
Jaman ayeuna kénéh tacan sabara lawasna, aya hiji kapal kahuruan di palabuan Nagara Inggris. Ari nangkoda reujeung geureuhana sarta putrana nu kakara umur dua tahun, calik dina bilik kapal. Seuneu muntab-muntab sorana pating baledug. Demi éta nakoda jeung putra garwana rék lumpat, tatapi henteu meunang, karna pantona sarta tanggana éta geus ruhay, muntab-muntab taya jalan séjén, ngan tina jandéla nu terus ka laut, ari manah nangkoda, kami bisa ogé ngojay, tatapi pamajikan jeung anak moal bisa. Taya deui anak kajaba nangkoda nyandak sahiji domba kibas, nu aya deukeut di dinya, tuluy dicalikeun putrana dina tonggong domba téh sarta diturunkeun ka laut, pokna: “Maha suci gusti Allah, mugi-mugi nyarengan jeung anak kuring.”
Ti dinya geureuhana lungsur ka laut, sarta nangkoda tuluy luncat, sarta nyandak panganggo geureuhana supaya ulah ti teuleum. Ti dinya datang jelema mawa sampan, nulungan, salamet datang ka darat. Ari domba kibas téh, ngojay bari ngagandong putrana nangkoda téa ka darat, kapanggih ku nu keur aya di basisir, tuluy dicokot tina tonggong domba, sarta dianterkeun ka ibu ramana. Kitu jadina, tiluanana hirup kabéh, ari kapalna mah béak kahuruan.
Sair
[edit | edit source]Gusti Allah nu kawasa
pitulungna jadi sakersa
wajib mungguh sakabéh manusa
ngarepkeun pitulung anu wisésa.