Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Carita Hakim Pinter
II
Carita Hakim Pinter
Jaman baheula di tanah Éropa, aya hiji sudagar beunghar, tapi korét. Dina hiji mangsa éta sudagar rék leumpang dagang ka nagara séjén, sasadiaan bekeleun uang emas, diwadahan ku kantongna, tuluy leumpang. Ari ditempat pangeureunan katinggaleun uang téh, dibalikan deui hanteu katimu, ti dinya ki sudagar nulis surat salambar, kieu unina: Saha-saha nu nimukeun éta uang kula nu leungit, meureun dibéré saratus rupiah. Éta surat geus disanggakeun ka kantor.
Lila-lila aya hiji jelema manggihan éta uang téh, ari nu manggihan téa jelema bageur hanteu daék nyumputkeun, diserahkeun baé ka nu leungiteun, pokna:
- “Ieu kula manggihan bungkus uang ti lulujung, sugan kagungan sampéyan téa, sumangga kawula nyanggakeun, lamun yaktos kagungan sampéyan.”
Wangsul nu gaduh duit:
- “Enya anu kawula téa.”
Ditampa sarta tuluy dibilang ku nu gaduh uang éta, ngan aya tujuh ratus rupiah, geus kitu ngomong nu gaduh uang téh, pokna:
- “Hé kisanak, tadina eusi kantong téh aya dalapan ratus rupiah, ayeuna ngan aya tujuh ratus rupiah, tatapi kajeun asup buruhanana baé, saréhna kawula geus sanggup, saha-saha nu nimukeun rék diburuhan saratus.”
Wangsul nu nimu uang téh, pokna:
- “Kawula hanteu rumasa geus nyokot, malah hanteu dibuka-buka acan, kakara dibuka ayeuna ku sampéyan.”
Pakeréng-pakeréng nu boga uang keukeuh nerka yén éta uang geus dicokot saratus, anu nimu hanteu narima, datang kapaséa rosa. Ari anu nimu téa lain ku owel-owel teuing ku duit saratus, ngan ku hanteu tarima diterka maling, tuluy baé haturan ka hakim, miunjuk trus trang sarta sumpah, yén henteu rumasa muka-muka acan éta kantong, sumawona nyokot saratus, barang katimu tuluy diserahkeun baé. Hakim mariksa ka nu leungiteun téh:
- “Kumaha katrangan manéh, cik nyarita.”
- “Ari awitna kuring leungiteun uang dalapan ratus rupiah, ayeuna kapanggih ku ieu sanak, nangin ngan tujuh ratus, tangtu éta nu saratus geus diheulakeun dicokot, tapi tasawiyos kalebet buruhan baé, saréhna jangji kuring rék muruhan.”
Langkung kusut éta prakara, nanging geus kauninga ogé ku hakim lampahna éta jelema nu beunghar téh, ka tukang-tukangna geus remen kapanggih cidra sarta pelit, sumawona korétna. Kieu diputusna:
- “Ayeuna éta uang téh, ampihan heula baé ku nu nimu, krana lain anu ki sudagar ieu, da ieu mah lain leungiteunan dalapan ratus rupiah, nu matak ampihan baé heula, dimana aya nu ngaku sarta trang urang bikeun ka dinya. Nu leungiteun manéh kudu sabar heula baé, nunggu sugan aya nu nimukeun jejeg dalapan ratus rupiah, ulah aya kurangna.”
Kitu diputusna, hanjakaleun kacida nu gaduh uang téh.
Sair
[edit | edit source]- Éta hadé jieun ingingetan,
anu korét sarta pelitan,
tandana budi pamawa sétan,
ku tina sieun kamalaratan, - lamun hanteu kitu pelitna
duitna timu jadi milikna
ku sabab korét kitu tungtungna
bati hanjakal sapapanjangna. - tatapi manusa kitu lumbrahna
sok rajeun poho kana nadarna
Ana geus kaluwar tina bahyana
hanteu inget pisan kana jangjina.