Wb/su/Kitab Dongéng-Dongéng nu Aranéh/Adat Ménak di Nagara Istanbul Yasa Nerapkeun Hukuman
Aya sahiji sudagar di tanah Istambul, nu rék leumpang dagang ka hiji nagara, sajero tanah éta kénéh, sanggeus muwat barang-barangna kana kudana, baleumpang reujeung senang pikirna. Ari enggeus burit, nepika hiji dayeuh pamondokkan, tuluy eureun di dinya,seja mondok. Kudana dicangcang dina tangkal kai, henteu pati jauh ti imah soldadu anu ngajaga didinya. Sanggeus kitu sudagar ngedeng handappeun kai, deukeut kudana tuluy sasaréan. Ari hudang isuk-isuk, kudana jeung barang-barangna geus teu aya, dipaling. Kagét ki sudagar sarta susahén réh kacilakaan sakitu gedéna. Tuluy ngadeuheuskeun ménak didinya, nguningakeun lampahna katiwassan. Barang kadangu pihaturna ki sudagar. Ménak téh ngalahir: bongan manéh naha henteu mondok di imah soldadu. Lamun mondok didinya, barang-barang manéh mowal leungngit. Ngawalon ki sudagar téh: nu matak kuring datang ka henteu siyeun mondok di sagala enggon, sajerroning pepengkeurran gamparan, kusabab jaman baheula urang diyeu taya anu wani maling, ngarampas, tina kencengna paréntah gamparan.
Pihatur éta sakitu, ngeunah kadangnguna ku ménak téh, lajeng nyaur ka ki sudagar téh: hadé tatapi peuting ieu manéh kudu mondok deui didinya baé. Ki sudagar ngalampahkeun sacindekna. Ari isuk2 hudang, dijieun kuda geus dicangcang deui dina tangkal kai urutna tadi, sarta anu maling geus digantung dina dahan éta kai.
lamun kabéh jalma maling, digantung baé hukumna, sakabéh dahan kai téh, runtuy jadi panggantungngan, cara ngélét titiran, tatapi lamunna kitu, lain hukum kaadilan.