Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Aki-Aki Sangsara
IV
Aki-Aki Sangsara
Jaman baheula aya saurang aki-aki, geus ngabagikeun babandaanana (uang reujeung emas, pérak, pirang-pirang réana) ka sakabéh anak-anakna. Ari anak-anakna sanggeus tampa pusaka ti bapana, ngan wates satahun rumawatna pantes, kumaha cara ka bapa. Liwat satahun mah jolédar, kumaha cara ka badéga baé. Ti dinya ki sepuh tuluy leumpang, seja ngadeuheus ka raja, uningakeun lampah anakna, sakitu jolédarna ka manéhna.
Barang nepi ka lawang kadaton, papanggih jeung juru tulis nu rék ngadeuheusan ka raja, mariksa ti mana imah tangga jeung pikarepeun. diwalon ku ki sepuh:
- “Kawula rék ngadeuheusan raja, uningakeun pun anak langkung-langkung jolédarna ka kawula, demi ngabandaan kawula geus béak dibagikeun ka anak-anak, demi anak henteu pisan rumawat pantes ka kawula, dijieun cara budak beunang meuli baé, geus tilu tahun lamina hanteu pisan barang béré ka kawula, ayeuna kawula rék nyuhunkeun hukuman sarta siksaan ka anak-anak kawula, anu taya pisan tarimana.”
Juru tulis mariksa deui:
- “Aki sabaraha nya umur, siga kolot temen, kulit aki geus karenyod.”
Diwalon ku aki:
- “Sumuhun geus kolot, geus aya tujuh puluh tilu tahun nya umur.”
Ti dinya juru tulis téh ngabanyolan ka aki, pokna:
- “Moal lila deui aki téh maot, geus sakitu kolotna, sabab éta leuwih hadé mulang baé, montong maradukeun.”
Dipikir ku aki, nya bener moal sabaraha deui nya umur, ayeuna mah leuwih hadé mulang baé. Tuluy mulang.
Nepi kaluar dayeuh, manggih batu gedé sisi jalan, tina henteu kawawa ku capé, tuluy eureun diuk dina éta batu, hanteu lila nepi ka ajalna maot di dinya. sanggeus bapana maot anakna nu pangkolotna sarta nu pang beungharna, jadi malarat pisan nepi ka susah dadaharan.
Ti dinya unggal-unggal powé cicing dina batu urut bapana maot. Nu matak diuk didinya, supaya aya nu méré sidekah.
Sair
[edit | edit source] Masing hormat ka indung bapa,
supaya hirup teu manggih papa,
jolédar ka kolot tangtu disapa,
hanteu jamuga ti indung bapa.