Jump to content

Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Anak Bengis ka Bapa

From Wikimedia Incubator

IX
Anak Bengis ka Bapa

Jaman baheula aya jelema jolédar sarta bengis ka bapana, nu enggeus ripuh kacida, hanteu bisa pisan digawé. Leungeuna, sukuna, sirahna gé ngadérégdég, remen meupeus-meupeuskeun wawadahan. Ari nginum caina, tampolan sacangkirna, peupeus. Ti dinya omongana:

“Hé kolot taya gawéna, ngan meupeus-meupeuskeun wawdahan aing baé, aing moal tahan, ayeuna mah rék nyieun cacangkir kai baé, atawa batok, keur paranti bapa inum, atawa nguwah angen.”


Tuluy nyieun, datang kajadi. Ti wates harita unggal-unggal nginum atawa barang hakan dina piring kai, cacangkrina batok.

Lawas ka deuleu ku incuna, yén akina kitu pétana, ana nginum dina batok, ana dadaharan dina tudung kai. Dikira ku incuna kitu adatna kolot, tuluy incuna nyieun na tudung kai. Keur dijieun kapanggih ku bapana, tuluy ditanya pokna:

“Keur naon manéh nyieun nu kitu ? ”


Diwangsul ku anakna:

“Kula keur nyieun tudung kai, baris anggoeun bapa, Mangké ari geus sepuh, cara embah ayeuna.”


Barang kadéngé omonganana sakitu, kagét sarta karasa salahna, manéhna kitu ka kolot, ti wates harita dibawa dadaharan ngariung baé dibéré wawadahan, kumaha adat nu patut.

Sinom

[edit | edit source]

Tansah wewekas kawula, ka sobat pameget istri, ka nu maca ieu serat, mugi-mugi masing éling, sarta masing gumati, geténa tulatén ka sepuh, tapi enggeus lumbrahna, anakna ka bapa sok lali hanteu cara nyaahna bapa ka anakna.